From: "Jay" <[EMAIL PROTECTED]> > Urang sunda mah, enya beuki heureuy ..
Kang Jay, upami ditingali dina kecapna mah Pornografi teh hartosna kieu kira-kira: PORNO = CABUL GRAFI = GAMBAR Jadi pronografi hartina gambar cabul! Ari urang sunda resepna nyarios cawokah sanes cabul. Tah perkara cawokah ieu, kuring keur budak kungsi dijepretan ku nyere ku indung, gara-gara hahaleuangan "Panganten anyar". Aya nu lengger budak saluhureun ngajar eta hahaleuangan, ari kuring bolon keneh, der hahaleuangan di hareupeun imah. Puguh we ku indung teh dibawakeun nyere...hehehe Terang henteu hahaleuangan Panganten anyar? Kieu cenah: Panganten aNYAR, nyaring tengah peuTING, tingkeresek sora samPING, .................. saterusna disensor ah! Baktos, WALUYA

