Sapuk, nu kitu teh sigana bisa disebut artefak atawa titinggal
peralihan budaya lisan jadi budaya tulisan. Tina cukup ku omong robah
jadi kudu aya dokumen. Sok bae tengetan barudak ayeuna, geus jarang
kapanggih nu ngaranna cecep gorbacep atawa neneng keleneng, sabab ti
barang gebray ka alam dunya -- malah ti samemehna gelar -- kolotna
geus pada malikir naon pingaraneun budak, can sumbangan ti nini-akina,
tungtungna ngaran jadi paranjang nepi ka opat lima kecap dina akteuna
teh... Jadi 'neneh'na kaluar pandeuri, kapiheulaan ku ngaran resmi...

On Mon, Nov 17, 2008 at 4:40 PM, Firman Juliansyah wrote:
> Numutkeun si guwe mah, ngaran nu diulang teh justru
> asalna mah panjang. Kusabab jalma teh teu ujug-ujug
> gede, jadi budak leutik heula, jadi digero ku ngaran
> anu gampang. ngaran singkatan tina ngaran panjang.
> misalna sudrajat jadi ajat. Pas asup sakola
> didaptarkeun, ngaranna geus kagok disebut ajat. jadi
> we ajat sudrajat.
>
> aya oge penomena ngarana memang suku kata (naon
> sundana) nu diulang. conto:
> aa
> ii
> uu
> ee (ada lho, yang namanya ee)
> oo
> tata
> titi
> toto
> nanang
> neneng
> jajang
> dadan
> deden
> didin
> dudun
> yaya
> yuyu
> yoyon
> yuyun
>
> numutkeun si guwe mah, eta teh aya petalina jeung
> mental sunda nu ogoan atawa resep ngogo ka anakna.
> jadi nyebut sagala ge make bahasa budak:
> lancingan=acin
> raksukan=acuk
> kurupuk=pupuk
> dahar=daang
> duit=cicis
> ngaleueut=eueut
>
> kumaha tah, apakah aranda semuwah sapagodos?
>
> Firman Juliansyah
>
> Office: VILLA MERAH Training & Software Provider Jl. Cicukang 73, Bandung,
> Indonesia 40294 Ph: +62 22 7808841, Fax: +62 22 7808841
>
> Home: Kp Cijambe Rt 01 Rw 06, Jl Ajitunggal Gang Kenanga I No 32, Pasir
> Endah, Ujung Berung, Bandung, Indonesia 40619
>
> Mobile Ph: +62 81 320 656 905
> Email for Yahoo Messenger & Friendster: [EMAIL PROTECTED]
>
> Website kantor :
> www.villamerah.co.id, www.fieldma.com, www.indoenergi.co.id
>
> Website pribadi: http://profiles.friendster.com/12608683
> Blog pribadi : http://bozzetto.blogs.friendster.com/bozzetto/
>
> 



-- 
sikandar
kumincir.blogspot.com
kumincir.multiply.com
blog.boleh.com/kumincir
kumincir.wordpress.com
su.wikipedia.org
www.urangsunda.or.id

Kirim email ke