Wilah bedog teh kakara disebut bedog lamun minimal geus dibere perah. Ari perah 
bahanna tina kai jeung tanduk atawa tulang. Nu tina kai diantarana tina ngaran 
tatangkalan saperti Kihiang, Kimunding (kamuning?), kiputri, pari, rasamala, 
huru, pinus, loka, jati, sonokeling, waru, jambu batu, jeruk bali, sawo, 
jengkol, peuteuy selong , limus piit, singawalang, boa loba keneh nu teu 
kasebut. Ambih kaciri rada legeg eta ngaran kai teh hayang dilengkepan ku basa 
laten.
Nu geus kapanggih teh kihiang (Albizzia procera (roxb)), pari atawa sok disebut 
kihuut (glochidion molle bl), rasamala (altingia excelsa, noronha), limus piit 
(mangifera foetida, anacardiaceae), jati (guazuma ulmifolia), jeruk bali 
(citrus maxima, rutaceae), jambu batu (psidium guajava, myrtaceae), sawo 
(chrysophyllum cainito, sapotaceae), jengkol (pithecolobium lobatum).
Nu can kapanggih teh huru, kiputri, waru, peuteuy selong, singawalang, 
kimunding. Duka teuing pedah neanganana geus tunduh duka teuing teu taliti, bet 
can manggih. Cik sugan baraya aya tiasa masihan nami laten.

Hatur nuhun.
MSas

Kirim email ke