AA: Punten pisan bah Oman, sanes kuring nyanyhoanan, ngan ku pikiran 
sim kuring, mudah2an ieu teh PituduhNa; ari nu disebat Taqdir mah 
hiji tindakan ANU Parantos sampurna dilakukeun ( completely done ); 
nya atuh moal aya nu tiasa ngarobih ka na Taqdi mah.
Mung bae, eta Taqdir teh dibagi dua , nya eta :
1.Qadha , program sagemblengna ti Allah pikeun tiap inviduu manusa
ieu mah kakara rencana , teu acan dijalankeun
2. Qadar, proses alternatif piliheun, anu dilakukeun ku individuu eta
Mun eta dua proses tos dilaksanakeun nya janten Taqdir tea.

Taqdir teh janten, proses pamilihan tina sakitu rebu alternatif nu 
tos diserat ku Allah di Lauh Mahfudz, dimana sanggeus manusa 
nanmgtukeun pilihan, program nu sejenna bakal dipupus da tos jadi 
Taqdir tea. Tah pamilihan ieu nu kudu lempeng teh, da urang mah teu 
apal tea kapan, nya kedah nyuhunkeun ka Mantenna supados urang tetep 
nincak di Shiratal Mustaqiem.

Satiap manusa mun rek ngalengkah pasti nyanghareupan puluhan atanapi 
ratusan Qadha, dimana upami tos dipilih (Qadar) sareng dilaksanakeun, 
maka jadi Taqdir.
Usaha nabusa, atawa kabebasan manusa nya eta di na Milih ieu; tapi 
sadayana oge tos aya di na Program Allah; naon wae nu dipilih ku 
urang eta PASTI Kauninga sareng aya di na ProgramNA.

Kitu kinten2na, nyanggakeun, mugia sing janten brainstorming, kanggo 
salira neuleuman ieu masalah TAQDIR, da ti sim kuring mah bubuhan 
masih bodo keneh, mung sakitu katerang teh. Mangga.
Abbas Amin

--- In [email protected], "oman abdurahman" <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
>
> Paralun bah Abbas, ieu mah seja ngiring aub wae,
> 
> Sakapeung mikiran "taqdir" teh sok rada lendeng oge. Di hiji jihat,
> aya anu disebut TAQDIR anu - ceuk pamahaman sabagean Muslim - 
hartina,
> hiji katangtuan anu geus pasti, moal bisa dirobah masing kalah ka
> kumaha oge (papasten). Di jihat sejen, aya USAHA (dina istlah Islam-
na
> atawa Arab-na: IKHTIAR), malah manusa dipiwarang usaha. Taqdir jeung
> Usaha, naon hubunganana? Dua hal anu pagedrug? atawa, dua hal anu 
bisa
> dikompromikeun?
> 
> Dina lebah dieu, poma ulah buru-buru ngarujuk ka Al Qur'an heula,
> lamun can siap ngajelaskeunana. Sabab, loba ayat Al Qur'an anu
> ngarojong pamahaman "taqdir" siga anu bieu disebutkeun di luhur 
(sebut
> wae: "ayat-ayat taqdir"). Sakumaha, teu saeutik ayat Al Qur'an anu
> jadi dadasar ayana "usaha" atawa "ikhtiar" (sebut wae: "ayat-ayat
> ikhtiar").
> 
> Dina Al Qur'an sorangan (sigana, kapanggih oge dina akar-akar agama
> samawi sejenna, oge dina budaya-budaya), ayat-ayat atawa
> istilah-istilah anu aya patula-patalina jeung taqdir vs ikhtiar 
atawa
> transisi diantara duanana, teu saeutik oge. Upamana wae, aya istilah
> "suna'a" (sakumaha dina "sun'alloh"), "sunnah" (sakumaha dina
> "sunnatulloh"), "qodlo", "kitab", "qolam", "al bada", jrrd. Jadi,
> henteu kitu wae hideung-bodas antara "taqdir" (dina pemahaman bah
> Abas) jeung "ikhtiar" anu minangka lawanna teh. Masing-masing eta
> istilah mibanda definisi oprasionalna sewang-sewangan. Hal ieu hiji
> bukti anu nuduhkeun ayana atawa dimungkinkeunana usaha manusa. Hal 
eta
> oge nuduhkeun yen henteu aya anu pagedrug dina Al Qur'an
> (masing-masing mibanda teks jeung konteksna).
> 
> Ku cara sejen disebutkeun: konsep "ikhtiar" teh siginifikan tur gede
> hartina keur manusa (manusa lain "boneka" atawa "wayang") anu
> sagemblengna kumaha "dalang". Malah, aya sagolongan ahli anu
> nyebutkeun yen "ikhtiar" teh ciri utama manusa. Kukituna, ngabedah
> soal "taqdir" memang kudu rada ati-ati alias ulah sagawayah.
> 
> Salah sahiji pikeun ngungkulan kamusykilan "taqdir" vs "ikhtiar", 
aya
> hiji pamadegan anu dimekarkeun ku salah sahiji golongan. Dasarna nya
> Al Qur'an keneh (plus as Sunnah oge)- pikeun ummat Islam. Ceuk ieu
> golongan, cenah "taqdir" teh dibagi dua: 1) anu geus final alias teu
> bisa dirobah deui ("definitif", "makhtum"), jeung 2) anu can final
> ("undefinitif", "ghoer makhtum"). Kukituna, "taqdir", dina harti
> "papasten anu moal bisa robah" atawa "manusa dina darma wawayangan
> wae" eta pakuat-pakaitna jeung wilayah katangtuan atawa sacara umum
> "taqdir" anu geus final tea (makhtum atawa definitif tea. Contona: 
yen
> sakabeh anu jiwaan baris ngalama maot, atawa "lamun ajal geus datang
> moal bisa dipundurkeun atawa dipajukeun". Sabalikna, "ikhtiar" aya
> dina wilayah "taqdir" anu can final atawa anu masih bisa dirobah
> (ghoer makhtum).
> 
> Iraha jeung kumaha cenah rubuh-robahna "taqdir" anu "can final" jadi
> "taqdir anu sejen anu sarua can final" atawa jadi "taqdir anu final"
> teh? Nya definisi operasional istilah-istilah anu kasebut di luhur 
anu
> bisa mukakeun lawang pamahamana. Lebah dieu oge urang bisa
> ngahartikeun salah sahiji ayat Al Qur'an anu netelakeun yen aya
> katangtuan anu goreng anu ditulis ku Alloh dina kitab, tapi Alloh 
oge
> (tiasa wae) ngahapuskeun eta katangtuan (jeung ngarobahna jadi
> katangtuan anu sae). Nuturkeun pamahaman anu akhir ieu nya rada
> nyay-nyayan ayeuna mah harti jeung fungsi du'a, oge ayana
> fasilitas-fasilitas saperti "lailatul qodr", jsb.
> 
> Cag.
> manar
> 
> 
> On Fri, Nov 7, 2008 at 2:09 PM, Abbas Amin <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> > Urang teh ti mana nya ? Naha aya di Indon ? Di Indonna ge naha 
aya di sunda
> > ?
> > Naha uang bisa milih ? ti baheula wakteu keu orok ? Naha uang 
lahir lain di
> > USA, nagara badag ? Naha bisa nangtukeun pilihan ti anggalna ? Ku 
naon bet
> > urang teh jadi anak tukang beca ? Lain anak Presiden ? Naha bisa 
nangtukeun
> > pilihan ?
> > Tah sanyatana pertanyaan ieu nu loba mawa ka jelema nu sok 
malikir ngudag
> > atawa milari Nu Maha Kawasa. Da geuning urang mah enyaan dhoifna; 
enyaan
> > bodo baliluna teh.
> >
> > Ku naon eta panonpoe muncul deui muncul deui sanggeus leungit ti 
peuting ?
> > Akhirna eeeeuuuh dunya nu muter................. trus bintang2 di 
jagat
> > ............. sanggeus meunang pituduh ku parantaraan "Ilmuwan" 
nu dipasihan
> > piuduh ti Gusti Allah keur kanyaho sakabeh manusa nu daek mikir, 
maka.......
> > ku naon eta mani beres kitu aturanana ? nu hiji jeung nu sejenna 
deui aya
> > patula patalina kalawan hamonis posan.
> > Naon nya sababna ?
> >
> > Ilmuwan teh jalma2 nu meunang ituduh ti Gusti Allah, masing bari 
jeung teu
> > mikir ka dinya oge; da Gusti Allah mah Wenang; mere pituduh teh 
ka saha wae;
> > tapi nu penting aya USAHA jeyng ngagunakeun akalna ? Ku naon ari 
Umat Islam
> > ? Ngaredul tuda. api masing kalah kumaha oge manehna tetep 
meunang mangpaat
> > ti Ilmwan teh, lantaran naon ? Lantaran sadayana oge Ilmu ti 
Allah.. Teu
> > paduli sadar henteuna mah.
> >
> > Bilih panjang teuing, masing kakara cangkang oge, dui ka dieu 
heula pedaran
> > teh, engke sanes waktos disambung deui.
> > Abbas Amin
> >
> > --- On Fri, 11/7/08, abas_amin08 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> >
> > From: abas_amin08 <[EMAIL PROTECTED]>
> > Subject: Fwd: Re: Taqdir-2
> > To: [EMAIL PROTECTED]
> > Date: Friday, November 7, 2008, 9:49 PM
> >
> > --- In [EMAIL PROTECTED], "agus" <nucinta@> wrote:
> >
> > lieur pisan ieu pedaran,... beurat pisan,....
> >
> > tos dibaca bolak balik,...
> > rada ngarti saeutik,...
> > dibaca deui,......
> >
> > kasimpulanana, nyarioskeun Dzat-Anjeuna,... kedah sabari nutup 
mata,
> > ngarasakeun nu aya dijero diri.
> >
> > kadang jadi sok hayang ceurik, kadang gumbira, kadang tenang 
kadang
> > resah ku rea nu teu nyaho,....
> >
> > hayu atuh urang neangan Gusti.
> > ku pangarti nu mana? nu ti karuhun atawa nu ti arab, nu ti jero 
batu
> > atawa nu di jero hulu,...    cik atuh, Gusti teu kamana mana,
> > aya di masing diri.
> > mun teu kapanggih wae,.... carekan weh diri nyalira,...
> > naha atuh beut sibuk ngurus dunia. nu moal beak beak dikerok kanu
> > bukur bukurna,...
> >
> > neangan sunda,.. dek nepi kamana?
> > neangan digjaya dek nepi paeh di nu fana di beulah mana? di medan
> > perang atawa di golodog tatangga nu janda?
> >
> > hayang dek ciga kresna atawa yudistira?
> > boa boa ngan jadi rahwana parahna jadi dorna....
> >
> > ngukur diri, jadi dawala weh nya,... meh bisa gugat ka dewata.
> >
> > dewata cenah siliwangi,....
> >
> > kagok asong,... tuluykeun gugatna....
> >
> > tuntut catatanana,... ajak seuri weh da ciga adi ka lanceukna
> >
> > ieu tulisan nepi ngaleor kamana.... teu puguh awal jeung ujungna,
> > karunya nu maca jadi gogodeg huluna,
> >
> > maca ngacapruk budak baong nu keur lieur utekna.
> >
> > =nananana=
> >
> > nb:
> > abah abas,... nyungkeun di pedar,dianalisa...
> > "bener teu, manusa utama, sabab dibere kasempatan keur nentukeun 
jalan
> > hirupna"  walaupun aya takdir jeung kodar na,...
> > tah,... nyungkeun di mairan,nun....
> > nuhun sateuacana,....
> >
> >
> > --- In [EMAIL PROTECTED], "abas_amin08" <abas_amin08@>
> > wrote:
> >>
> >> AA: Itu adalah hukum didalam Alam Semesta; dan Allah itu diluar
> > Alam
> >> Semesta; Dia meliputi seluruh Alam Semesta
> >> Dulunya tak ada apa ap KECUALI DIA saja Tunggal ; kemudian dia
> >> menciptakan didalam dirinNya suatu Ruang hampa; diciptakan Kabut
> >> berpilin dan dibuatkan Proses supaya berevolusi sehingga 
terjadilam
> >> Matahari; jutaan bintang2 planit dan segala Isinya. Maka Allah
> > diluar
> >> semua hukum Alam. Dialah Yang Menciptakan Hukum Alam sehimgga 
semua
> >> saling berputar; diangkasa dst dst.
> >> Maka Hukum Alam yang dicptakan Tuhan Juga; tak berlaku bagiNYA.
> >> Dia Maha segalaNya; Dzul Jala Li Wal Ikram
> >>
> >> --- In [EMAIL PROTECTED], richadiana kartakusuma
> >> <richadianakartakusuma@> wrote:
> >> >
> >> > ada dan tiada
> >> > ada berada karena sang tiada
> >> > maka tidak akan ada jikalau tak ada sang tiada
> >> > maka ada dan tiada berlangsung secara dialektis
> >> >
> >> >
> >> >
> >> >
> >> >
> >> >
> >> > ________________________________
> >> > From: Abbas Amin <abas_amin08@>
> >> > To: urangsunda <[email protected]>
> >> > Cc: kisunda <[EMAIL PROTECTED]>
> >> > Sent: Friday, November 7, 2008 6:42:04 PM
> >> > Subject: [kisunda] Taqdir-2
> >> >
> >> >
> >> > Taqdir-2
> >> >
> >> > Tiap hiji jelema unggal rek ngalengkah nyanghareupan ratusan
> > atawa
> >> rebuan Qadha ; tah wktu milih, eta teh Qadar, jadi masing tetap
> >> sadayana oge tos diserat di lauh mahfudz; tapi ari nu jadina mah
> > ngan
> >> ukur hiji ! Tah nu hiji teh Taqdir.
> >> >
> >> > Jadi mun dipesek deui Taqdir teh hiji tindakan anu dijalankeun 
ku
> >> manusa hasil tina pilihan; tapi naon wae nu dipilih ku manusa
> >> sadayana oge tos kaununga ku Gusti Nu Maha Suci; da sadayana oge
> > tos
> >> aya dina programna.
> >> >
> >> > Jadi Taqdir teh sami sareng lengkah CATUR; sakapeung pilihan
> > urang
> >> teh hade pisan; sakapeun nyoledat; tah pikeun ieu aya cara
> > ngurangan
> >> kasalahan nya eta seing ngadu¢a Ihdinas shiraatal mustaqiem tea.
> > Anu
> >> hartina pisan mah Yaa Allah ulah nyalahan abdi ngalengkah teh, 
mugi
> >> alternatif nu dipilih ku abdi teh anu pangtepatna.
> >> >
> >> > Satiap adha teh , terusanan nyangjareupan deui alternatif sejen
> >> deui ; tapi tetep tina rebuan qadha ngan hiji nu bisa dipilih
> > kalawan
> >> ratusan variant nu bakal tumiba; eta sadaya parantos diprogram ku
> >> Allah.
> >> >
> >>
> >
> > --- End forwarded message ---
> >
> >
> >
> >
>


Kirim email ke