Sampurasun,

Para dulur kisunda miwah urang sunda. Simkuring bade bewara rehna dina malem 
salasa kliwon nu rek kasampeur ping 17 Nopember 2008 tabuh 19.30 WIB, Ambu 
Richadiana bade manggung di Gedong Sasana Adirasa (Gedong Sambernyawa) Taman 
Mini Indonesia Indah Jakarta, dina raraga malem "Hanggara Kasih". Dina wengi 
eta Ambu bade medar yen memeh agama ti luar datang ka nusantara, luluhur urang 
geus mibanda kapercayaan/agama sorangan, jeung puncakna kabangkitan agama 
pribumi teh di jaman majapahit-pajajaran. Hal ieu dibuktikeun ku hasil kajian 
arkeologi.

Tah...kidulur, mun hanggara kasih bulan kaliwat gedong Sasana Adirasa - TMII 
digegerkeun ku pedaran kang Haris nu urang Sunda dihareupeun dulur-dulur ti 
seler Jawa, dina hanggara kasih bulan ayeuna, Urang Sunda deui nu deuk medar 
jeung pasti bakal ngagegerkeun deui gedong Sasana Adirasa, sabab bakal 
ngabuktikeun kalinuhungan tur ajen luluhur sunda. Buktina kamari poe senen 
waktu Ambu medarkeun garis wadagna dina rapat di Direktorat Kapercayaan, eeeh 
si Ambu jadi selebritis...euy.., pada nyalampeurkeun tur naranyakeun harayang 
apalleuwih jero.

Tah mun beuki loba urang sunda nu manggung di hareupeun mayoritas seler lian 
kalayan bisa ngabuktikeun kalinuhungan jeung ajen elmu kasundaan, didinya 
jigana bakal ngadorong leuwih gancangnna ajen tinajen kasundaan dipikareueus 
balarea. Sunda bakal jaya deui teh mun loba urang sunda nu tampil/manggung di 
balarea.

Ka dulur-dulur Sunda, simkuring ngajak hayu urang datang tur ngarojong 
manggungna Ambu Diana di Taman Mini. Mun aya niat hadir, carana gampang, jugjug 
bae ka Taman Mini, ke di pintu gerbang mun ditanya ku penjaga, bebeja bae rek 
ngahadiran acara Hanggoro Kasih (tempatna di Sasana Adirasa/Samber Nyowo), jadi 
abusna teu mayar, mun make mobil ngan  ditarik bayar parkir & asuransi Rp 
3.000,-.

Tah kitu bewara simkuring, sakali deui bisi poho. Tempatna di Taman Mini 
Indonesia Indah Gedong Sasana Adirasa, tabuh satengah dalapan peuting (19.30 
WIB).

Cag.

pun tabe pun,

Engkus    


      
___________________________________________________________________________
Dapatkan nama yang Anda sukai!
Sekarang Anda dapat memiliki email di @ymail.com dan @rocketmail.com.
http://mail.promotions.yahoo.com/newdomains/id/

Kirim email ke