Paralun bah Abbas, ieu mah seja ngiring aub wae,

Sakapeung mikiran "taqdir" teh sok rada lendeng oge. Di hiji jihat,
aya anu disebut TAQDIR anu - ceuk pamahaman sabagean Muslim - hartina,
hiji katangtuan anu geus pasti, moal bisa dirobah masing kalah ka
kumaha oge (papasten). Di jihat sejen, aya USAHA (dina istlah Islam-na
atawa Arab-na: IKHTIAR), malah manusa dipiwarang usaha. Taqdir jeung
Usaha, naon hubunganana? Dua hal anu pagedrug? atawa, dua hal anu bisa
dikompromikeun?

Dina lebah dieu, poma ulah buru-buru ngarujuk ka Al Qur'an heula,
lamun can siap ngajelaskeunana. Sabab, loba ayat Al Qur'an anu
ngarojong pamahaman "taqdir" siga anu bieu disebutkeun di luhur (sebut
wae: "ayat-ayat taqdir"). Sakumaha, teu saeutik ayat Al Qur'an anu
jadi dadasar ayana "usaha" atawa "ikhtiar" (sebut wae: "ayat-ayat
ikhtiar").

Dina Al Qur'an sorangan (sigana, kapanggih oge dina akar-akar agama
samawi sejenna, oge dina budaya-budaya), ayat-ayat atawa
istilah-istilah anu aya patula-patalina jeung taqdir vs ikhtiar atawa
transisi diantara duanana, teu saeutik oge. Upamana wae, aya istilah
"suna'a" (sakumaha dina "sun'alloh"), "sunnah" (sakumaha dina
"sunnatulloh"), "qodlo", "kitab", "qolam", "al bada", jrrd. Jadi,
henteu kitu wae hideung-bodas antara "taqdir" (dina pemahaman bah
Abas) jeung "ikhtiar" anu minangka lawanna teh. Masing-masing eta
istilah mibanda definisi oprasionalna sewang-sewangan. Hal ieu hiji
bukti anu nuduhkeun ayana atawa dimungkinkeunana usaha manusa. Hal eta
oge nuduhkeun yen henteu aya anu pagedrug dina Al Qur'an
(masing-masing mibanda teks jeung konteksna).

Ku cara sejen disebutkeun: konsep "ikhtiar" teh siginifikan tur gede
hartina keur manusa (manusa lain "boneka" atawa "wayang") anu
sagemblengna kumaha "dalang". Malah, aya sagolongan ahli anu
nyebutkeun yen "ikhtiar" teh ciri utama manusa. Kukituna, ngabedah
soal "taqdir" memang kudu rada ati-ati alias ulah sagawayah.

Salah sahiji pikeun ngungkulan kamusykilan "taqdir" vs "ikhtiar", aya
hiji pamadegan anu dimekarkeun ku salah sahiji golongan. Dasarna nya
Al Qur'an keneh (plus as Sunnah oge)- pikeun ummat Islam. Ceuk ieu
golongan, cenah "taqdir" teh dibagi dua: 1) anu geus final alias teu
bisa dirobah deui ("definitif", "makhtum"), jeung 2) anu can final
("undefinitif", "ghoer makhtum"). Kukituna, "taqdir", dina harti
"papasten anu moal bisa robah" atawa "manusa dina darma wawayangan
wae" eta pakuat-pakaitna jeung wilayah katangtuan atawa sacara umum
"taqdir" anu geus final tea (makhtum atawa definitif tea. Contona: yen
sakabeh anu jiwaan baris ngalama maot, atawa "lamun ajal geus datang
moal bisa dipundurkeun atawa dipajukeun". Sabalikna, "ikhtiar" aya
dina wilayah "taqdir" anu can final atawa anu masih bisa dirobah
(ghoer makhtum).

Iraha jeung kumaha cenah rubuh-robahna "taqdir" anu "can final" jadi
"taqdir anu sejen anu sarua can final" atawa jadi "taqdir anu final"
teh? Nya definisi operasional istilah-istilah anu kasebut di luhur anu
bisa mukakeun lawang pamahamana. Lebah dieu oge urang bisa
ngahartikeun salah sahiji ayat Al Qur'an anu netelakeun yen aya
katangtuan anu goreng anu ditulis ku Alloh dina kitab, tapi Alloh oge
(tiasa wae) ngahapuskeun eta katangtuan (jeung ngarobahna jadi
katangtuan anu sae). Nuturkeun pamahaman anu akhir ieu nya rada
nyay-nyayan ayeuna mah harti jeung fungsi du'a, oge ayana
fasilitas-fasilitas saperti "lailatul qodr", jsb.

Cag.
manar


On Fri, Nov 7, 2008 at 2:09 PM, Abbas Amin <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Urang teh ti mana nya ? Naha aya di Indon ? Di Indonna ge naha aya di sunda
> ?
> Naha uang bisa milih ? ti baheula wakteu keu orok ? Naha uang lahir lain di
> USA, nagara badag ? Naha bisa nangtukeun pilihan ti anggalna ? Ku naon bet
> urang teh jadi anak tukang beca ? Lain anak Presiden ? Naha bisa nangtukeun
> pilihan ?
> Tah sanyatana pertanyaan ieu nu loba mawa ka jelema nu sok malikir ngudag
> atawa milari Nu Maha Kawasa. Da geuning urang mah enyaan dhoifna; enyaan
> bodo baliluna teh.
>
> Ku naon eta panonpoe muncul deui muncul deui sanggeus leungit ti peuting ?
> Akhirna eeeeuuuh dunya nu muter................. trus bintang2 di jagat
> ............. sanggeus meunang pituduh ku parantaraan "Ilmuwan" nu dipasihan
> piuduh ti Gusti Allah keur kanyaho sakabeh manusa nu daek mikir, maka.......
> ku naon eta mani beres kitu aturanana ? nu hiji jeung nu sejenna deui aya
> patula patalina kalawan hamonis posan.
> Naon nya sababna ?
>
> Ilmuwan teh jalma2 nu meunang ituduh ti Gusti Allah, masing bari jeung teu
> mikir ka dinya oge; da Gusti Allah mah Wenang; mere pituduh teh ka saha wae;
> tapi nu penting aya USAHA jeyng ngagunakeun akalna ? Ku naon ari Umat Islam
> ? Ngaredul tuda. api masing kalah kumaha oge manehna tetep meunang mangpaat
> ti Ilmwan teh, lantaran naon ? Lantaran sadayana oge Ilmu ti Allah.. Teu
> paduli sadar henteuna mah.
>
> Bilih panjang teuing, masing kakara cangkang oge, dui ka dieu heula pedaran
> teh, engke sanes waktos disambung deui.
> Abbas Amin
>
> --- On Fri, 11/7/08, abas_amin08 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> From: abas_amin08 <[EMAIL PROTECTED]>
> Subject: Fwd: Re: Taqdir-2
> To: [EMAIL PROTECTED]
> Date: Friday, November 7, 2008, 9:49 PM
>
> --- In [EMAIL PROTECTED], "agus" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> lieur pisan ieu pedaran,... beurat pisan,....
>
> tos dibaca bolak balik,...
> rada ngarti saeutik,...
> dibaca deui,......
>
> kasimpulanana, nyarioskeun Dzat-Anjeuna,... kedah sabari nutup mata,
> ngarasakeun nu aya dijero diri.
>
> kadang jadi sok hayang ceurik, kadang gumbira, kadang tenang kadang
> resah ku rea nu teu nyaho,....
>
> hayu atuh urang neangan Gusti.
> ku pangarti nu mana? nu ti karuhun atawa nu ti arab, nu ti jero batu
> atawa nu di jero hulu,...    cik atuh, Gusti teu kamana mana,
> aya di masing diri.
> mun teu kapanggih wae,.... carekan weh diri nyalira,...
> naha atuh beut sibuk ngurus dunia. nu moal beak beak dikerok kanu
> bukur bukurna,...
>
> neangan sunda,.. dek nepi kamana?
> neangan digjaya dek nepi paeh di nu fana di beulah mana? di medan
> perang atawa di golodog tatangga nu janda?
>
> hayang dek ciga kresna atawa yudistira?
> boa boa ngan jadi rahwana parahna jadi dorna....
>
> ngukur diri, jadi dawala weh nya,... meh bisa gugat ka dewata.
>
> dewata cenah siliwangi,....
>
> kagok asong,... tuluykeun gugatna....
>
> tuntut catatanana,... ajak seuri weh da ciga adi ka lanceukna
>
> ieu tulisan nepi ngaleor kamana.... teu puguh awal jeung ujungna,
> karunya nu maca jadi gogodeg huluna,
>
> maca ngacapruk budak baong nu keur lieur utekna.
>
> =nananana=
>
> nb:
> abah abas,... nyungkeun di pedar,dianalisa...
> "bener teu, manusa utama, sabab dibere kasempatan keur nentukeun jalan
> hirupna"  walaupun aya takdir jeung kodar na,...
> tah,... nyungkeun di mairan,nun....
> nuhun sateuacana,....
>
>
> --- In [EMAIL PROTECTED], "abas_amin08" <abas_amin08@>
> wrote:
>>
>> AA: Itu adalah hukum didalam Alam Semesta; dan Allah itu diluar
> Alam
>> Semesta; Dia meliputi seluruh Alam Semesta
>> Dulunya tak ada apa ap KECUALI DIA saja Tunggal ; kemudian dia
>> menciptakan didalam dirinNya suatu Ruang hampa; diciptakan Kabut
>> berpilin dan dibuatkan Proses supaya berevolusi sehingga terjadilam
>> Matahari; jutaan bintang2 planit dan segala Isinya. Maka Allah
> diluar
>> semua hukum Alam. Dialah Yang Menciptakan Hukum Alam sehimgga semua
>> saling berputar; diangkasa dst dst.
>> Maka Hukum Alam yang dicptakan Tuhan Juga; tak berlaku bagiNYA.
>> Dia Maha segalaNya; Dzul Jala Li Wal Ikram
>>
>> --- In [EMAIL PROTECTED], richadiana kartakusuma
>> <richadianakartakusuma@> wrote:
>> >
>> > ada dan tiada
>> > ada berada karena sang tiada
>> > maka tidak akan ada jikalau tak ada sang tiada
>> > maka ada dan tiada berlangsung secara dialektis
>> >
>> >
>> >
>> >
>> >
>> >
>> > ________________________________
>> > From: Abbas Amin <abas_amin08@>
>> > To: urangsunda <[email protected]>
>> > Cc: kisunda <[EMAIL PROTECTED]>
>> > Sent: Friday, November 7, 2008 6:42:04 PM
>> > Subject: [kisunda] Taqdir-2
>> >
>> >
>> > Taqdir-2
>> >
>> > Tiap hiji jelema unggal rek ngalengkah nyanghareupan ratusan
> atawa
>> rebuan Qadha ; tah wktu milih, eta teh Qadar, jadi masing tetap
>> sadayana oge tos diserat di lauh mahfudz; tapi ari nu jadina mah
> ngan
>> ukur hiji ! Tah nu hiji teh Taqdir.
>> >
>> > Jadi mun dipesek deui Taqdir teh hiji tindakan anu dijalankeun ku
>> manusa hasil tina pilihan; tapi naon wae nu dipilih ku manusa
>> sadayana oge tos kaununga ku Gusti Nu Maha Suci; da sadayana oge
> tos
>> aya dina programna.
>> >
>> > Jadi Taqdir teh sami sareng lengkah CATUR; sakapeung pilihan
> urang
>> teh hade pisan; sakapeun nyoledat; tah pikeun ieu aya cara
> ngurangan
>> kasalahan nya eta seing ngadu¢a Ihdinas shiraatal mustaqiem tea.
> Anu
>> hartina pisan mah Yaa Allah ulah nyalahan abdi ngalengkah teh, mugi
>> alternatif nu dipilih ku abdi teh anu pangtepatna.
>> >
>> > Satiap adha teh , terusanan nyangjareupan deui alternatif sejen
>> deui ; tapi tetep tina rebuan qadha ngan hiji nu bisa dipilih
> kalawan
>> ratusan variant nu bakal tumiba; eta sadaya parantos diprogram ku
>> Allah.
>> >
>>
>
> --- End forwarded message ---
>
>
>
> 

Kirim email ke