Hiji Lalaki Uyap-Ayap Sisi Jungkrang
Gunung
galunggung nu ngajurungkunung,
mapag mega di
tungtung layung,
karyaning
damelan Gusti Anu Agung,
dibarengan ting parentul
tangkal kawung.
Hiji lalaki
uyap-ayap sisi jungkrang,
awakna barabak
ku seukeutna batu karang,
geus
mangtaun-taun neangan nu kudu disorang,
ngan angger wae
nu diteangan ngan ukur ngalangkang.
Tisoledat
tibeubeut geus teu dirasa,
tidagor tigebrus
geus teu karasa,
ku batur disebut
jalma teu boga rumasa,
ngabelaan hiji
maksud nu kubatur teu karasa.
Sakapeung rineh
ngarasakeun kacape,
awak pasiksak bari nyeri dina hate,
kunaon batur
loba nu nyangka teu hade,
sakitu geus
adug-adugan cumarita yen ieu hade.
Geuning can wae
kapanggih eta kalangkang,
atawa ngan ukur
kahayang nu ngalangkang,
jadi jang naon
beak waktu ngudag kalangkang,
nu dipikahayang
angger ngaganggu jeung ngalangkang.
Arek mulang asa
melang,
geus lila teuing
kumalendang,
kuciwa hate
jelas kasawang,
kahayang angger
aya di awang-awang.
Eta lalaki diuk
candekul,
tungtungna lila
ngajentul,
nempokeun jalan
anu rarenjul,
kuciwa na ati
beuki ngajendul.