Neangan Prabu Siliwangi
Dina buku Nyukcruk Sajarah Pakuan Pajajaran jeung Prabu Siliwangi, beunang
Saleh Danasasmita (Kiblat Buku Utama, 2003), aya bab Tokoh Siliwangi dina
Sajarah (kaca 123 jeung saterusna). Ke memeh ka dinya, perlu sigana
ditulis saha Saleh Danasasmita. Anjeuna sajarawan nu cek si kuring mah
memang manukna. Dina carana nulis estuning kritis atawa objektif tea bari
jeung ngahargaan pamanggih batur samamehna, carana ngabahas hasil
pamanggih batur, cara Pleyte jsb, kacida hadena, pinuh ku bahasan nu
euyeub, logis bari tetep kritis (sebut we seukeut) mulak-malik jeung
naliti naskah-naskah nu aya, dihubung-hubugkeun kalayan gemet bari keukeuh
kritis.
Perkara Euweuh dina Prasasti
Enya, sanajan kakoncara jeung minangka tokoh paling populer di Tatar
Sunda, di pikiran jeung hate bin batin Urang Sunda, nu ngaran Siliwangi
teu kapanggih dina prasasti. Ari cara sajarawan mah cenah guru jentul.
Mun euweuh dina prasasti atawa sumber otentik sejenna, teu meunang
diasupkeun kana sajarah. Sabalikna oge, cenah. Nu bener-bener ahli sajarah
moal wani-wani nyebutkeun euweuh lamun kabeneran aya tokoh populer tapi
teu kasebut dina prasasti. Nyebut aya ulah ku percaya, nyebut teu aya ulah
lantaran teu ngandel. Salila can kabuktikeun aya-ueweuna, nya kudu netral,
sukur mun bari diteangan atawa dibuktikeun aya euweuhna.
Tokoh nu teu kasebut dina prasati can tangtu euweuh dina Sajarah. Conto
di Wetan, bangsa nu rajin nabeuh karep. Ken Arok, Raden Wijaya, Hayam
Wuruk, Gajah Mada, rengkolna euweuh dina prasasti mana bae oge. Tapi
gening ari dina buku sajarah mah reuteum tah ngaran-ngaran eta teh. Jadi
meman teu meunang gagabah nyebut euweuh teh, cenah.
Pikeun neangan nu euweuh, make metode identifikasi cenah. Ken Arok
euweuh
dina prasasti, sabab dina prasasti mah disebutna Rajasa. Ari Hatta
Rajasa, menteri sekretaris negara turunana? Ah duka teuing. Ngan cenah,
Hatta mah urang Palembang. Raden Wijaya kitu deuih, dina prasasti mah
ngarana Kertarajasa. Hayam Wuruk disebutna Sri Rajasanagara. Urang Jawa
can tangtu wanoh ka ngaran Rajasa, Kertarajasa, atawa Rajasanagara. Tapi
mun ka ngaran Ken Arok, Ken Dedes, Ken Norton, Hayam Wuruk, Hayam pelung,
langsung apal tokoh mana nu dimaksud. Naha kitu? Sabab memeh sajarawan
munggaran (bule) maluruh bukti-bukti sajarah tina sagala bukti nu aya,
tokoh-tokoh eta geus aya atawa dipikawonoh dina naskah tradisional.
Identifikasi Munggaran
Prasasti Batu Tulis di Bogor- jieuna Prabu Surawisesa, nu dina naskah
tradisional katelah Prabu Guru Gantangan atawa disebut oge Mundinglaya
(1533), nu jadi raja Pajajaran taun 1921/1522-1535. Identifikasi ieu
beunang Amir Sutaarga, dibukukeun taun 1965, judulna Prabu Siliwangi.
Numutkeun pamanggih Amir, Prabu Siliwangi teh identik jeung Sri Baduga
Maharaja, tokoh nu aya dina prasasti Writen Stone (Batu Tulis Bogor).
Dasar tiori Amir Sutaarga kieu, cek Bah Saleh:
1. Prabu Siliwangi, dina Babad Siliwangi, putrana Prabu Anggalarang alias
Prabu Wangi
2. Prabu Wangi dina babad eta, sarua jeung tokoh Niskala Wastu Kancana
dina Carita Parahiyangan, nu cenah sarua jeung dia prasasti Batu Tulis
jeung prasasti Kabantenan
3. Prabu Siliwangi, harti harfiah boh simbolis, maksudna nu nyilihan-nu
ngaganti (prabu) Wangi.
4. Mun ditilik tina kamashuranana jeung kakuasaanana, Prabu Siliwangi
sarua (identik) jeung Sri Baduga Maharaja.
Sanajan ku Saleh dianggap aya bagean nu kurang kuat, utamana dina
ngahartikeun umur/taun, bari ngantetkeun pamanggihna kana bacaan Holle nu
masih ngambang hartina, dina salah sahiji bagia Carita Parahyangan. Amir
netelakeun hiji hal nu kaitung penting, nu ngabongkar teori Purbatjaraka
nu harita geus ngakar. Purbatjaraka nganggap raja Sunda dina naskah
Pararaton, nu perlaya di perang Bubat teh Sri Baduga. Meureun salahna
teh, ibarat nu maca naskah Proklamasi RI taun 45 teh Suharto.
Gara-garana mah sajarawah kayaning Holle, Poerbatjaraka, salah atau
kurang tarapti maca bagean tina Carita Parahyangan:
Ayana seuweu prebu siliwangi ngaranna inyana prebu niskala wastu kancana
nu surup di nusa larang ringgiri wanakusuma lawasiya satu saratus opat
tahun.
Identitas siliwangi
Cape ah. Kanu hoyong teras maluruh perkara Prabu Siliwangi, nya mangga we
peser buku eta. Mun teu aya di Gramedia, nya cobi telpon pamedal Kiblat
Buku Utama. Hehe
Salah sahiji katerangan dina buku eta, netelakeun yen Prabu Siliwangi teh
ngan Hiji. Tapi cenah loba US nu nganggap Siliwangi teh rea. Aya nu nyebut
tujuh jeung maker nomer sagala, Siliwangi I, II, III, IV, jst, umumna
dinomeran ku kaum Sunda nu nyakola, jeung nu resep mistik, oge bisa jadi
pangaruh sajarah kulon.
Islam ka Nusantara
Cek Saleh dina buku eta, numutkeun panalungtikan sajarah mutahir, Islam
asup ka Sumatra abad ka 7 (taun 600-an), jaman Halifah Umar bin Khathab.
Majapait karek ngadeg taun 1293. jadi tujuh abad sanggeus Islam asup ka
Nusantara. Jaman Hayam Wuruk kabukti geus loba pangeusi puseur majapahit
nu ngagem islam. Cek Tome Pires, dina taun 1513 (jaman Siliwangi), di
muara Cimanuk, sanajan rajana ngagem agama Pajajaran, rayatna mah geus
Islam. Malah Subanglarang, garwana Siliwangi oge agamana teh Islam.
Saha Prabu Siliwangi, teh?
Tulisa Saleh Danasasmita, bulat-beulit ngakurkeun angka jeung taun dina
sababaraha naskah, asana lumpat ka kasimpulan nu geus ditetelakeun ku Amir
Sutaarga, yen nu dimaksud Prabu Siliwangi teh, eta, Sri Baduga Maharaja,
nu ayeuna dipake ngaran Museum Negeri Jawa Barat di Tegallega
mj
http://geocities.com/mangjamal
http://mangjamal.multiply.com