Na Ari Urang Sunda Kamarana ?
Jang
sakabeh urang sunda nu geus ngajeujeuh,
inohong-inohong
nu geus ngajeujeuh,
gegeden-gegeden
nu geus ngajeujeuh,
nepi iraha
aranjeun kanu leutik kaleungitan kadeudeuh?
Sakumaha
luhurna kahirupan anjeun,
sakumaha
pikaserabeuna kawasa anjeun,
sakumaha
lubak-libukna pakaya anjeun,
sing inget
getih nanahaon nu lalar liwat di jero awak anjeun.
Tuh tempo
turunan Tionghoa,
hirup pauntuy
silih mitulung jeung sasama maranehna,
nepi jadi hiji
kakuatan nu euweuh bandinganana?
Lain kudu
sirik jeung dengki ka maranehna,
anggur
tuturkeun karaketan kukulawargaana,
nu laleutik
dijait nepi ka gedena,
nu gede
dihormat jeung dijaga kunu dijaitna.
Na ari urang
sunda kamarana?
Bangsa nu hayang
ngeunah sosoranganan,
boro-boro
mikiran dulur nu keur kalaparan,
mun meunang kangeunah buru-buru
nyumput jadi lain sunda ngarah teu dipentaan?
Teu saeutik
urang sunda nu geus nepi ka pucuk,
tapi kalah
robah saenggeus nepi di pucuk,
nyengceling
poho timana mimiti ari geus di pucuk,
luhur teuing nempo
ka handap sabab nempona ti pucuk.