Atos we kang ah .. tong dipanjangkeun .. keun wae atuh meureun anjeunna gaduh 
pamadegan nyalira. 

salaam 
firman 

  ----- Original Message ----- 
  From: Waluya 
  To: Urangsunda ; [EMAIL PROTECTED] ; [EMAIL PROTECTED] 
  Sent: Saturday, November 01, 2008 5:55 PM
  Subject: [Urang Sunda] Nong Gerak NGAMANIPULASI DATA


  > From: "Nong Gerak" <[EMAIL PROTECTED]>
  > awewe di dunya
  > estu nyata leuwih loba,

  Tadina mah teu katarik rek ngometaran postingan Nong gerak, ngan kulantaran 
  tulisanana NGAMANIPULASI DATA, nyebutkeun awewe leuwih loba ti lalaki, ku 
  kuring dibere nyaho, di Indonesia hasil sensus pangkahirna (taun 2000), 
  seks ratio lalaki jeung awewe teh 100.6, hartina babandingan lalaki jeung 
  awewe teh 1006: 1000, jadi lalaki surplus saeutik ( 
  http://www.bps.go.id/sector/population/pop2000.htm)

  Kulantaran Nong Gerak, nyebutkeun dikamanakeun awewe nu sakitu lobana ari 
  teu dicandung mah, tah ku kuring dibere data seks ratio di nagara-nagara 
  Teluk, dimana aturan nyandung gampang pisan: (Sumber : 
  http://www.census.gov/cgi-bin/ipc/idbsprd)

  1. Arab Saudi, lalaki : 15,285,286 awewe : 12,861,371, seks ratio 119 
  lalaki : 100 awewe
  [Di Arab Saudi loba nu ngabujang tepi ka kolot, keur mah loba lalaki, 
  ditambahan kabiasaan nyandung]

  2.Qatar lalaki: 550,568 awewe: 274,221 seks ratio 200 lalaki : 100 awewe
  [Di Qatar kuduna mah lain poligami nu diijinkeun, tapi poliandri 
  ....heuheuheu]

  3. Kuwait lalaki: 1,570,287 awewe: 1,026,512. Seks ratio 152 lalaki : 100 
  awewe
  [Pamarentah Kuwait ngangluh, lalaki Kuwait loba ngawin urang asing, heueuh 
  da meureun teu kabagean]

  Tah Nong Gerak, ari satuju kana nyandung mah teu nanaon, ngan ulah 
  NGAMANIPULASI DATA, aranna eta teh ngabobodo batur .......

  Salam,
  WALUYA



   

Kirim email ke