Ke...ke...hapunten ki Nong.... Ieu mah bisi kuring nu kurang wawasan Sumpah Palapa jeung Cirebon teh geus beda jaman Pajajaran masih Prabu Wangi nu ngarajaan Ramana Dyah Pitaloka Nu perlaya di peperangan Siliwangi lain Prabu Wangi Siliwangi pituin incu Prabu Wangi Sri Baduga Maharaja nu katelah Nu ngahijikeun deui sunda nu baheula misah Cirebon nu ngarajaan Syarif Hidayatullah Sunan Gunung Jati anu katelah Nu nyebarkeun Islam di tatar pasundan Pamohalan mun ukur ngudag kakawasaan Wassalam, Sukma Alam Brata Wijaya
--- On Mon, 10/27/08, Nong Gerak <[EMAIL PROTECTED]> wrote: From: Nong Gerak <[EMAIL PROTECTED]> Subject: [Urang Sunda] (Serat: 117)(SILIWANGI & KI SANTANG)_Istuning Melang Ka Rahayat To: "urangsunda" <[email protected]>, "baraya_sunda" <[EMAIL PROTECTED]>, "kisunda" <[EMAIL PROTECTED]> Date: Monday, October 27, 2008, 5:11 AM Istuning Melang Ka Rahayat Aya patih nu nyieun sumpah ka nagarana, arek ngahijikeun raja-raja nepi ka Sumatra , ngan hanjakal kahalangan ku Nagri Pajajaran, nu kawentar dipingpin Siliwangi raja pasundan. Arek ngahaja ngajak peperangan, geus kasawang moal bakal meumeunangan, eta patih neangan jalan, jang ngaruntuhkeun raja Pajajaran. Antugna kapikir hiji jalan, jang ngarusak Pajajaran, make cara niupkeun hasudan, ka dulurna nu deukeut jeung wetan. Kapilih hiji kasultanan, cirebon dihasud ngarah menta pipisahan, dibibita rek dibere kakawasaan, nu bisa ngarawu sakabeh Pajajaran. Harewos niat nepi ka Banten di kulon, nu boga patali deukeut sawewengkon, sarua dibibita ngawasa bagean kulon, istuning beunang dibibita jiga budak bolon. Dibantuan ku wadia balad ti wetan, didorong ku baladna ti pakidulan, dayeuh Pajajaran ditingker ku lobaan, rahayat dayeuh kacida ngahelas beakeun bebekelan. Siliwangi ngaheruk nempo balangsakna dayeuh Pajajaran, batinna peurih na bet dulurna ngahianat, nu salila ieu teu disangka geuning boga goreng niat, ukur kabita hayang meunang leuwih kawasa sakolepat, nepi tega nyieun balangsak rahayat. Batan kudu balitungan sakabeh dulur, batan kudu ngajadikeun Pajajaran jadi teu akur, Siliwangi milih mikir jeung tafakur, Siliwangi milih jalan mundur. Mundur ti pakalangan lain teu ludeung, lumpat ti dayeuh lain ku keueung, istuning melang ka rahayat nu bakal silih sigeung, sieun rahayat nepi ka adu regeng. Carita mimiti nepi tungtung, hiji raja anu luhung, milih miceun kangkalung, batan kudu kaduhung.

