aya kuhade tah carita teh Jay.. nuhun sogan bisa didongenkeun deui ka pamajikan 
jeung budak di imah...
nya mudah-mudahan wae didinya jadi jalmi beunghar di dunya oge asup sawarga
pan, urang baheula teh sok diajarkeun doa sapu jagat tea; robbana aatina 
....jeung saterasna...

salam

--- On Tue, 11/11/08, Roro Rohmah <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
From: Roro Rohmah <[EMAIL PROTECTED]>
Subject: Re: [Urang Sunda] Dongeng si Jay : Samena-mena
To: [email protected]
Date: Tuesday, November 11, 2008, 1:00 AM










    
            


Halaw...Jay damang? 
Suwer alus  ngorong teh Jay... 

Loba pisan pulunganeunana, tapi punten we ari 
mulungan korong mah hehehhe...
Hayu, maju tuluy Jaaaayyy.... !
 
ro2


On Mon, Nov 10, 2008 at 8:31 PM, Jay 
<jay_tukangkompor@ yahoo.com> wrote:
> "Jay …"
> "Hmmm"
> 
"Sakapeung uing mah loba ngarasa, nempo atawa ngalaman hal-hal anu
> ceuk 
uing mah teu adil"
> "Oh kitu?"
> "Enya.."
> "Ah, maenya 
?"
> "Heueuh…"
> "Ah, Piraku ?"
> "Piraku..piraku… heueuh 
ih!"
> "Contona ?"
> "Contona, aya jelma goreng patut, tapi 
beunghar. Tuh tempo Mang
> Ja'i. Jaba pamajikanana geulis, demplon, eplok 
cendol. Mun ceuk
> lagu tea mah awakna jiga piul, buntut ngaguruntul, mun 
leumpang
> ngageboy jiga buruy. Matak hokcai nu nempo. Sakapeung sok 
ngabanding-
> bandingkeun jeung diri maneh. Rupa kasep, dedegan sanajan 
teu jiga
> Ade Rai ge, nya lumayan tegep. Tapi boro-boro kawin, boga 
kabogoh ge
> apanan acan. Da euweuh nu daekeun ka maneh mah. Keur mah teu 
boga
> kabogoh, pangangguran deuih.."
> "Hmm, trus ?"
> "Aya 
deui, jelma nu baheula keur jaman sakola mindeng disetrap alatan
> baong, 
atawa mindeng teu asup sakola, niley ulangan ge beureum kabeh
> kelirna. 
Tapi naha bet ujug-ujug ayeuna panggih teh geus jadi
> pajabat, aya nu 
jadi camat, aya nu jadi Bupati, aya nu jadi anggota
> DPR. Padahal mun 
dibandingkeun jeung uing baheula keur sakola, tiap
> taun rengking ka 
hiji. Kuliah nepi ka sarjana, tapi naha neangan
> gawe nu rada pantes 
jeung pendidikan ge hese pisan.
> Ngalamar gawe kaditu kadieu teu payu. 
Tungtungna dina meunang gawe
> ge jadi sales. Sanajan ginding make dasi, 
kamana-mana ngajingjing
> koper, tapi bari luut leet kesang leumpang 
nanawarkeun dagangan."
> "Enya. Meni karunya nya ? Jaba cape, dagangan teu 
payu. Isukna ku
> boss-na dicarekan. Heueuh ?"
> "Tah enya, bener 
pisan Jay…"
> "Karunya teuing atuh maneh teh. Trus, naon deui? cik 
keprukeun kabeh"
> "Aya deui, tatangga uing. Mang Juned ngarana teh. 
sapopoe-na digawe,
> indit isuk datang peuting, pasedek-sedek dina beus, 
seseleket dina
> kareta, nagog dina angkot, tapi hirupna angger we 
sangsara.
> Boro-boro bisa kabeuli imah, ngontrak ge nunggak deui nunggak 
deui.
> Hutang di warung numpuk, pangabutuh jeung beubeunangan asa tara 
aya
> cukupna. Ditambah deui harga sagala pangabutuh teu 
eureun-eureun
> tingterekel bae. Asa hayang paeh bae, ceuk Mang Juned tea 
mah.
> Sakapeung mun dibandingkeun jeung si Mardi, tatangga uing oge, 
masih
> mending keneh si Mardi. Gawe tiisuk nepi ka sore, sarua we. 
Tapi
> indit gawe bari tumpak motor najan meunang ngiridit oge. Imah 
boga,
> najan nyicil oge. Pagawean teu cape teuing, malah mah 
cenah,
> lolobana waktu gawe ge ngan dipake ceting we jeung 
mimilisan."
> "Ngeunah atuh nya ? Ngadaharan gabut atuh mun kitu 
mah…"
> "Gabut ? Gabut teh naon ?"
> "Teu apal, Gabut ?"
> 
"Henteu, nu matak nanya oge."
> "Matakna atuh, mun aya pelajaran eta teh 
asup !"
> "Ih, geus kanu lain-lain deui bae. Naon atuh Gabut teh 
?"
> "Gajih Buta, belegug !"
> "Owh… sugan teh naon.."
> 
"Trus, naon deui ?"
> "Aya deui, pahareup-hareup jeung imah uing. Ceu 
Eroh. Geulis. Make
> tiung, rajin ibadahna. Jelmana sopan. Nya hade rupa 
nya hade budi.
> Tapi boga salaki pamabokan. Kabeuki-na lalajo dangdut. 
Mun joget
> diluhur panggung teh bari sok noelan bujur penyanyi-na. Ari 
aya nu
> geruh, angger sok nyieun kaributan."
> "Ari kitu, naon 
urusanana jeung maneh ?"
> "Lain, padahal mun dipikir, mun ceu Eroh jadi 
pamajikan uing, meureun
> asa bagja pisan. Nya geulis, nya solehah. Rek 
dibungahkeun, rek
> dipikanyaah. Moal rek dikukumaha. Moal dititah digawe, 
moal dititah
> nyeuseuh, moal dititah nimba, …."
> "Moal dititah 
dahar oge meureun nya ?"
> "Ih nya heueuh atuh! Eh… moal, eh.. "
> 
"Ah, siah pabeulit nyarita teh.."
> "Ah, bongan maneh atuh ngakagokanan 
bae batur keur dongeng teh."
> "Enya, trus naon deui ?"
> "Aya deui, 
Bapana si Ujang . Rarasaan mah kudu kumaha ngajaga
> kasehatan teh, cenah. 
Dahar tara nu macem-macem, jaba teu loba.
> Eta ge sahuap-sahuap dahar 
teh. Nginum ci herang kabeuki-na. Olah
> raga ge asa cukup sanajan ngan 
saukur jogging saminggu sakali.
> Ngaroko henteu, ngopi henteu, begadang 
ge tara. Tapi ceuk dokter
> mah awakna teh pinuh ku panyakit. Jantung, 
Kolesterol, darah tinggi
> komplikasi jeung panyakit kutil. Tapi mun nempo 
si Udin Pelor, udud
> ngelepus bae jiga euweuh eureuna, kana kopi beuki, 
kana anggur
> komo. unggal peuting ngolecer, tapi katempona teh jagjag 
waringkas
> we. Tara kadenge gering"
> "Trus, naon atuh nu jadi 
masalahna ?"
> "Asa teu adil.."
> "Saha ?"
> "Alloh…"
> 
"Alloh teu adil ?"
> "Enya…"
> "Kasaha ?"
> "Nya ka uing, ka 
batur oge…"
> "Naha ?"
> "Apan geus dicaritakeuuuun tadiiii…. Ih 
!"
> "Lain, uing mah nanya teh Naha Alloh bet teu adil? Cik 
geura…"
> "Nyaeta, uing ge pan hayang apal !"
> "Atuh tanyakeun ka 
Alloh !"
> "Eta oge geus ditanyakeun…"
> "Ka saha ?"
> "Nya ka 
Alloh atuh ! maenya ka tukang somai"
> "Iraha ? "
> "Nya tiap geus 
solat…"
> "Trus, Alloh ngajawab naon ka maneh ?"
> "Teu ngajawab 
nanaon…"
> "Jadi Alloh teh cicing wae ?"
> "Enya.."
> "Naha 
Alloh bet ngabetem atuh ?"
> "Nya teuing atuh !"
> "Nya heueuh, mun 
Alloh bisa nyarita ka maneh mah, meureun Alloh ge
> kudu nyarita ka 
sabaraha juta jelma nu sok tatanya jiga maneh!"
> "Tapi naha 
atuh?"
> "Mun maneh hayang nyaho jawaban Alloh, tanya kana diri 
maneh
> sorangan, sabab Alloh mah aya dina diri urang 
sewang-sewangan"
> "Ah teu ngarti uing mah. Cik atuh jay, tong 
beulat-beulit kitu. Uing
> mah hayang nyaho kunaon Alloh teh mere loba 
hal-hal anu tadi
> dicaritakeun ku uing, anu ceuk uing teu adil 
tea.."
> "Sabab …"
> "Naon ?"
> "Ke heula atuh.."
> 
"Buru atuh ih.."
> "Sabab….. Alloh teh samena-mena …"
> "Samena-mena 
? Naha ?"
> "Kusabab, manusa-na oge samena-mena ka Alloh"
> "Ah, teu 
kabeh manusa jiga nu disebutkeun ku maneh kitu.."
> "Enya, memang teu 
kabeh, tapi lolobana mah kitu"
> "Mun enya kitu, geuning Ustad Momon, 
hirupna geuning angger we susah,
> padahal ustad.."
> "Trus 
?"
> "Uing ge asa geus kudu kumaha. Solat lima waktu tara 
tinggaleun.
> Solat sunah mindeng. Ti mimiti solat Dhuha, Solat Hajat, 
Tahajud…"
> "Sok Amal ?"
> "Osok ari aya…"
> "Sok Sodakoh 
?"
> "Osok.."
> "Sok Ngomongkeun batur ?"
> "Osok.. eh tara 
ketang"
> "Tara-tara tujuh puluh, ari bieu kabeh tatangga sia dibacakeun 
kabeh!"
> "Ah, lain ngomongkeun eta mah. Ngan saukur nyaritakeun. "
> 
"Nya sarua we, nyarita jeung ngomong teh lin ?"
> "Enya sih…"
> 
"Paingan atuh du'a maneh tara di ijabah.."
> "Naha kunaon kitu ?"
> 
"Ku sabab maneh sorangan ge suudzon ka Alloh teh. Pajarkeun Alloh teu
> 
adil. Cik atuh nanaon teh pikir heula. Sagala kajadian teh teuleuman
> 
heula. Ulah asal pok.."
> "Maksudna ?"
> "Kieu we.."
> "Kumaha 
?"
> "Pernah nempo jalma gelo ?"
> "Enya..mindeng"
> "Dimana 
?"
> "Di jalan.."
> "Kungsi teu nempo jalma gelo gering ?"
> 
"Henteu…"
> "Padahal jelma gelo mah tara puguh barangdaharna. Sare sarua 
peureum
> jeung nu cageur, najan nu gelo mah ngan saukur 
ngarengkol
> dihandapeun jembatan, kahujanan, kaanginan, tara make simbut, 
tara
> mandi, tara lalajo tipi. Tapi tara gering, heueuh ?"
> 
"Enya…"
> "Tah, mun eta nu gelo dibere gering ku Alloh, ceuk maneh Alloh 
teh
> adil teu ?"
> "Hmmmm…. Teuing tah, rada teu ngarti !"
> 
"Ih, sia mah nu kitu-kitu bae teu ngarti…"
> "Bae atuh ih, cik atuh mere 
contona nu rada enteng…"
> "Kieu atuh…"
> "Cik.."
> "Pernah 
ngadenge aya ucing nyeri huntu ?"
> "Nya heunteu, da can manggih ucing 
indit ka dokter gigi!"
> "Tah, kusabab ucing mah moal bisa ka dokter gigi, 
ku Alloh teu dibere
> nyeri huntu !"
> "Nya enya atuh.."
> 
"Cik, Alloh teh adil teu ceuk maneh ?"
> "Jigana mah kitu.."
> "Ih 
maneh mah. Hese ngomong jeung nu uteukna teu bisa mikir mah."
> "Lain, cik 
atuh nu rada gampang kaharti!"
> "Nya kieu we atuh. Apal Korong ?"
> 
"Ih kalah ka ngomongkeun Korong. Geuleuh !"
> "Geuleuh soteh korong batur, 
da korong nu sorangan mah apanan henteu."
> "Enya..trus naon hubunganana 
jeung Korong ?"
> "Korong teh rasana asin."
> "Enya"
> "Cik, 
bayangkeun ku uteuk sia, mun eta korong rasana amis ?"
> "Atuh meureun 
digembrong sireum.."
> "Tah.. ari diajak ngomongkeun Korong mah geuning 
ngarti maneh teh"
> "Trus naon atuh intina ?"
> "Intina… mun Alloh 
teu adil mah, Korong maneh bisa we rasana amis,
> irung maneh digembrong 
sireum unggal peuting mun maneh keur sare !"
> "Heueuh.."
> "Nu 
matak, nalungtik kakawasaan Alloh, nalungtik kaadilan Alloh jeung
> 
sajabana teh tina hal-hal anu leutik heula. Tempo heula dina diri
> maneh. 
Tong barang tempo ka batur. Ngabanding-bandingk eun jeung
> batur. Cik atuh 
intropeksi heula belegug !, naha du'a urang teh teu
> diijabah. Naha aya 
naon nu ngahalangan, naha kurang ihlas ibadah
> urang, naha kurang segut 
digawe, naha loba teuing ulin, naha loba
> teuing ngalamun, naha loba 
teuing sirik ka batur…"
> "Hi…hi… ari maneh Jay, jiga ustad wae geuning 
nyarita teh.."
> "Yeuh Dul, tong nempo kana uingna, tapi dengekeun nu 
dicaritakeunana!
> Enya uing teh kasep, pangangguran. Teu boga 
kabogoh-kabogoh acan,
> tapi saeutikna uing mah syukuran. "
> 
"Maksudna ?"
> "Uing mah nyokot hikmahna we. Mun uing pangangguran, teu 
boga duit,
> tuluy boga kabogoh. Meureun uing teh lieur. Jaba kudu apel, 
kudu
> ginding, kudu boga duit. Bisa we alatan hayang nyugemakeun 
kabogoh
> lantaran teu boga duit, uing kudu punta penta ka batur, unjam 
injeum
> ka batur, apanan matak nyusahkeun batur. Komo mun kudu 
ngagarong
> sagala rupa mah.."
> "Nya atuh, apanan maneh teh geus 
wayah kawin. Batur mah geus reuay ku
> budak. Ari maneh hayeuh wae 
bubujangan."
> "Ah, nya keun bae.."
> "Lain, maenya sakitu puluh 
tahun ngan dipake kiih wungkul. Apan kawin
> ge sunah lin ?"
> 
"Kawin soteh ari geus mampuh ! Geus mampuh maraban diri sorangan,
> karek 
maraban anak mitoha."
> "Heueuh kana kituna mah. Tapi balik deui kana soal 
nu tadi. Jadi
> kumaha atuh carana sangkan uing bisa hirup cara batur ? 
"
> "Apan ceuk uing ge, Alloh teh samena-manena. Ku sabab kitu, maneh 
ge
> salian ti usaha, oge kudu ngadu'a. Tapi kudu apal oge cara
> 
ngadu'ana."
> "Kumaha carana ngadu'a-na ?"
> "Ngadu'a, menta ka 
Alloh supaya Alloh oge samena-mena ka diri
> maneh..!"
> "Naha bet 
kitu ?"
> "Ku sabab Alloh mah Maha Kawasa. Rek naon wae Alloh boga 
kahayang,
> geus pasti moal aya nu ngahalangan. Ku sabab Kakawasaanana, 
Alloh
> mah bisa samena-mena ka urang.."
> "Hmmmm….kitu 
nya…"
> "Ngarti teu ?"
> "Teu !"
> "Enya, da maneh mah 
belegug…"
> "Yeeeeeee…"
>
> -Jay-
>
> 


------------ --------- --------- ------

Komunitas Urang Sunda --> 
http://www.Urang- Sunda.or. id
Yahoo! 
Groups Links


Traditional

    
(Yahoo! ID required)


    mailto:urangsunda- fullfeatured@ yahoogroups. com

urangsunda-unsubscr [EMAIL PROTECTED] com




      

    
    
        
         
        
        








        


        
        


      

Kirim email ke