dupi di lembur kuringmah ngaranteh loba numake "Mad"
pangpangnamah ngaran budak baheula
ayeuna geus kolot
malahan loba oge nu geus maot
contona wae aya:
Madkari
Madsair
Madrasim
Madsueb
Madrasah
jrd........




________________________________
Dari: A Gunawan <[EMAIL PROTECTED]>
Kepada: [email protected]
Terkirim: Senin, 17 November, 2008 17:40:11
Topik: Re: [Urang Sunda] Ngaran Sunda Diulang-ulang?


Jigana ngaran budak nu paranjang teh aya di wewengkon nu tangtu, sabab di 
sababaraha wewengkon tatar Sunda (Pagaden Subang upamana), aya keneh nu teu 
resep mere ngaran budak nu ngagarebay, tapi leuwih milih nuluykeun tradisi 
karuhunna nu singset, mundel. Mere ngaran budak  cukup nu pondok, nyogok, 
saperti: Tarlan, Taswan, Tersem, Wasban, Tasman, Tarzan (eh..eta mah afrika 
nya?) jste. 
Ku kamekaran basa Sunda, fenomena mere ngaran budak ceuk saha teu milu mekar. 
Buktina, aya ngaran budak nu mangrupa kalimah basa Sunda nu merenah, Upamana:
Mugi Wening Rohanina 
Kadeudeuh Nulana, jste. 
Ngan aya hiji ngaran nu matak rada mangmang (punten bilih aya nu sami) "Entab". 
Ieu ngaran mah jigana rada hese pikeun dikedalkeun rada panjang (make idgom), 
tapi kudu diucapkeun pondok bae (make iqlab saperti kecap kentob, anteb, jsb). 
Hesena, saupama rek nitah meuli tarasi teh indungna teu bisa ngageroan saperti 
ka Jakaaaaaaaaaaaaaaaa a! atawa Bagjaaaaaaaaaaa! 
Nu kapireng teh Entaaaaaaaaaaaaaaaa aaaaaaa.. .b. Sora 'eb' na mah meh teu 
kakuping pisan. 
Tah, nu jadi patalekan kuring... Ari Kumincir Wikidisastra naon pihartieunana? 

Cag Ah.
Baktos
-Adit-
http://naskah- sunda.blogspot. com

--- On Mon, 11/17/08, Kumincir Wikidisastra <[EMAIL PROTECTED] .or.id> wrote:

From: Kumincir Wikidisastra <[EMAIL PROTECTED] .or.id>
Subject: Re: [Urang Sunda] Ngaran Sunda Diulang-ulang?
To: [EMAIL PROTECTED] ups.com
Date: Monday, November 17, 2008, 4:49 PM


Sapuk, nu kitu teh sigana bisa disebut artefak atawa titinggal
peralihan budaya lisan jadi budaya tulisan. Tina cukup ku omong robah
jadi kudu aya dokumen. Sok bae tengetan barudak ayeuna, geus jarang
kapanggih nu ngaranna cecep gorbacep atawa neneng keleneng, sabab ti
barang gebray ka alam dunya -- malah ti samemehna gelar -- kolotna
geus pada malikir naon pingaraneun budak, can sumbangan ti nini-akina,
tungtungna ngaran jadi paranjang nepi ka opat lima kecap dina akteuna
teh... Jadi 'neneh'na kaluar pandeuri, kapiheulaan ku ngaran resmi...

On Mon, Nov 17, 2008 at 4:40 PM, Firman Juliansyah wrote:
> Numutkeun si guwe mah, ngaran nu diulang teh justru
> asalna mah panjang. Kusabab jalma teh teu ujug-ujug
> gede, jadi budak leutik heula, jadi digero ku ngaran
> anu gampang. ngaran singkatan tina ngaran panjang.
> misalna sudrajat jadi ajat. Pas asup sakola
> didaptarkeun, ngaranna geus kagok disebut ajat. jadi
> we ajat sudrajat.
>
> aya oge penomena ngarana memang suku kata (naon
> sundana) nu diulang. conto:
> aa
> ii
> uu
> ee (ada lho, yang namanya ee)
> oo
> tata
> titi
> toto
> nanang
> neneng
> jajang
> dadan
> deden
> didin
> dudun
> yaya
> yuyu
> yoyon
> yuyun
>
> numutkeun si guwe mah, eta teh aya petalina jeung
> mental sunda nu ogoan atawa resep ngogo ka anakna.
> jadi nyebut sagala ge make bahasa budak:
> lancingan=acin
> raksukan=acuk
> kurupuk=pupuk
> dahar=daang
> duit=cicis
> ngaleueut=eueut
>
> kumaha tah, apakah aranda semuwah sapagodos?
>
> Firman Juliansyah
>
> Office: VILLA MERAH Training & Software Provider Jl. Cicukang 73, Bandung,
> Indonesia 40294 Ph: +62 22 7808841, Fax: +62 22 7808841
>
> Home: Kp Cijambe Rt 01 Rw 06, Jl Ajitunggal Gang Kenanga I No 32, Pasir
> Endah, Ujung Berung, Bandung, Indonesia 40619
>
> Mobile Ph: +62 81 320 656 905
> Email for Yahoo Messenger & Friendster: [EMAIL PROTECTED] com
>
> Website kantor :
> www.villamerah. co.id, www.fieldma. com, www.indoenergi. co.id
>
> Website pribadi: http://profiles. friendster. com/12608683
> Blog pribadi : http://bozzetto. blogs.friendster .com/bozzetto/
>
> 

-- 
sikandar
kumincir.blogspot. com
kumincir.multiply. com
blog.boleh.com/ kumincir
kumincir.wordpress. com
su.wikipedia. org
www.urangsunda. or.id
 
    


      
___________________________________________________________________________
Dapatkan nama yang Anda sukai!
Sekarang Anda dapat memiliki email di @ymail.com dan @rocketmail.com.
http://mail.promotions.yahoo.com/newdomains/id/

Kirim email ke