Cek jalma Atheis nu sinis :" He manusa nu percaya Tuhan, gunakeun ku maraneh
otak maraneh, brain nu ti baheula dipiboga ku maraneh; nya brain maraneh nu 
bakal 
nangtukeun leumpang maneh, sakayang maneh, da kapan brain th sagalana; nu bisa
ngontrol naon bae kahayang urang!"
 
Naha enya kituh nya, omongan ieu urang Atheis teh ? 
Cik hayu ayeuna urang teuleuman, urang ngayakeun analysis leuleutikan lah.
Hayang nyaho bener henteuna eta omongan.
Uang hayang nyabak sirah, terus urang nyabak sirah; enya we geunng? kumaha 
urang tah.
Ayeuna urang hayang nyintreuk tuur, terus tuur disintreuk.
Enyaan loba benerna Atheis teh geuningan.
Urang hayang dahar, terus dahar
Urang hayang sare, terus ngagoyor ka bale2 terus kerek.
Enya nya? Urang nu ngontrol. Hehehehe
 
Cing ayeuna getih siah eureun heula na siku ! Euleuh geuning teu bisa ayeuna 
mah ?
Naha nya ?
Mun geus dahar, cing engke sajam deui kudu diisingkeun !
Euleuh geuning teu bisa ? Naha nya ? Kadangkala isukna deui kakara bisa ngising,
mun henteu, kakara ge anggeus dahar, geus purat perot hayang ngising.
Naha nya ?
 
Ayeuna urang nyeri huntu ! Nginum Amoxan, Amoxan abus ka na beuteung,
ku naon eta getih hideng mawa eta obat ka na huntu nu nyeri , terus cageur,
kumaha nya ? Da kapan otak mah na sirah, lain getih, naha getih kawas nu ngarti
mawa eta obat ka nu karasa nyeri ? Kumaha deui eta teh jalanna ?
 
Jeung ku naon getih teh teu burusut kabeh ka handap ( suku ) mun urang nangtung 
!
naha nya ? naha geuning urang teu bisa ngontrol getih ?
 
Jeung kumaha carana mun urang dahar vitamin, urang bia leuwih kuat ? Saha nu 
mroses na jero beuteung ? Naha geuning otak teu ngontrol ? Eta mah otomatis ?
 
Mangga nyanggakeun tah. Ka sadayana
Abbas Amin
 
 
 
 


      

Kirim email ke