Tadi isuk waktu keur macet di jalan, kuring ngadenge di radio yen PLN arek
ngimpor batu bara!
Sakali deui: NGIMPOR BATU BARA...!! Alatan teu bisa meuli ti pausahaan dalam
negeri. Padahal nurutkeun survey U.S. Energy Administration taun 2003 Indonesia
teh produsen batu bara nomer 7 di dunya. Ngahelas euy hate teh...
Manahoreng pusahaan tambang batu bara teh mending ngajual ka luar negeri
tibatan ka PLN kusabab faktor harga. Atuh PLN teh kalempohan teu bisa nyieun
listrik da suwung batu bara na. Daek teu daek ayeuna rek meuli ti pausahaan
luar negeri (ngimpor).
Ceuk salah saurang pengamat (poho ngarana), bisa jadi batu bara anu bakal
dibeuli teh asalna ti Indonesia! (Edaasss...coba etah.......!!)
Hal ieu kulantaran pausahaan dalam negeri (anu dipiboga ku asing) ngalakukeun
"transfer pricing" ka anak pusahaanna di luar negeri, tuluy eta batu bara teh
di jual deui ka PLN sanggeus hargana di taekeun.
Ceuk si pengamat anu phoho ngarana deui, ngajentrekeun yen pamarentah teu bisa
"melindungi" (naon basa Sundana nya?) kapentingan dalam negeri.
Tah dina hal ieu, belegug beak karep Indonesia mah, batu bara ngalayah di nagri
sorangan tapi teu bisa make. Ari deungeun2 (pausahaan asing) nu ngan ukur
ngorowotan taneuh lubak libuk ku kauntungan ngajualan batu bara.
Emh....ngahelas....ieu hate.........
Obay.