Kudu Bisa Jadikeun Ngawujud
Sakabeh
eusi alam semesta diciptakeun saimbang,
nu hiji
diayakeun jang ngajaga kaayaan nu lain,
nu hiji euweuh
bakal digantikeun kunu lain,
istuning hiji
hukum alam jang ngajaga kasaimbangan.
Nu di luhur hiji
mangsa ka handap,
nu di handap
hiji mangsa kaluhur bakal karandap,
muter jeung
muter nuturkeun waktu,
sakabeh geus
jelas jeung geus tangtu.
Geus saputeran
urang sunda katalangsara,
nepi ka teu
nyaho laratanana,
nepi ka poho
wiwitana,
ayeuna geus
wayahna balik deui ka mimitina.
Teu ukur nempo
nu ngawujud,
kudu bisa nempo
nu teu ngawujud,
sabab loba eusi
alam teu ngawujud,
kudu bisa
jadikeun ngawujud…