AA: Alhamdulillah, tah nu sok nganalisa ayat, nu sok pikaresepeun mah.
Nuhun pisan kang sarabunis nu mubaroq. Mudah2an kenging barokah.
 
Iqra bis mi Rabbika'lladzii Khalaq
hartos sajalantrahna = baca ku Jenengan (ku asma) Rabb maneh Anu Maha 
Nyiptakeun.
Muhammad Saw : "Kumaha Gusti maosna, da abdi mah bodo balilu" dugi ka tilu kali.
Jebul na Bismillahi Rabbil 'Alamiin.
Lantaran naon ? Waktos Nabi sering munajat ka Gusti Nu Maha Suci di Guha Hira,
Kanjeng Nabi teh nyunyuhunkeun ka Gusti Allah : "Gustiii, abdi teh nyaah ka 
dulur2 
abdi, kolot2 abdi, baraya2 abdi, sareng bangsa abdi nu teu terangeun ka Anjeun, 
abde rada wanoh ka Gusti; tapi nu sanesna mah henteu. Cing kumaha Gustiii ? 
Naha abdi tiasa
ngadakwahan ka maranehna sadaya ? Da abdi teh nyaah ka maranehna teh ?"
Seug atuh , jung maneh dakwah ( ieu mah teu katulis, ngan tersirat tea ); tah 
memeh indit Dakwah, atawa migawe pikeun IBADAH, baca heula Bismillahi Ar 
Rahmaan, Ar Rahiim.
 
Tah ieu parentah Iqra bismi Rabbika Alldzii Khalaq teh, realisasina nya eta 
Bismillahirahmaanirrahiim tea.
Lantaran ta teh sanada . Khalaq = Ar rahmaan, Ar Rahiim
Ar Rahmaan = anu nyadiakeun fasilitas ka sadaya manusa; nya eta Alam 
semesta(jagat raya); ditambil alat kanggo ngalolana nya eta leungeun, suku, 
panon, sareng BRAIN anu luar biasa sste.( mangga aos Surat Ar Rahmaan di na 
Qur'an )
 
Ar Rahiim = guidance, pituduh kumaha cara cara na kumaha ngelola fasilitas tadi
duanana sa nada sareng Al Khaliq = Maha NYiptakeun. ( ieu ka nu Ditunjuk Ku 
Allah )
( nu mawi jalmi teu tiasa sadayana ka na Elmu Allah )--->>> tapi aya jalmi nu 
tiasaeun
sareng tiasa ngajar ka jalmi nu daek diajar, jeung ngagunakeun akalna.
 
Janten Parentah munggaran ti Gusti Allah, sing saha jalma nu rek ngamimitian 
ibadah baca heula Bismillah tadi, nu mawi ayat awal teh nyeta Iqra bismi 
Rabbikalladzii Kholaq.
 Bilih panjang teuing dugi ka dieu we tapsiran, lntaran sakeresna bahsanana 
panjang,
tias pakuat pakait sareng ayat sanesna. Tarjamahna Pondok, tapi tafsiran sareng 
bahasanana lega pisan ambahanana; sakapeung hiji ayat kedah dijelaskeun ku ayat
sanesna. Billahi Taufiq wal hidayah Wassalamu'alakum warahmaatullah.
Abbas min  

--- On Mon, 11/10/08, Sarabunis Mubarok <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

From: Sarabunis Mubarok <[EMAIL PROTECTED]>
Subject: Re: [kisunda] masalah taqdir
To: [EMAIL PROTECTED]
Date: Monday, November 10, 2008, 10:32 AM







Al Quran Surat Al-Gasyiah 17-20: ” Maka apakah mereka tidak memperhatikan unta 
bagaimana dia diciptakan?" ....
 
Ku ieu ayat Allah tos miwarang manusa supaya maca kahirupan onta. Onta teh sato 
nu hirupna diatqdirkeun kudu menempuh perjalanan jauh. Maka onta mekelan dirina 
ku cai dina punukna. Salengkah-salengkah kalawab tenang onta ngaliwatan 
mangpirang tempat, mangpirang gurun, rewuan mil jauhna, saumur hirupna. Keur 
perjalanan jauh, onta wae geus nyiapkeun bekel dina punukna. Bekelna lain duit, 
lain perak, lain emas. Tapi cai, sabab ngan cai nu dibutuhkeun keur perjalanan 
jauhna.
 
Kumaha ari urang, manusa? keur perjalanan jauh ti ieu dunya teh, geus bebekelan 
naon? Boa-boa urang geus poho kana bekel naon nu sabenerna nu kudu di bawa ka 
alam jaga teh? Boa-boa katungkulkeun teuing ku ngungumpul dunya barana? poho 
kana sajatina bekel. Poho kana pelajaran ti onta, yen sajatina 'cai' nu dibawa 
ku onta teh sumber kakuatan keur nempuh perjalanan jauh jaga. Kulantaran manusa 
mah tukang poho, maka Alloh ngelingan ku firmanNa: "Afala yanduruuna ilal ibili 
kaifa huliqot?"
 
 
Salam,
Sarabunis Mubarok_____ ______ Singaparna

----- Original Message ----- 
From: Abah Abdurrohman 
To: [EMAIL PROTECTED] .com 
Sent: Sunday, November 09, 2008 10:06 AM
Subject: Re: [kisunda] masalah taqdir






Sampurasun Ambu, manawi aya lolongkrang, sim kuring seja ngahaturkeun cocoretan 
tahun 2000, harita bade di damel buku teu kabujeng.... . Ngeunaan bahasan Alam 
Semesta...mung dina bahasa Indonesia, aya opat bagian, mung bade nyobi digelar 
Bagian ka 1 sareng ka 2. Judulna : DIMANAKAH KINI KITA BERADA...?
nyanggakeun sabrang salayan lebet ka cabe mah henteu...... AMS
 
DIMANAKAH KINI KITA BERADA? 

  

Oleh : H.A.M. Sastra, ME (2000) 

  

Bagian Ke 1 

  
-----------cut- -------
 














      

Kirim email ke