Istuning Melang Ka Rahayat

 

Aya
     patih nu nyieun sumpah ka nagarana,

arek
ngahijikeun raja-raja nepi ka Sumatra,

ngan hanjakal
kahalangan ku Nagri Pajajaran,

nu kawentar
dipingpin  Siliwangi raja pasundan. 

 

Arek ngahaja
ngajak peperangan,

geus kasawang
moal bakal meumeunangan,

eta patih
neangan jalan,

jang
ngaruntuhkeun raja Pajajaran. 

 

Antugna
kapikir hiji jalan,

jang ngarusak
Pajajaran,

make cara
niupkeun hasudan,

ka dulurna nu
deukeut jeung wetan. 

 

Kapilih hiji
kasultanan,

cirebon
dihasud ngarah menta pipisahan,

dibibita rek
dibere kakawasaan,

nu bisa
ngarawu sakabeh Pajajaran. 

 

Harewos niat
nepi ka Banten di kulon,

nu boga patali
deukeut sawewengkon,

sarua dibibita
ngawasa bagean kulon,

istuning
beunang dibibita jiga budak bolon. 

 

Dibantuan ku
wadia balad ti wetan,

didorong ku
baladna ti pakidulan,

dayeuh
Pajajaran ditingker ku lobaan,

rahayat dayeuh
kacida ngahelas beakeun bebekelan.

 

Siliwangi
ngaheruk nempo balangsakna dayeuh Pajajaran,

batinna peurih
na bet dulurna ngahianat,

nu salila ieu
teu disangka geuning boga goreng niat,

ukur kabita
hayang meunang leuwih kawasa sakolepat,

nepi tega
nyieun balangsak rahayat. 

 

Batan kudu
balitungan sakabeh dulur,

batan kudu
ngajadikeun Pajajaran jadi teu akur,

Siliwangi
milih mikir jeung tafakur,

Siliwangi milih
jalan mundur. 

 

Mundur ti
pakalangan lain teu ludeung,

lumpat ti
dayeuh lain ku keueung,

istuning
melang ka rahayat nu bakal silih sigeung,

sieun rahayat
nepi ka adu regeng. 

 

Carita mimiti
nepi tungtung,

hiji raja anu
luhung,

milih miceun
kangkalung,

batan kudu
kaduhung.

 




      

Kirim email ke