Sami Kang Dadi, ka sim kuring oge tiap dinten aya 3-7 email nu ngawartosan bahwa abdi kenging lotre, kenging hibah, ti keluarga raja, ti keluarga nu kecelakaan pesawat di Afrika, ti keluarga nu gaduh perusahaan minyak di timur tengah, terkadang abdi bingung, naon maksudna, rek ngabobodo, piraku, jauh2 ti Afrika ka Indonesia, Di Afrika oge seueur pisan rahayat nu kakirangan, naha bet jajauhanan ka Indonesia, sok araraneh... Mudah2an eta jalmi nu iseng teh sing dienggalkeun tobat sareng disadarkeun manahna, yen kalakuan nana teh ngaganggu. Amin
________________________________ From: Dadi Kurniadi Dulur sadaya, teuing geus sabaraha kali kuring narima email model kieu, loba macem caritana, aya nu nyarita meunang lotre lah, aya nu pura2 anak dokter nu boga deposito jutaan USD ngan teu bisa nyokot ka bank sabab keur di panampungan perang di afrika, aya nu ngaku urang arab indung bapana paeh hayang neruskeun kahirupan di tempat kuring cicing. ujung-ujungna maranehna hayang neransfer (ngirim) sajumlah duit ka kuring. Ceuk akal, maranehna pasti bohong, rek nipu kuring, maenya ka kuring jalma saliwat langsung percaya, jadi tara pati dilayanan. Ngan kuring can kapikiran, cara engkena nipu kuring bakal kumaha nya? Pami aya nu terang urusan perbank kan, rek nipu kuring siga kumaha nya?

