Istuning Ujud Jalma Nu Jarang Aya
Raja-raja
laleutik jadi kabita,
menta ngahiji
teu kudu dipenta,
ceuk saha
maranehna milu bari dipaksa?
Ukur ku ucap
Baduga maranehna tumarima.
Lila-lila
Pajajaran beuki gede pangaruhna,
jalma
ngarumpuyuk ukur ngadenge ngarana,
komo mun
mireungeu Siliwangi cumarita,
teu saeutik
oge boga pikiran teu sarua.
Ti Banten
meuntas ka Sumatra,
ngaran silih
wawangi tarik pohara,
ngajak ngahiji
ukur ku sipat nu wicaksana,
teu make
nyingsieunan bari ngarogahala.
Ti Sumatra
meuntas ka Malaya,
seungitna
mimiti karasa,
matak serab nu
nempona,
matak asih nu
mikanyaahna.
Lain teu bisa
aniyaya,
lain teu bisa
make cara maksa,
Siliwangi
milih jalan wicaksana,
ukur ngageuing
ngahiji ku carita.
Hiji carita nu
hese dipopohokeun,
carita raja
gede ti Tatar Sunda,
nu kungsi
meberkeun pangaruhna,
nepi ka nagri
di Malaya.
Nu mere teu
kaleked merena,
istuning ku
suka kanu keur ngawasa,
harta nu
kakumpul datang teu kira-kira,
beuki nambahan
gede kakawasaana.
Siliwangi geus
kitu tidituna,
boga elmu
luhung titadina,
boga sipat
mulya timimitina,
istuning ujud
jalma nu jarang aya.