Halaw...Jay damang? 
Suwer alus  ngorong teh Jay... 
Loba pisan pulunganeunana, tapi punten we ari mulungan korong mah hehehhe...
Hayu, maju tuluy Jaaaayyy....!

ro2


On Mon, Nov 10, 2008 at 8:31 PM, Jay <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> "Jay *"
> "Hmmm"
> "Sakapeung uing mah loba ngarasa, nempo atawa ngalaman hal-hal anu
> ceuk uing mah teu adil"
> "Oh kitu?"
> "Enya.."
> "Ah, maenya ?"
> "Heueuh*"
> "Ah, Piraku ?"
> "Piraku..piraku* heueuh ih!"
> "Contona ?"
> "Contona, aya jelma goreng patut, tapi beunghar. Tuh tempo Mang
> Ja'i. Jaba pamajikanana geulis, demplon, eplok cendol. Mun ceuk
> lagu tea mah awakna jiga piul, buntut ngaguruntul, mun leumpang
> ngageboy jiga buruy. Matak hokcai nu nempo. Sakapeung sok ngabanding-
> bandingkeun jeung diri maneh. Rupa kasep, dedegan sanajan teu jiga
> Ade Rai ge, nya lumayan tegep. Tapi boro-boro kawin, boga kabogoh ge
> apanan acan. Da euweuh nu daekeun ka maneh mah. Keur mah teu boga
> kabogoh, pangangguran deuih.."
> "Hmm, trus ?"
> "Aya deui, jelma nu baheula keur jaman sakola mindeng disetrap alatan
> baong, atawa mindeng teu asup sakola, niley ulangan ge beureum kabeh
> kelirna. Tapi naha bet ujug-ujug ayeuna panggih teh geus jadi
> pajabat, aya nu jadi camat, aya nu jadi Bupati, aya nu jadi anggota
> DPR. Padahal mun dibandingkeun jeung uing baheula keur sakola, tiap
> taun rengking ka hiji. Kuliah nepi ka sarjana, tapi naha neangan
> gawe nu rada pantes jeung pendidikan ge hese pisan.
> Ngalamar gawe kaditu kadieu teu payu. Tungtungna dina meunang gawe
> ge jadi sales. Sanajan ginding make dasi, kamana-mana ngajingjing
> koper, tapi bari luut leet kesang leumpang nanawarkeun dagangan."
> "Enya. Meni karunya nya ? Jaba cape, dagangan teu payu. Isukna ku
> boss-na dicarekan. Heueuh ?"
> "Tah enya, bener pisan Jay*"
> "Karunya teuing atuh maneh teh. Trus, naon deui? cik keprukeun kabeh"
> "Aya deui, tatangga uing. Mang Juned ngarana teh. sapopoe-na digawe,
> indit isuk datang peuting, pasedek-sedek dina beus, seseleket dina
> kareta, nagog dina angkot, tapi hirupna angger we sangsara.
> Boro-boro bisa kabeuli imah, ngontrak ge nunggak deui nunggak deui.
> Hutang di warung numpuk, pangabutuh jeung beubeunangan asa tara aya
> cukupna. Ditambah deui harga sagala pangabutuh teu eureun-eureun
> tingterekel bae. Asa hayang paeh bae, ceuk Mang Juned tea mah.
> Sakapeung mun dibandingkeun jeung si Mardi, tatangga uing oge, masih
> mending keneh si Mardi. Gawe tiisuk nepi ka sore, sarua we. Tapi
> indit gawe bari tumpak motor najan meunang ngiridit oge. Imah boga,
> najan nyicil oge. Pagawean teu cape teuing, malah mah cenah,
> lolobana waktu gawe ge ngan dipake ceting we jeung mimilisan."
> "Ngeunah atuh nya ? Ngadaharan gabut atuh mun kitu mah*"
> "Gabut ? Gabut teh naon ?"
> "Teu apal, Gabut ?"
> "Henteu, nu matak nanya oge."
> "Matakna atuh, mun aya pelajaran eta teh asup !"
> "Ih, geus kanu lain-lain deui bae. Naon atuh Gabut teh ?"
> "Gajih Buta, belegug !"
> "Owh* sugan teh naon.."
> "Trus, naon deui ?"
> "Aya deui, pahareup-hareup jeung imah uing. Ceu Eroh. Geulis. Make
> tiung, rajin ibadahna. Jelmana sopan. Nya hade rupa nya hade budi.
> Tapi boga salaki pamabokan. Kabeuki-na lalajo dangdut. Mun joget
> diluhur panggung teh bari sok noelan bujur penyanyi-na. Ari aya nu
> geruh, angger sok nyieun kaributan."
> "Ari kitu, naon urusanana jeung maneh ?"
> "Lain, padahal mun dipikir, mun ceu Eroh jadi pamajikan uing, meureun
> asa bagja pisan. Nya geulis, nya solehah. Rek dibungahkeun, rek
> dipikanyaah. Moal rek dikukumaha. Moal dititah digawe, moal dititah
> nyeuseuh, moal dititah nimba, *."
> "Moal dititah dahar oge meureun nya ?"
> "Ih nya heueuh atuh! Eh* moal, eh.. "
> "Ah, siah pabeulit nyarita teh.."
> "Ah, bongan maneh atuh ngakagokanan bae batur keur dongeng teh."
> "Enya, trus naon deui ?"
> "Aya deui, Bapana si Ujang . Rarasaan mah kudu kumaha ngajaga
> kasehatan teh, cenah. Dahar tara nu macem-macem, jaba teu loba.
> Eta ge sahuap-sahuap dahar teh. Nginum ci herang kabeuki-na. Olah
> raga ge asa cukup sanajan ngan saukur jogging saminggu sakali.
> Ngaroko henteu, ngopi henteu, begadang ge tara. Tapi ceuk dokter
> mah awakna teh pinuh ku panyakit. Jantung, Kolesterol, darah tinggi
> komplikasi jeung panyakit kutil. Tapi mun nempo si Udin Pelor, udud
> ngelepus bae jiga euweuh eureuna, kana kopi beuki, kana anggur
> komo. unggal peuting ngolecer, tapi katempona teh jagjag waringkas
> we. Tara kadenge gering"
> "Trus, naon atuh nu jadi masalahna ?"
> "Asa teu adil.."
> "Saha ?"
> "Alloh*"
> "Alloh teu adil ?"
> "Enya*"
> "Kasaha ?"
> "Nya ka uing, ka batur oge*"
> "Naha ?"
> "Apan geus dicaritakeuuuun tadiiii*. Ih !"
> "Lain, uing mah nanya teh Naha Alloh bet teu adil? Cik geura*"
> "Nyaeta, uing ge pan hayang apal !"
> "Atuh tanyakeun ka Alloh !"
> "Eta oge geus ditanyakeun*"
> "Ka saha ?"
> "Nya ka Alloh atuh ! maenya ka tukang somai"
> "Iraha ? "
> "Nya tiap geus solat*"
> "Trus, Alloh ngajawab naon ka maneh ?"
> "Teu ngajawab nanaon*"
> "Jadi Alloh teh cicing wae ?"
> "Enya.."
> "Naha Alloh bet ngabetem atuh ?"
> "Nya teuing atuh !"
> "Nya heueuh, mun Alloh bisa nyarita ka maneh mah, meureun Alloh ge
> kudu nyarita ka sabaraha juta jelma nu sok tatanya jiga maneh!"
> "Tapi naha atuh?"
> "Mun maneh hayang nyaho jawaban Alloh, tanya kana diri maneh
> sorangan, sabab Alloh mah aya dina diri urang sewang-sewangan"
> "Ah teu ngarti uing mah. Cik atuh jay, tong beulat-beulit kitu. Uing
> mah hayang nyaho kunaon Alloh teh mere loba hal-hal anu tadi
> dicaritakeun ku uing, anu ceuk uing teu adil tea.."
> "Sabab *"
> "Naon ?"
> "Ke heula atuh.."
> "Buru atuh ih.."
> "Sabab*.. Alloh teh samena-mena *"
> "Samena-mena ? Naha ?"
> "Kusabab, manusa-na oge samena-mena ka Alloh"
> "Ah, teu kabeh manusa jiga nu disebutkeun ku maneh kitu.."
> "Enya, memang teu kabeh, tapi lolobana mah kitu"
> "Mun enya kitu, geuning Ustad Momon, hirupna geuning angger we susah,
> padahal ustad.."
> "Trus ?"
> "Uing ge asa geus kudu kumaha. Solat lima waktu tara tinggaleun.
> Solat sunah mindeng. Ti mimiti solat Dhuha, Solat Hajat, Tahajud*"
> "Sok Amal ?"
> "Osok ari aya*"
> "Sok Sodakoh ?"
> "Osok.."
> "Sok Ngomongkeun batur ?"
> "Osok.. eh tara ketang"
> "Tara-tara tujuh puluh, ari bieu kabeh tatangga sia dibacakeun kabeh!"
> "Ah, lain ngomongkeun eta mah. Ngan saukur nyaritakeun."
> "Nya sarua we, nyarita jeung ngomong teh lin ?"
> "Enya sih*"
> "Paingan atuh du'a maneh tara di ijabah.."
> "Naha kunaon kitu ?"
> "Ku sabab maneh sorangan ge suudzon ka Alloh teh. Pajarkeun Alloh teu
> adil. Cik atuh nanaon teh pikir heula. Sagala kajadian teh teuleuman
> heula. Ulah asal pok.."
> "Maksudna ?"
> "Kieu we.."
> "Kumaha ?"
> "Pernah nempo jalma gelo ?"
> "Enya..mindeng"
> "Dimana ?"
> "Di jalan.."
> "Kungsi teu nempo jalma gelo gering ?"
> "Henteu*"
> "Padahal jelma gelo mah tara puguh barangdaharna. Sare sarua peureum
> jeung nu cageur, najan nu gelo mah ngan saukur ngarengkol
> dihandapeun jembatan, kahujanan, kaanginan, tara make simbut, tara
> mandi, tara lalajo tipi. Tapi tara gering, heueuh ?"
> "Enya*"
> "Tah, mun eta nu gelo dibere gering ku Alloh, ceuk maneh Alloh teh
> adil teu ?"
> "Hmmmm*. Teuing tah, rada teu ngarti !"
> "Ih, sia mah nu kitu-kitu bae teu ngarti*"
> "Bae atuh ih, cik atuh mere contona nu rada enteng*"
> "Kieu atuh*"
> "Cik.."
> "Pernah ngadenge aya ucing nyeri huntu ?"
> "Nya heunteu, da can manggih ucing indit ka dokter gigi!"
> "Tah, kusabab ucing mah moal bisa ka dokter gigi, ku Alloh teu dibere
> nyeri huntu !"
> "Nya enya atuh.."
> "Cik, Alloh teh adil teu ceuk maneh ?"
> "Jigana mah kitu.."
> "Ih maneh mah. Hese ngomong jeung nu uteukna teu bisa mikir mah."
> "Lain, cik atuh nu rada gampang kaharti!"
> "Nya kieu we atuh. Apal Korong ?"
> "Ih kalah ka ngomongkeun Korong. Geuleuh !"
> "Geuleuh soteh korong batur, da korong nu sorangan mah apanan henteu."
> "Enya..trus naon hubunganana jeung Korong ?"
> "Korong teh rasana asin."
> "Enya"
> "Cik, bayangkeun ku uteuk sia, mun eta korong rasana amis ?"
> "Atuh meureun digembrong sireum.."
> "Tah.. ari diajak ngomongkeun Korong mah geuning ngarti maneh teh"
> "Trus naon atuh intina ?"
> "Intina* mun Alloh teu adil mah, Korong maneh bisa we rasana amis,
> irung maneh digembrong sireum unggal peuting mun maneh keur sare !"
> "Heueuh.."
> "Nu matak, nalungtik kakawasaan Alloh, nalungtik kaadilan Alloh jeung
> sajabana teh tina hal-hal anu leutik heula. Tempo heula dina diri
> maneh. Tong barang tempo ka batur. Ngabanding-bandingkeun jeung
> batur. Cik atuh intropeksi heula belegug !, naha du'a urang teh teu
> diijabah. Naha aya naon nu ngahalangan, naha kurang ihlas ibadah
> urang, naha kurang segut digawe, naha loba teuing ulin, naha loba
> teuing ngalamun, naha loba teuing sirik ka batur*"
> "Hi*hi* ari maneh Jay, jiga ustad wae geuning nyarita teh.."
> "Yeuh Dul, tong nempo kana uingna, tapi dengekeun nu dicaritakeunana!
> Enya uing teh kasep, pangangguran. Teu boga kabogoh-kabogoh acan,
> tapi saeutikna uing mah syukuran. "
> "Maksudna ?"
> "Uing mah nyokot hikmahna we. Mun uing pangangguran, teu boga duit,
> tuluy boga kabogoh. Meureun uing teh lieur. Jaba kudu apel, kudu
> ginding, kudu boga duit. Bisa we alatan hayang nyugemakeun kabogoh
> lantaran teu boga duit, uing kudu punta penta ka batur, unjam injeum
> ka batur, apanan matak nyusahkeun batur. Komo mun kudu ngagarong
> sagala rupa mah.."
> "Nya atuh, apanan maneh teh geus wayah kawin. Batur mah geus reuay ku
> budak. Ari maneh hayeuh wae bubujangan."
> "Ah, nya keun bae.."
> "Lain, maenya sakitu puluh tahun ngan dipake kiih wungkul. Apan kawin
> ge sunah lin ?"
> "Kawin soteh ari geus mampuh ! Geus mampuh maraban diri sorangan,
> karek maraban anak mitoha."
> "Heueuh kana kituna mah. Tapi balik deui kana soal nu tadi. Jadi
> kumaha atuh carana sangkan uing bisa hirup cara batur ? "
> "Apan ceuk uing ge, Alloh teh samena-manena. Ku sabab kitu, maneh ge
> salian ti usaha, oge kudu ngadu'a. Tapi kudu apal oge cara
> ngadu'ana."
> "Kumaha carana ngadu'a-na ?"
> "Ngadu'a, menta ka Alloh supaya Alloh oge samena-mena ka diri
> maneh..!"
> "Naha bet kitu ?"
> "Ku sabab Alloh mah Maha Kawasa. Rek naon wae Alloh boga kahayang,
> geus pasti moal aya nu ngahalangan. Ku sabab Kakawasaanana, Alloh
> mah bisa samena-mena ka urang.."
> "Hmmmm*.kitu nya*"
> "Ngarti teu ?"
> "Teu !"
> "Enya, da maneh mah belegug*"
> "Yeeeeeee*"
>
> -Jay-
>
> 

------------------------------------

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links



Kirim email ke