Sami Kang Denny, abdi ge ngiring bingah & reueus, aya negro jadi Persiden USA, deuih kantos linggih di nagri urang. Bade ngawilujengkeun nelepun ka Amrik teh bilih disaha-saha, da puguh teu wanoh teu sing heheh
Masihan nami mah kumaha sepuh atuh, da orok keneh mah baroraah ngemutan nami, hoyong 2 E (Enen & Eeh) nu aya hihihi. Ari keukeuh kedah numutkeun kana pokal A sareng O mah, nami abdi ge kedah Rara atuh? Pami Sunda mah panginten Baruck Obama? Bapana Maya ge saleresnamah urang Sunda (ciri khas nami Sunda diulang-ulang), ngan cadel Lolo Sutoro. ro2 --- In [email protected], "Dena" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Basa Barack Obama nepikeun pidato dina waktu manehna yakin kapilih > jadi presiden amerika anu ka-44. Kuring rada reueus, aya ngaran > Indonesia disebut nyaeta Maya Sutoro anu jadi ngaran adi terena.... > Kapikiran boa sabenerna mah Maya Sutara lain Sutoro..da geuning > Barack Husen Obama ge yakin ngaran Sunda. Lamun ngaran jawa mah > apanan jadi Borock Husen Obomo.... > Kapikiran deui, yakin pendidikan di negeri urang teh teu goreng- > goreng teuing. Eta Barack Obama oge anu sakolana ukur 4 taun di SD > Indonesia geus bisa jadi Presiden Amerika euy!!! >

