biasana... eta teh nyaritana mah kudu nyairkeun heula duitna di BANK, atawa kudu nguruskeun heula "naon2na", tah keur nguruskeun teh pasti butuh duit nya...?? eta tah anu ngke bakal dipenta ka korban... pernah ka abdi oge aya nu ngimel siga kituw... cenah manehna meunang warisan sakian dollar, warisanana disimpen di bank, ngan manehna teu bisa nyairkeun warisanana kusabab sababaraha alesan, cenah kudu aya duit sakitu2... manehna menta bantuan ka urang... ngke mun warisanana cair.. urang bakal dibere sakian persennn.. kituw sigana mah kang...!!
-panzi- > Dulur sadaya, teuing geus sabaraha kali kuring narima email model kieu, > loba macem caritana, aya nu nyarita meunang lotre lah, aya nu pura2 anak > dokter nu boga deposito jutaan USD ngan teu bisa nyokot ka bank sabab keur > di panampungan perang di afrika, aya nu ngaku urang arab indung bapana > paeh hayang neruskeun kahirupan di tempat kuring cicing. ujung-ujungna > maranehna hayang neransfer (ngirim) sajumlah duit ka kuring. > Ceuk akal, maranehna pasti bohong, rek nipu kuring, maenya ka kuring jalma > saliwat langsung percaya, jadi tara pati dilayanan. > Ngan kuring can kapikiran, cara engkena nipu kuring bakal kumaha nya? > Pami aya nu terang urusan perbank kan, rek nipu kuring siga kumaha nya? > Hatur nuhun > Baktos- > > --- On Sun, 10/26/08, Irish News Centre <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > From: Irish News Centre <[EMAIL PROTECTED]> > Subject: Confirm Your Won Amount > To: [EMAIL PROTECTED] > Date: Sunday, October 26, 2008, 4:49 AM > > You have won £750, 000.00. > > Contact Mr Derek White with the following information. > > Name,Address,Age,Occupation,Country > > Email:[EMAIL PROTECTED] > > >

