Langit Lenglang Dibaturan Caang Bulan

 

Sora
     gamelan nuturkeun haleuang tetembangan,

unggal peuting
matak waas dedengean,

di lingkung
karaton ngabaturan nu gogolehean,

ngaleupas kacape
sapopoe gawe papanasan. 

 

Langit lenglang
dibaturan caang bulan,

nyanghareupan
gunung panyumputan bulan,

nambah endah
peuting Nagri Pajajaran,

sawargana urang
sunda kahiyangan. 

 

Kerep kuring
milu maturan,

milu ngarasakeun
kaendahan,

jeung Baduga ti
Pajajaran,

jalma gagah
rongkah nu resep kaendahan.

 




      

Kirim email ke