Sarabunis Mubarok KALANGSU
bapa ngaligeuh leungiteun taneuh indung nu ngandung ngabalang saban kahayang sahéktar sawah jadi salambar ijasah bawaning anak karep buburuh ngayunkeun pacul di dayeuh anak ngabudi ku melak kulkas jeung tivi indung-bapa ngagadé seuri nyabutan jarong jeroeun ati anak rarabi boga sawah tandureun diri incu ti kota nyéréd sarakan nini-akina ngalahun gundam na satapak peucang imah panggung kaparabunan sawah di dayeuh kerep dibuat nyedekkeun paré tutueun nini akina béas beureum béas bodas ditapi ku nyiru mamaras ngabeuyeur nyawa ngagilir getih hirup kaseuseup ku hateup eurih anak-minantu incu sajubleg ceurik haliwu dua raga na gundukan taneuh nampa ijasah tetengger lemah Singaparna, 2008 Salam, Sarabunis Mubarok - Singaparna

