mimiti maca Bulan Alaeun sajujurna kuring teu patos paos maksad nu aya dina eta 
sajak.
Nu ka simak ku kuring nyaeta kahirupan di pilemburan nu dirandapan ku Abah 
jeung Ambu, eta oge maksakeun hoyong terang.
Saatos maca Si Inji, nembe kabuka.., tadina mah jiga maca tafsir Qur'an tapi 
bari teu maca asbabun nuzulna. 
Maklum sim kuring deet pangarti ku basa indung, teu pernah mikhusus diajar basa 
sunda, kumargi eta ngawanikeun lebet ka KUSNET da hoyong
janten langkung ngartos. 

Sim kuring lahir di puser tatar sunda bandung, pakotaan, teras ngulamprah 
nguriling ka wilayah2 indonesia dugi ka terakhir mah di Sulut, lajeng
ngalih ka Garut. Di Garut opat tahun teu wantun ngaggo basa sunda upami mayunan 
jalmi di forum. Malih mah kuring disangki urang pentas lain urang sunda.

Miskin referensi sareng lingkungan nu ngabentukna ngajadikeun letah hese ngucap 
basa sunda nu bener..

Hebat pisan ieu sajak Kang Sarabunis teh, dua jempol kanggo akang!!! Pahlawan 
Basa!

Punten bilih aya nu teu merenah tulisan ieu, mangga we koreksi (Kang Kumi 
deui..) ditampi ku kalayan kabingahan.., heeu.

IT - di Garut kantos tepang jeung Kang Wawan (sapaliheun kamar kost) lulusan 
Sastra Sunda UNPAD, emut saur anjeuna yen basa sunda teh beunghar ku 
gramaticalna langkung2 ti basa inggeris ceunah.

 

________________________________
From: Sarabunis Mubarok <[EMAIL PROTECTED]>
To: [email protected]
Sent: Friday, October 31, 2008 2:49:16 AM
Subject: [Urang Sunda] Si Inji : ASIA SATIRA


NGENAAN SAJAK BULAN ALAEUN
 
Basa nulis ieu sajak, kakandungan pamajikan teh nincak 7 bulan. Kulantaran aya 
pasanggiri di PPSS, satuluyna eta sajak dikirimkeun marengan 4 sajak lianna. 
Lep we poho kana eta sajak teh, uing kaburu pabeulit jeung katagiwur nungguan 
lahirna si utun inji.
 
pasosore tanggal 12 bulan puasa, sapoe memeh si Inji lahir, uing ditelepon ku 
Teh Heni ti PPSS, cnah sajak uing asup nominasi, isuk uing kudu datang ka 
Rumentang bari kudu maca puisi. Uing nyanggupan, da ceuk bidan pamajikan teh 
ngajuruna kana magrib atawa paling elat peuting, jeung deuih pamajikan oge 
ngajurungkeun. Pokna teh ceunah, geus konsekwensina boga salaki penyair mah.
 
Nepi ka jam 9 peuting , pamajikan poporengkelan nahan kanyeri, uing tagiwur teu 
puguh. Tadina mah mun geus brol salamet, rek mangprung ka Bandung. Ngan 
ditungguan tepi ka Jam 11 peuting can lahir keneh.
 
Jam 1 peuting, kang Godi ngaSMS, nanyakeun geus indit acanna ka Bandung. Uing 
ngan bisa ngaheruk, da mun kongang mah ti sore keneh ge geus hayang 
sajleng-jlengeun naek kana beus ka bandungkeun. Bebeja kitu teh, kang Godi 
kalah nyarek indit, keun cnah dipangtamadakeun ka Ceu Eti saparakanca di PPSS 
mah. Ieu mah urusan nyawa, urusan tanggung jawab nu jadi bapa.
 
Ti tas SMSan, uing ngahuleng sorangan, pamajikan teu reureuh poporengkelan 
nahan mules rek ngajuru. Basa apaleun uing tas SMSan jeung kang Godi, pamajikan 
kalah ngagukguk ceurik bari ngajurungkeun indit ka Bandung. Ceunah, ulah 
kahalangan ku si utun inji rek ka Bandung mah, da pada-pada tungkul kana 
konsekwensi ari hirup mah.
 
Ti dinya, lain hayang, kalah merod rencana rek ka Bandung teh. Ras inget kana 
diri, nu ngan jalma leutik nu hirup di lembur, ku bisa meunang pangajen ti 
sastra Sunda bari kaayaan diri batan sakieu, ras nempo pamajikan nu saban lima 
menit poporengkelan nahan kanyeri keur melaan si utun Inji, melaan kahayang 
boga jimating diri. Ras inget kana sajak Bulan alaeun nu keur makalanangan dina 
pasanggiri.. .
 
Cur hujan, ngagebret teu girimis heula. Kuring ngaheruk, nempo kitu pamajikan 
kalah beuki ngagukguk. Tetela ieu sajak nagih bukti. Mana nu kudu dipilih. mana 
nu kudu ditandonkeun. Teu karasa, cimata maseuhan pipi, ieu ulin hate aya ku 
rongkah.
 
Nepi ka subuh ngemitan, da kagok tas sahur heula. Sare ti ba'da subuh nepi ka 
jam tujuh, kaburu kahudangkeun ku pamajikan nu gegerungan. kasampak Indung 
jeung mitoha keur mantuan ngurutan, uing rada reugreug. Tuluy ka cai.
 
Jam salapan, pamajikan mulesna beuki rongkah, ku teu wasa nempo pamajikan, uing 
gancang ngabiur ka imah bidan, gegedor, nu nyampak salakina. Cnah bidanna di 
Rumahsakit keneh, uing maksa kudu ayeuna, bisi kaborosotan.
 
Jam 10 geus di bidan, pamajikan langsung di urus, uing lungleng kurang sare, 
jaba keur puasa. SMS murudul nananyakeun indit henteuna uing ka bandung, 
sawareh ditamadaan, sawareh teu dipalire.. Hate asa tagiwur teu puguh, saban 
menit teh pinuh ku gumuruh. Pikir teh mun budak geus lahir heg kaburu 
ngahadiran acara, rek terus mangprung ka Bandung.
 
Tepi ka lohor, can lahir keneh, uing beuki tagiwur. sms ti mana mendi 
krungkring deui. awak karasa beuki lungleng. Piraku kudu ngabatalkeun puasa 
mah. jaba poe mani moreret.
 
Satengah dua, goak teh sora orok lahir, awewe, beuratna 3kg. Alhamdulillah 
sampurna. goakna marengan sora HP ti Apip PPSS. Teu diwaro, da kaburu 
ngaadzanan si Inji. Hate teuing ku bungahna. Ngaadzanan ge nepi ka ngeclak 
cimata.
 
Sanggeus Si Inji disusukeun ka Indungna, uing kaluar ti kamar pasien, teu kuat 
nempo getih, pamajikan keur keur dijahit mulut rahimna. Uing malik nelpon ka 
Apip.. Dina telpon Apip ngabejakeun satengah dua bieu geus diumumkeun 
pasanggiri teh, bareng pisan jeung si Inji gubrag ka alam dunya. Uing jadi 
pinujul ka-1. 
 
Pamajikan dibejaan, kolot jeung mitoha barungah. Hate uing pinuh warna nempo Si 
Inji jeung indungna salamet bari sehat. Ras inget kana sajak Bulan Alaeun, uing 
gancang bebeja ka pamajikan rek ka bandung.. Bari ngusapan si Inji, pamajikan 
ngajurungkeun mani daria. Ba'da Ashar uing amitan, pamajikan nganteurkeun ku 
imut nepi ka lawang panto kamar pasien..
 
Nepi ka Bandung jam 9 peuting. Di rumentang ditungguan ku panita. Acara mah 
geus bubar. Ka ceu Etti RS pupuhu PPSS uing sasadu. Saurna, keun we etang-etang 
PPSS nyeumpal si Inji ku duit, piagem jeung buku saborondoyot.
 
Si Inji kiwari geus 47 poe, 4.6kg, 57cm. Ngaranna ASIA SATIRA. Alhamdulllah, 
sagala kokobot ti mimiti biaya Bidan, Aqiqah jeung kaperluan lainna, 
kacumponan ku sajak Bulan Alaeun.
 
Cag!
 
Salam,
Sarabunis Mubarok - Singaparna
 


      

Kirim email ke