Teangan Heula Kasasuaan


 

Anu
     nepi pucuk di elmu sakolaan,

geuning kaliwat
teu diajar elmu mairan,

teu inget
manehna bijil ti Pajajaran,

ngudag-ngudag
sebutan ti nagri lain ngan ukur jang sorangan. 

 

Leuwih resep
pahaok-haok perang kayakinan,

dina prak-prakan
teu bisa turun bari
loba alesan,

leuwih mercaya
sumber elmuna dina seratan,

nu can mungguh
nyaritakeun kanyataan. 

 

Nempo sunda nu
hirup atog-atogan,

panon peureum
ngarasa lain urusan,

make bahasana
oge haroream,

da loba nu
ngarasa jadi turun kahormatan. 

 

Ngabela sunda
ukur dina ucapan,

mun ditoong ka
jero teu make niatan,

angger neangan
heula bebedaan,

lain neangan
heula kasasuaan. 




      

Kirim email ke