--- On Sat, 11/1/08, Abbas Amin <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

From: Abbas Amin <[EMAIL PROTECTED]>
Subject: Silat -20
To: "proletar" <[EMAIL PROTECTED]>
Cc: "radioliner" <[EMAIL PROTECTED]>
Date: Saturday, November 1, 2008, 8:10 AM







Serewek! sora lawon nu soeh! Ari pek teh teu puguh2 angkin beureum Kwee Lian 
Eng teh kasabet ku pedang Wan Khian; Wan Khian na sorangan kokoloyongan ka 
tukang, pedangna ampir we lesot ti na cekelan. Racun si Kian Lung malah nuju ka 
Khong kong Jie, atuh si Khong Kong Jie teh mani purat perot nyalametkeun diri, 
nepi ka nubruk Sie Thian Toojin, atuh duanan oge ting koloyong katukang. 
Tina sagebragan eta kanyahoan ku balad tilu Dewa yen ieu nu diberego teh Elmuna 
jauh saluhureun sakabeh jago nu aya di dinya jigana mah ditambah 2X lipet deui 
oge ngoroyok, moal mangga pulia; tapi enya oge eta jarago teh geus kuncup 
hatena, tapi maksakeun maneh we siap ngalawan, maranehanana taki2 bari jeung 
hemar hemir nyanghareupan ieu nu diberego, nu meureun Si Pedang Perak tea. 
Ong Kiok Louw tuluy ngawani wani maneh ngomong:”Hai pedang Perak; urang sarerea 
didieu can pernah boga pasal jeung anjeun, kunaon anjeun datang2 langsung 
ngaganggu ka urang ? Naha aya kasalahan kuring sadaya  nepi ka euweuh pisan 
kasempetan? Cing menta katerangan atuh naon sababna ?!” 
Si Jelema nu make kedok teh teu ngomong naon2, malah mah ujug2 leungeunna 
digerakkeun ka hareup, anu ngadatangkeun angin Tonjokan anu kacida beuratna, nu 
teu bisa ditakis; si Ong Kiok Louw ngan ukur bisa ngajerit Auuuh !Si Golok 
nyabut pati teh rubuh harita keneh bari jeung utah getih; duka hirup keneh, 
duka tos maot ; teu aya nu apaleun. 
Kajadian ieu teh ngan sakilat pisan, euweuh nu bisa nulungan ka si dewa kahiji 
teh; nu sejen ti na sieun jadi narekad terus wae ngaraponan ka si nu diberego 
hideung ti 4 madhab, piauw2 oge ting suliwer nuju ka si kedok hideung; si kedok 
hideung kesit pisan saperti angin puyuh manehna luncat kaditu kadieu 
nyanghareupan kurubutan ti jago2 silat ieu; kabeh serangan lawan teh ku manehna 
mah gampang pisan ditakisna teh; anu terusna malah males ka kabeh nu 
ngaraponan, nu antukna kadenge nu ting araduh jeung jelema ting galuprak ka na 
ubin ! Sanggeus sabaraha kali seuri bari nu sinis, eta jelema nu make topeng 
teh luncat, ngan sakilat geus teu kaciri tapak2na acan. 
  




      

Kirim email ke