Basa Barack Obama nepikeun pidato dina waktu manehna yakin kapilih
jadi presiden amerika anu ka-44. Kuring rada reueus, aya ngaran
Indonesia disebut nyaeta Maya Sutoro anu jadi ngaran adi terena....
Kapikiran boa sabenerna mah Maya Sutara lain Sutoro..da geuning
Barack Husen Obama ge yakin ngaran Sunda. Lamun ngaran jawa mah
apanan jadi Borock Husen Obomo....
Kapikiran deui, yakin pendidikan di negeri urang teh teu goreng-
goreng teuing. Eta Barack Obama oge anu sakolana ukur 4 taun di SD
Indonesia geus bisa jadi Presiden Amerika euy!!!