Taqdir-2 Tiap hiji jelema unggal rek ngalengkah nyanghareupan ratusan atawa rebuan Qadha ; tah wktu milih, eta teh Qadar, jadi masing tetap sadayana oge tos diserat di lauh mahfudz; tapi ari nu jadina mah ngan ukur hiji ! Tah nu hiji teh Taqdir. Jadi mun dipesek deui Taqdir teh hiji tindakan anu dijalankeun ku manusa hasil tina pilihan; tapi naon wae nu dipilih ku manusa sadayana oge tos kaununga ku Gusti Nu Maha Suci; da sadayana oge tos aya dina programna. Jadi Taqdir teh sami sareng lengkah CATUR; sakapeung pilihan urang teh hade pisan; sakapeun nyoledat; tah pikeun ieu aya cara ngurangan kasalahan nya eta seing ngadu’a Ihdinas shiraatal mustaqiem tea. Anu hartina pisan mah Yaa Allah ulah nyalahan abdi ngalengkah teh, mugi alternatif nu dipilih ku abdi teh anu pangtepatna. Satiap adha teh , terusanan nyangjareupan deui alternatif sejen deui ; tapi tetep tina rebuan qadha ngan hiji nu bisa dipilih kalawan ratusan variant nu bakal tumiba; eta sadaya parantos diprogram ku Allah.

