hal ieu jigana lain masalah, urang pasisian jeung urang kota. tapi leuwih ka
nu ngora jeung nu kolot. kuring salaku (rarasaan mah) budak rada kolot urang
sisi, geus urang sumedang dicoret deuih, can pernah make/ ngagunakeun
istilah-istilah ewe-deet ewe-jero, ari lumeho mah masih osok asana.

On Wed, Oct 29, 2008 at 9:11 PM, brad porenges <[EMAIL PROTECTED]>wrote:

>
> Simkuring hirup dipasisian Bandung ti dijurukeun tepi ayeuna, asana teu
> aneh kana babasan eta. Eukeur mah saturunan tukang tani, mun ulin ka kebon
> usum bonteng sok ngahajakeun mekel kurupuk atawa Er'o (kurupuk leutik kawas
> kemplang ngan liangan tengahna saperti donat) sababaraha toros/bungkus.
> Kulantaran dalitna bonteng jeung kurupuk sigana aya babasan eta
> teh,....muhun sigana! Naonya, ngahudang rasa lapar kitu?
>
> Kitu oge kalapa jeung gula, mun rek nyieun sabangsaning bugis, awug jeung
> nu lianna nu dijerona make campuran kalapa jeung gula (enten ngarana
> dikulawarga kuring) sok diheureuykeun mun rek ngadaharna. Tapi ngedalkeun
> kitu babasanna oge ngan ukur dina kondisi nu pas....jadi paling saleuri
> koneng atawa bisa dipake ngabibita supaya si semah/tamu jadi daek ngopi
> susuguhan nu boga imah.
>
> Aya deui babasan nu rada jorang atawa matak geuleuh lainna, misalna:
>
> 1. Jrot...euh atawa crot euh : sabangsa bugis nu jerona enten
> (kalapa+gula), pedah pas digegel pas bitu. Mun teu ati-ati bisa
> kamanda-mendi si enten eta.
>
> 2. Keur Lumeho : kalapa ngora atawa dewegan nu daging kalapana masih leueur
> keneh saperti leho atau polo (umel basa keur budak?), ingus bahasa malayuna
> mah mun teu salah.
>
> Kasimpulanana kecap-kecap atawa babasan eta memang aya utamana keur nu sok
> loba heureuy/guyon, bisa jadi US nu hade basa mah moal uninga, nu leuwih
> wanoh sigana loba urang pasisian saperti kuring.
> Tapi kang Yuliadi mah da urang kota...? Hehe...beunghar vocabna!
>
> haha...tengah dinten nya kang?
>
> porenges
>
>
> Halah siah meni reumbeuy tandatanyana. .
> Tah ayeuna tos janten uninga..
> Mangga ulah asa-asa geura cobian, komo tengah dinten.
>
>
>
>  
>



-- 
d-: dudi herlianto :-q
~sok ngawaraduq sugan wé jadi gas bulao~

Kirim email ke