*Manrobuka?!*
Aya hiji tukang gali kuburan keur ngagali kuburan. Kulantaran harita
panas pisan, sanggeus rengse ngagali kuburan, si tukang gali kuburan
nyiuhan di jero kuburan bari ditiungan ku daun cau. Ujug-ujug aya lalaki
jangkung gede nyampeurkeun, si horeng eta teh malaikat anu rek nanya
jalma nu geus maot.
*Malaikat*: Manrobuka?!
*Tukang ngagali kuburan*: Aduh punten malaikat, abdi mah sanes anu
maot. Abdi mah anu ngagali kuburan, nuju ngiuhan. Panas! Nu maot na
mah nuju dijalan keneh!
*Malaikat*: Ah, sugan teh maneh!
Saminggu ti harita, tukang ngagali kuburan kacilakaan, terus
dikuburkeun. Geus sababaraha poe dikubur, naha euweuh wae malaikat anu
nanya, pikir si tukang ngagali kuburan. Kabeneran ti kajauhan katingali
aya malaikat anu kamari salah nanya. *Malaikat! *gero si tukang gali.
*Malaikat*: Aya naon hey tukang ngagali kuburan?
*Tukang ngagali kuburan*: kunaon abdi teu ditanya?
*Malaikat*: Ah maneh mah minggu kamari oge ngaheureuyan kuring,
pura-pura paeh!
*Tukang ngagali kuburan*: ???????? O:-) O:-) O:-) ... *Gubraaaaaaaak*