Keur mitembeyan ngeusian ieu tempat, ngahaja nuliskeun artikel saperti dihandap 
ieu :
Gusti .......  geuning umur abdi teh ngolotan, teu karaos ujug-ujug terang tos 
kieu we, tanaga ngirangan kalah beuki suda, buuk mah tos puguh, sanes paselang 
deui antara hideung jeung bodas, ayeuna mah meh rata bodas teh pacampur jeung 
hawuk.
 
Careham ge nungtutan coplok ku maneh, nu nyesa ukur tuturusna, kitu ge tos teu 
mampu deui pikeun nyapek nu rada teuas, hiji-hijieun aya nu walagri keneh ge, 
saeutik-saeutik marekplekan, sisina heula, lami-lami ngalegaan ka beh tengah.
 
Mondok tos teu kaur reup, ayeuna mah, ku seringna pulang anting ka paturasan, 
ngadon miceun jeung kahampangan, beser teh sanes babasaan, estu kaalaman ayeuna.
 
Panuyun Nabi, mun pareng mondok teu tibra teh, gunakeun saurna  pikeun qiyamul 
lail, sanes……, sanes teu emut eta ge, nanging diri pinuh ku kokotor keneh, 
rereged nafsu dunyawiyah nyangkaruk keneh na hate, malah pasolengkrah jeroeun 
dada. Waktos pikeun qiyamul lail teh udag-udagan jeung nongton maen bola.
 
Memeh madep kapayuneun Gusti, kahoyong mah meresihan hate heula, da piraku mun 
abdi madep teh jiwa raga masih lamokot dosa, teu sae mayunan Gusti dina kaayaan 
abdi nu masih keneh jiga kieu.
 
Sok sanaos, saur Gusti dina Al Qur-an, surat Al baqarah ayat nu ka 222 :
 
Innallaaha yuhibbut tawaa biina wa yuhibbul mutathah hiriin
 
Saestuna Allah mikacinta jalma-jalma anu tarobat sareng mikacinta jalma-jalma 
anu suci.
 
Atanapi dina surat An Nur ayat nu ka 31 :
 
Jeung mangka tarobat anjeun sakabeh ka Allah, he..… jalma-jalma anu ariman, 
supaya aranjeun meunang kauntungan.
 
 
 
Ari nu janten marga lantaran, mun ditataan gemet, satincak saparipolah ti awit 
abdi sawawa, tug dugi ka kiwari, sangkan manjing timbanganana, beurat mana 
beurat mendi, mun ditimbang di Yaumal jaza, jaga. 
 
Asana teu aya pupurieunana pisan, teu kedah dietang ku para malaikat, utusan 
Gusti, anu pamohalan kaliruna, ieu mah etangan jisim abdi wae, nu sok masih 
keneh hoyong genahna tea, natrat katingali, malah eces, dengdek  na teh seueur 
ka kenca.
 
Nya kitu deui, ibadah abdi ka Gusti, upami ditataan mah, teu aya juru-jerena - 
juru-jerena acan, asa pamohalan kana ditampi, mun tea mah teu aya rahmat Gusti, 
Anu Maha Welas Asih tur Maha Heman ka makhluq-Na, jigana jisim abdi teh ngan 
wungkul jadi caduk naraka. 
 
Sanes........, sanes wungkul pedah panggoda setan laknatullah, atanapi 
pangbibita iblis, da eta mah tos ebreh, natrat, nu puguh mah nafsu we nu teu 
weleh dipiara, dimumule, sina nyangkaruk dina kalbu. Sangkan batur jenuk 
balarea ngauluh-uluh salalawasna, paling copel matak hookeun nu lian.
 
Hapunten Gusti......., saur Nabi ge, nu kitu teh kapan riya tea, hoyong 
katangar, pada ngabageakeun ku batur salembur, sanes deuih...... sanes teu dugi 
panggeuing ti Nabi ka jisim abdi, malah ku pun biang ku pun bapa ge, tos 
karuhan ku para ulama ge, nu janten warasatul anbiya, panggeuing mah teu 
kirang-kirang, mung ieu hate, estu teuas tanding batu.
 
Hoyong...., hoyong pisan malah, jisim abdi madep ka payuneun Gusti teh, nanging 
sateuacanna, hoyong nembrakkeun heula kaabot hate, hoyong meresihan heula diri, 
pedah kamari seueur teuing ngagugulung dosa sareng kalepatan.
 
Komo nu dipikapaur teh, sieun aya tincak sareng lengkah nu harib-harib midua 
Gusti, alatan jisim abdi nu teu sadar, malah teu mustahil dilakukeunana bari 
pinuh ku kasadaran.
 
Nu mawi, dina mitembeyanana madep ka Gusti teh, jisim abdi neda sih hapunten-Na 
tina samudaya kalepatan sareng kaluluputan, ti awit jisim abdi nincak sawawa, 
tug dugi ka danget ieu, tos puguhing nu teu karaosna, da ieu mah seuseueurna 
ge, nu karaosna pisan, malah seueur nu bari dihajana pisan.
Da saleresna atuh, upami teu aya rahmat Gusti, jigana..... jisim abdi mah 
kalebet ka jalmi nu pangrugi-rugina, boa janten eusi naraka-na ge beh ditueun 
ti kerak na. 
 
Oge dina ibadah, tadi ge dipayun disebatkeun, teu satai-kukueunana, ari 
margina, teu ngabibisani, seueur ibadah anu dilakukeun teh estuning ngan ukur 
puraga tamba kadenda we wungkul, shalat ge pimanaeun khusyu teh, atuh 
tartib-tartib we heula-anan, teu acan...., teu acan dugi jigana. 
 
Bari apal kituna teh, kana tungtunan Nabi, margi kapan saur Nabi ge : “Mun 
anggota badanna teu daek khusyu, hatena ge mo jauh ti kitu”. saurna teh.
 
Tapi, hih... da keukeuh we dipaju deui, dipaju deui, shalat teh ngan ukur 
acong-aconganana wungkul, inti-sari na mah duka teuing disimpen dimana.
 
Aya eta ge usaha hoyong khusyu shalat teh, boh nu wajibna nya kitu deui nu 
sunatna, tapi sanes keur munfarid kituna teh, tapi mun bade berjamaah, ngarah 
katingali batur yen abdi shalatna bangun nu khusyu tea, padahal hate mah kamana 
boa cus-cosna.
 
Hoyong katangar batur we wungkul nu puguh mah, ngarah katingali khusyu, padahal 
kapan saur Gusti ge, shalat nu samodel kieu nu bakal dipalengpengkeun kana 
beungeutna, jaga teh. 
 
Malah embohna, mun pareng ku jamaah dipercanten jadi imam deuih, nu sok sering 
hoyong kapeunteun khusyu teh, mani ngahaja shalat teh ditartib-tartib, 
tumaninah sing nepi ka katingali tumaninahna, bacaan shalat ge ngahaja ku abdi 
teh dianca-anca sangkan katingali tartibna. 
 
Malah lebah bacaan surat mah ngahaja di rorompok teh, ngapalkeun surat-surat nu 
rada panjang, da aya harepan mun waktosna engke ngimaman, maca surat anu 
panjang mah, sok pada ngeuleuh-ngeuleuh tea.
 
Dina waktos Jumaahan mah komo deui, ti awal keneh abdi teh mandi beberesih, 
diangir sagala, da kitu sunatna saur Nabi, teu hilap malah diminyak seungit 
sagala. 
 
Tapi ana jung teh ngalengkah, lagu paamprok sareng dulur-dulur abdi, nu masih 
keneh kukurilingan milarian pangupa jiwa, eta hate teu tiasa dipaling, make 
jeung sok ngagerentes, aing mah geus jung indit Jumaahan, na ari ilaing, kalah 
kukurilingan keneh neangan sahuap sakopeun, neangan keneh teureuyeun. Dasar 
caduk naraka.
 
Padahal kapan saur Gusti ge, saha nu terang malah itu nu janten pangawasa 
surga-na, jisim abdi mah bagean caduk naraka-na, kumargi hate tos wantun 
milah-milah nu janten hak prerogatif Gusti. boa teuing itu mah ditungguan ku 
anak pamajikan nu keur barongkeakan, nungguan nu keur usaha, sedeng abdi ngan 
ukur boga angkeuhan wungkul. Asa aing nu bakal ka sorga teh, henteu deungeun, 
aku-aku angga. 
 
Shaum, nya kitu keneh, boh shaum wajibna pon nya kitu nu sunatna, da mung ukur 
janten angkeuhan wungkul nu puguh mah, pedah nuju shaum, ngarah katangar batur, 
siga jalma shaleh, padahal hate mah Gusti ge uninga. 
 
Buktina we geura mraktekkeun hadits ge janten tibalik lemah, pedah saur Nabi : 
“Sarena nu keur shaum, sarua jeung ibadah”. Da kolu atuh jisim abdi mah, sapoe 
jeput ngagoler gegelehean ngadon sare, malah tepi ka emper masjid jiga kitu,  
jeung sok bari agul deuih kitu na teh, ditembong-tembong kanu lian, geura yeuh 
tingali kulit beuteung abdi, nepi ka meh adek kana tulang tonggong, alatan keur 
puasa.
 
Komo shaum sunat mah, kimpel ngagebleg hoyong katangar teh, da eta we shaum 
Syawal nu genep dinten tea, da ceuk nafsu mah, ku hoyong unggal jalma 
terangeun, yen abdi nuju shaum Syawal.
 
Aya weh nu sanes ngomentaran : “Emh..... Bagja temen salira mah, parantos tiasa 
ngalaksanakeun shaum Syawal, kapan sami eta teh sareng shaum sataun campleng, 
saur Nabi ge”.
 
Ngucapkeun Alhamdulillaah mah leres bari digerendengkeun, tapi da karaos ku 
sorangan oge, cukang irung mah ngabeukahaanana, langkung ti meber.
 
Shaum Daud nya kitu keneh, satadina mah emut kana tungtunan Nabi dina sunnahna, 
saur nabi : “Uhyuu quluu bakum biqillatidh dhahki wa qillatisy syab ‘i wa thah 
hiruuhaa bil juu ‘i tash fuu wa taraq qu”. 
Obahkeun hate aranjeun, ulah loba teuing seuri jeung seubeuh teuing, sucikeun 
ku ngarasa lapar, tanwande hate aranjeun bakal bersih tur lemes.
 
Dina hadits nu sanes malah dijentrekeun ku Nabi : “Sing saha nu sering 
ngalaparkeun beuteungna, hartina sering shaum, tanwande pikiranana caang jeung 
qalbuna cerdas”.
 
Bari ditataan geuning, rupi-rupi shaum sunatna, ti awit Shaum Senen – Kemis, 
Shaum Syawal, Shaum tiap tanggal 13, 14 sareng 15, oge Shaum Daud-na, Shaum anu 
selang-sekar tiap dinten. 
 
Anu dipilih ku jisim abdi dina danget ieu teh, shaum Daud tea, ari akuan mah 
leres tos lami pisan, nincak genep taun jalan panginten dugi ka wangkid  ieu 
teh.
 
Tapi da aneh atuh jisim abdi mah, nu masih keneh kandel hayang katangarna ku 
batur tea, malah sok aya rasa agul dina hate, mun sakalieun aya nu naros : “Tos 
sabaraha lami salira ngadawamkeun shaum Daud teh ?” Ngawaler ge sok rada bari 
jeung semu agul diri teh : “Genep taun dugi ka danget ieu teh, 
alhamdulillah……”   
 
Alhamdulillah mah leres ku jisim abdi teh diucapkeun, tapi da eta, hate mah teu 
kapalingan, nalika nu naros ngauluh-uluh mah, hate teh ngagerentes : ”Aing 
tea……………”
 
Munggah haji ge teu bina ti kitu, estu hoyong katangar ti awal keneh mula, ti 
memeh jung keneh ge, ondang-ondang ngahaja maparin iber ka tatangga, yen jisim 
abdi kalih pun bojo aya niat ngalaksanakeun ibadah haji, lisan mah kitu, tapi 
ieu hate teu kapalingan, sugan we jaga samulangna ti ditu, ka jisim abdi seueur 
nu nyebat Pa Haji, sangkan katangar, yen diri tos aya dina jalan kashalehan, 
mun henteu nyebat diri geus shaleh ge.
 
Dongkap teh ka Mekah nya kitu keneh, ngahaja di Multazam ngadon ngado’a 
kapayuneun Gusti harita, margi kapan saur Gusti, Multazam teh salah-sahiji 
tempat, lamun dipake ngado’a, do’ana bakal langsung diijabah.
 
Jisim abdi ge kitu, di Multazam teh ngadon ngado’a, hoyong bisa pidato harita 
teh, margi ti lemah cai keneh jisim abdi mah harita, boro-boro bisa pidato, 
sakalieun kedah nyarios payeuneun adi-adi katut dulur-dulur ge teu metu, da 
tuur kabujeng ngeleter, lilinieun.
 
Janji Gusti henteu mencog, do’a jisim abdi tinekanan, da aneh mulang ti Mekah 
teh, enyaan bisa pidato, najan teu jiga batur ge pidatona, ari nu jadi marga 
lantaran, pidato jisim abdi mah dugi ka ayeuna ge, angger, ukur dibaca, teu 
acan robah.
 
Jaba aya embohna, mulang ngado’a di Multazam teh, ayeuna mah make jeung bisa 
ngajar di sakola, nangtung di payuneun kelas, jeung para mahasiswa sagala,  da 
tadina mah boro-boro ngajar sagala,  tadi ge disebatkeun, sakalieun sasanggem 
ukur jeung dulur sareng baraya, kesang tiis mah tos mayunan ngagarajag 
saawak-awak.
 
Komo mun satutasna pidato, nalika turun ti mimbar aya jamaah nu ngauluh-uluh, 
bari sareng pokna muji teh, najan lisan nu kaluar mah : Alhamdulillah…., tapi 
da natrat, rengkak katut polah mah, persis jiga nu keur ngucapkeun : “Aing 
tea…….  
 
Padahal kapungkur mah, salah saurang shahabat Nabi, nalika lungsur ti mimbar 
bari naros ka para shahabat anu sanesna : ”Kumaha pidato kuring bieu ?” ukur 
naros kitu, padahal mah.
 
Pan pada ngarentog, yen ucapan sapertos kitu teh kalebet riya, pedah hoyong 
kenging komentar, bari teu acan tangtos hoyong katangar anjeunna mah, pan 
enggal teras taubat ka Salira, bari teras ngusrukkeun anjeun, ngadon nyuuh 
ngumbar cisoca ka payuneun Gusti.
 
Ari jisim abdi harita, ........... akh teu rengrot-rengrot, boro-boro ngumbar 
cimata, pimanaeun bari jeung nyuuh sagala, kalah beregegeh nu puguh mah, legeg 
nu ieu asa aing uyah kidul tea, langkung ti riya jigana, nu kieu mah.
 
Allaahu Akbar !, hapunten abdi Gusti............
 
Eta teh nu karaosna wungkul tos sakitu, nu teu karaosna ku jisim abdi mah, 
jigana langkung ti kitu. Salaput sirah kawasna. Enyaan mun ngetang sapertos 
kitu mah, teu pantes mun jisim abdi miharep surga ka payuneun Gusti teh.
 
Teu acan kaetang, nu hubunganana sareng sasama mah, boh sareng papada jalma, 
sareng tatangga, sareng dulur-dulur, sareng baraya nu deuheus, nu laer, sareng 
nu saiman nu saikhwan, atuh beh dituna sareng papada makhluq.
 
Ngaleuya kalepatan teh, natrat, ti awit nu kenging katugenah alatan kalakuan 
sareng talajak jisim abdi, nu kanyenyerian alatan omongan jeung ucapan jisim 
abdi, malah teu sakedik nu kanyenyerian pedah dicarekanana ku jisim abdi.
 
Bakal ngantay panjang mun ditataan mah, sok komo mun nu nataanana Malaikat nu 
janten utusan Gusti, nu moal lepat deui, jigana moal bakal nyesa kasaean ka 
papada makhluk mah, da kalindes ku talajak anu minculak tea.
 
Ulah ku Malaikat leresan dinyana mah, da ieu mah kapan ku dulur-dulur abdi we 
heulaaanan, ku baraya anu saiman-anu saikhwan, anu sagulung-sagalang sareng 
jisim abdi dugi ka danget ieu, kapan nyarebatna ge “Si Engang” ka jisim abdi 
teh, ku gampang nyeureud tea, gampang teuing ngumbar amarah.
 
Teu acan....... jisim abdi teh, teu acan lemes hate mah, masih keneh sering 
ngumbar amarah, heuras keneh genggerong, padahal ti awal keneh ge tadi 
disebatkeun, sedeng ari umur teras nambihan, harib-harib cueut ka hareup, 
kantun sesana, teu bade disebat sengserang padung ge, ngan nu pasti tos sariak 
layung umur teh.
 
Manawi eta ge, manawi tiasa, hoyong neda sih hapunten teh, dikempelkeun we 
sadayana ayeuna didieu, da teu sanggem upami kedah ditataan hiji-hiji mah, ku 
moal sanggem nataanana, alatan ku seueur teuing tea.
 
Kum we ka sadayana, dulur-dulur jisim abdi, baraya katut tatangga, babaturan, 
sapantar, saluhureun sahandapeun, utamana ka pun bojo, ka pun anak, tiluannana. 
 
Bisi pernah kaciwit kulit, katodel hate, atanapi kasigeung manah, ku ucapan, 
paripolah miwah kalakuan jisim abdi kamari, mugi kersa ngahapuntenna, manawi 
tiasa dilubarkeun tina sagala rupi kalepatan sareng katalingeuhan jisim abdi. 
Sangkan jisim abdi longsong mun hoyong madep ka payuneun Gusti Nu Murbeng Alam.
 
Kantos eta ge diwartosan ku Nabi Gusti dina haditsna, malah ku para ulama nu 
janten warasatul anbiya tea, yen dosa sareng kalepatan ka Gusti mah, tiasa 
langsung neda si hapuntenna sareng Gusti, tapi ari dosa sareng kalepatan sareng 
papada makhluq mah, moal waka dihampura ku Gusti lamun ku papada makhlukna teu 
acan dihampura.
 
Leresan dieu, anu moal sanggem abdi ngalaksanakeunnana teh, alatan seueur 
teuing kalepatanana, sareng nu puguh mah seueur teuing nu kantos kenging 
katugenahna ku jisim abdi, kumargi kitu, nyanggakeun sadaya-daya we kapayuneun 
Gusti.
   
Yaa Allah Yaa Rabbanaa, mun ngimeutan kalakuan abdi tadi, hapunten Gusti, 
rumaos abdi teh sasar, ana kitu mah boa-boa abdi teh kalebet jalmi nu dibendon 
ku Gusti, nu bakal janten eusi naraka Salira. Sakumaha pidawuh Gusti : 
 
"A'udzubillaahi minasy syaithaanirrajiim. Walaqad dara-naa lii jahannama 
katsiiram minal jinni wal insi, lahum quluubul laa yafqahuuna bihaa, walahum 
a'yunul laa yub shiruuna bihaa, walahum aadzaa nul laa yas  ma    -'uuna bihaa, 
ulaa-ika kal an 'aami bal hum adhal  lu, ulaa-ika humul ghaafiluun". 
 
Jeung saestuna Kami geus netepkeun eusi naraka teh  kalolobaanana, tina 
sabangsaning Jin jeung manusa, maranehanana boga hate, tapi eta hate teh teu 
dipake neuleuman ayat-ayat Kami, maranehanana boga mata, tapi henteu dipake 
nenjo, maranehanana boga ceuli tapi henteu dipake ngadenge, nu saperti kitu teh 
lir ibarat sato, malah leuwih hina batan sato, maranehanana kaasup jalma-jalma 
anu talobeh tur balangah.
 
Allaahu Akbar Walilllaahil hamd.
 
Nanging mugia wae dina sakitu kakirang sareng dosa nu tan wilangan teh, 
langkung seueur rahmat Gusti nu dilimpahkeun ka jisim abdi, sareng manawi aya 
sakotret mah diantawisna, kasaean anu dilaksanakeun ku jisim abdi teh kalayan 
Ikhlas Lillaahi Ta ‘Alaa, anu diharep teh taya sanes, mugi-mugi we, sok sanaos 
ukur sakotret, tapi tiasa janten wasilah  pikeun jisim abdi janten kakasih 
Gusti. Margi jisim abdi yakin, rahmat Gusti langkung seueur nu katampi ku jisim 
abdi.
 
Dina niat hoyong madep nyaketkeun diri ka Gusti teh, hoyong mitembeyan midamel 
deui eunteung kahirupan anu ageung, sangkan tiasa dicaangkeun deui,  obor-obor 
kahirupan nu kungsi pareum teh, tiasa deui nyiapkeun pakakas kahirupan, pikeun 
meresihan hate, da tadi ge ti awal mula estu nembrak nonggerak, lampah jisim 
abdi  nu kamari, boh nu  awon na, pimanaeun nu saena mah. 
 
Lamun tea mah aya nu saena, hoyong tiasa disipuh deui, sangkan langkung 
ngagurilap, sangkan tiasa dipasieup deui, ku amal-amal sae sanesna. 
 
Atuh nu awon na, niat mah bade enggal-enggal digosok, ku elap "taubatan 
nashuuha" bari diniatan, ti awit ayeuna kapayun mah, ieu hate teh bade dirumat, 
supados henteu keuna ku kekebul nu ngadagleg, carana ngahaja di elap, 
diberesihan ku tobat saban usik, margi ari dosa tea, nu karaos mah da jentre, 
eces, malah nembrak.
 
Tapi nu melang mah, apan nu teu karaos ku jisim abdi tea, estu anu lemesna lir 
ibarat kekebul, nu teu patos katingal tea, terang-terang tos ngadagleg.
 
Allaahumma Yaa Allah Yaa Rabbanaa, mugi Gusti ngabulkeun do’a jisim abdi ieu.
 
Bismillaahirahmaan nirrahiim. Alhamdulillaahi rabbil 'aalamiin, hamday yuwaafii 
ni 'amahu wa yukaa fi-u maziidah, yaa rabbanaa lakal hamdu kamaa yambaghii 
lijalaali waj hika wa 'adhiimi sulthaanik.
Allahumma shalli wasallim 'alaa sayyidinaa muhammadin, shalaatan tun jinaa 
bihaa min jamii 'il ahwaali wal afaati wa taqdhii lanaa bihaa min jamii 'al 
haajaati wa tuthah hirunaa bihaa min jamii 'is sayyi-aati wa tar fa'unaa bihaa 
'indaka a'lad darajaat, 
Watuballighunaa bihaa aqshal ghaayaati min jamii 'il khairaati fil hayaati wa 
ba'dal mamaat. Innaka 'alaa kulli syai-ing qadiir.
Allahumma arinal haqqa haqqa, war zuqnat tibaa 'ahu, wa arinal baathila 
baathila, war zuqnaj tinaabah.
Allaahumma innaa nas-aluka 'ilmaan naa fii 'aan, wa 'amalan mutaqabbalaa, wa 
rizqaan halaalaan thayyibaa.
Allaahumma innaa na 'uu dzubika min 'ilmin laa yan fa'u, wa qalbin laa yakh 
sya'u, wa du 'aa in laa yus ma 'uu, wa 'amalin laa yur fa 'u.
Allaahummaj 'alnaa wa aulaa danaa, wa dzurriy yaa tinaa min ahlil 'ilmi wa 
ahlil khaiir, walaa taj 'alnaa wa iyyaahum min ahlisy syarri wadh dhaiir.
Allaahummar zuqnaa mutaa ba 'atan nabiyyi shalallaahu 'alaihi wasallam, awwalan 
wa aakhirran, wa dhaa hiraan, wabaa thinan, wa qaulan, wa fi' laan, wa thaa 
'atan, wa 'ibaa datan, wa 'amalaan shaalihan wa 'adah.
Allaahumma ahyinaa bihayaatil 'ulamaa-i, wa amitnaa bimautisy syuhadaa-i, wan 
syurnaa yaumal qiyaamati fii zumratil auliyaa-i. Wa ad khilnal jannata ma 'al 
ambiyaa-i 'alaihimu salaam. 
Rabbanaa laa tuzigh quluu banaa ba'da idz hadaitanaa, wa hablanaa mil ladungka 
rahmah, innaka antal wahhaab. 
Rabbanaa aatinaa fid dun-yaa hasanah, wa fil aakhirati hasanah, wa qinaa 'adzaa 
ban naar.
Allahummaj 'alhu hajjan mabruura, wa sa'yan masykuuraa, wa dzanban maghfuuraa, 
wa 'amalan shaalihan maqbuulaa wa tijaaratan lan tabuur, yaa 'aalima maa fish 
shuduur, akhrijnii yaa Allah, minadz dzulumaati ilan nuur.
Allahumma innii as aluka mujiibaati rahmatika wa 'azaa imaa maghfiratika, 
wassalaamata ming kulli itsmin wal ghaniimata ming kulli birrin, wal fauza bil 
jannah, wannajata minan naar. 
Rabbi qani'ni bima rajaqtanii wa bariklii fimaa 'a thaitanii, wakhluf alayya 
kulla ghaa ibaatin lii ming ka bi khaiir.
Subhaana rabbika rabbil 'izzati 'ammaa yashifuun wasalaamun 'alal mursaliin.
Subhaanaka allaahuma rabbanaa wa bihamdika, asyhadu allaa ilaaha ilaa anta, wa 
astaghfiruka wa aatubu ilaiih. 
Walhamdulillaahi rabbil 'aalamiin.
Billahit taufiq wal hidayah, wal ibadah, wal inayah.
Wallahul muwaffiq ilaa aqwaamith thaariiq.
Wasalamu 'alaikum warahmatullaahi wabarakaatuh.
 


      
___________________________________________________________________________
Dapatkan alamat Email baru Anda!
Dapatkan nama yang selalu Anda inginkan sebelum diambil orang lain!
http://mail.promotions.yahoo.com/newdomains/id/

Kirim email ke