Simkuring hirup dipasisian Bandung ti dijurukeun tepi ayeuna, asana teu aneh
kana babasan eta. Eukeur mah saturunan tukang tani, mun ulin ka kebon usum
bonteng sok ngahajakeun mekel kurupuk atawa Er'o (kurupuk leutik kawas kemplang
ngan liangan tengahna saperti donat) sababaraha toros/bungkus. Kulantaran
dalitna bonteng jeung kurupuk sigana aya babasan eta teh,....muhun sigana!
Naonya, ngahudang rasa lapar kitu?
Kitu oge kalapa jeung gula, mun rek nyieun sabangsaning bugis, awug jeung nu
lianna nu dijerona make campuran kalapa jeung gula (enten ngarana dikulawarga
kuring) sok diheureuykeun mun rek ngadaharna. Tapi ngedalkeun kitu babasanna
oge ngan ukur dina kondisi nu pas....jadi paling saleuri koneng atawa bisa
dipake ngabibita supaya si semah/tamu jadi daek ngopi susuguhan nu boga imah.
Aya deui babasan nu rada jorang atawa matak geuleuh lainna, misalna:
1. Jrot...euh atawa crot euh : sabangsa bugis nu jerona enten (kalapa+gula),
pedah pas digegel pas bitu. Mun teu ati-ati bisa kamanda-mendi si enten eta.
2. Keur Lumeho : kalapa ngora atawa dewegan nu daging kalapana masih leueur
keneh saperti leho atau polo (umel basa keur budak?), ingus bahasa malayuna mah
mun teu salah.
Kasimpulanana kecap-kecap atawa babasan eta memang aya utamana keur nu sok loba
heureuy/guyon, bisa jadi US nu hade basa mah moal uninga, nu leuwih wanoh
sigana loba urang pasisian saperti kuring.
Tapi kang Yuliadi mah da urang kota...? Hehe...beunghar vocabna!
haha...tengah dinten nya kang?
porenges
Halah siah meni reumbeuy tandatanyana. .
Tah ayeuna tos janten uninga..
Mangga ulah asa-asa geura cobian, komo tengah dinten.