AA: Kang Sarabunis anu Mubarok, abah teh tos kenal ka si akang teh tos rada lami oge; tapi naha ari linggih di Singaparna, nembe apal ayeuna tah; dimana atuh alamat lengkepna di spa na teh; ke upami abah pareng wangsul deui upami teu disaha saha, bde nyimpang paninten ka bumi akan Mubarok. Sasih Mei dugi Agustus 2008 kapan abah teh di Jakt- Bdg- Tsm- Mrj !
--- In [email protected], "Sarabunis Mubarok" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Nuhun kang Indra, > > Pami teu lepat kantos diposting di dieu seratan simkuring > nu judulna, Basa Sunda ceuk Sunnah Rosul. > > > Salam, > Sarabunis Mubarok - Singaparna > > ----- Original Message ----- > From: Indra Tritura > To: [email protected] > Sent: Friday, October 31, 2008 6:01 AM > Subject: Re: [Urang Sunda] Si Inji : ASIA SATIRA > > > mimiti maca Bulan Alaeun sajujurna kuring teu patos paos maksad nu aya dina eta sajak. > Nu ka simak ku kuring nyaeta kahirupan di pilemburan nu dirandapan ku Abah jeung Ambu, eta oge maksakeun hoyong terang. > Saatos maca Si Inji, nembe kabuka.., tadina mah jiga maca tafsir Qur'an tapi bari teu maca asbabun nuzulna. > Maklum sim kuring deet pangarti ku basa indung, teu pernah mikhusus diajar basa sunda, kumargi eta ngawanikeun lebet ka KUSNET da hoyong > janten langkung ngartos. > ---------------cut >

