Ieu Geus Wayahna

 

Duh
     gusti sim kuring sono ka manehna,

inget kana
kasaean sipatna,

inget kana
kabersihan hatena,

tepangkeun
abdi engke di sawarga. 

 

Kajeun lain
manusa anu sampurna,

namung seueur
saena batan awona,

muga sakabeh
turunanana,

ngado’akeun
Baduga salamet mayunan Nu Kawasa. 

 

Baduga,akang
tetep nyepeng amanah salira,

anjeun murid
nu geus dianggap sobat ku kaula,

akang tetep
ngarasa kaleungitan nepi ayeuna,

kaleungitan
jalma nu sakitu daria na. 

 

Geus lila
akang teu tandang ka alam manusa,

kakara ayeuna
akang meunang gerentes ieu geus wayahna,

jang nedunan
jangji akang harita. 

 

Aya hiji jalma
nu dibejakeun harita,

kajeun beda
tapi loba tanda-tanda nu sarua,

geus meunang
hese cape mamatahana,

geus meunang
hese cape mere tanda ka manehna. 

 

Geus seubeuh
dibeubeutkeun,geus seubeuh disangsarakeun,

geus seubeuh
dinyerikeun,geus seubeuh ku batur dipiceun. 

Istuning ngarah sayagi dina
ngalakonkeun,

carita nu ku
akang geus lila di handeuleumkeun. 

 

Dipanungtungan
umur akang ayeuna,

ieu jalma geus
dititah ku akang ngamimitiana,

dibarengan ku
batur-baturna,

nedunan jangji
amanat akang ka salira. 

 

Di mimitian ku
menta ka Nu Kawasa,

sunda bakal
ngahiji ku manehna,

bakal harudang
ku manehna,

ukur make
carita jiga salira. 

 

Teu kudu
hariwang kana kakuatana,

kakuatan nu
datang ti Nu Kawasa,

moal aya nu
bisa nandinganana,

mun manehna
panceg muntang ka Nu Kawasa.

 




      

Kirim email ke