Ngaran mangrupakeun ciri supaya hiji jalma bisa dikanyahokeun ku jalma sejenna. Mere ngaran anak teh tanggung jawab kolotna, utamana bapa.
Ngaran nu alus pada dasarna moal mere pangaruh alus ka jalmana. Justru gawe akhlak eta jalma eta nungajadikeun alus jeung goreng ngaranna. Dina ayana pangaruh ngaran ka hiji jalma, paling oge akibat pangaruh nu mikawawuhna. Saban hate ngarekam rebuan ngaran. Malahan saban hate bisa ngarekam rebuan kali kana hiji ngaran. Saban hate nge-save hiji ngaran, atachmentna mangrupa akhlak nu boga ngaran oge karekam. Sarebu kali hate nge-save hiji ngaran, atachment akhlak nu boga ngaran oge karekam sarebu kali. Ana pon kitu, urang tetep kudu daria dina mere ngaran ka nu jadi anak. Aya nu bernafsu mere ngaran panjang, aya nu bernafsu mere ngaran nyunda, aya oge nu bernafsu mere ngaran kaarab-araban, kabarat-baratan, nepi ka kakuno-kunoan. Tapi nu pentingna mah eta ngaran henteu goreng jeung ngerakeun. Soal makna ngaranna mah, keun we eta budak sina mere makna kana ngaranna ku kahirupannana. Saur Sayidina Ali R.A. mah, ngadidik anak teh lain keur jaman anjeun, tapi kudu keur jaman eta anak engke. Saha nu nyaho, ngaran nu gaya jaman bapana ayeuna, jaman anak engke mah justru tinggaleun jaman. Salam, Sarabunis Mubarok - Singaparna

