haha... bener... bener... bener-bener lucu :))
sok teraskeun kang ganjar, kang uyun....

peng bal diapengkeun... hep, suku diteueulkeun kana lemah, jleng ngajleng
satarikna,, leungeun dihembatkeun... jelebet, bal nu keur ngalayang dihanca
dampal panangan satakerna. belesat bal ngajorelat milepas muru kalang
ditueun net. heup ditampa ku pamaen beklen... dioper ka kang ganjar, toser
kakoncara, pismeseunna kawentar legit, kabeuki smeser-smeser... harita ge
bal ngeunah teh disodorkeun ka kang uyun.. spiker kelas internasional, teu
antaparah, bal nu sakitu pikauruyeunna, ipis luhureun net, dihantem leungeun
kang uyun... jelebet... peeeeeeeeuuuuuungggggggggggggggggg

On Wed, Nov 19, 2008 at 8:40 AM, Yuyun Wahyu <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

>   ngacambrung eta teh.
> ulah sok ngarang-ngarang, kang, bisi doraka
> apan tiap-tiap daerah ge beda mere ngaranna.
>
> ASlinamah sanes DUREN, tapi DURIAN, hartosna CUCUKAN.
>
> ------------------------------
> *Dari:* Ganjar Kurnia <[EMAIL PROTECTED]>
> *Kepada:* [email protected]; kisunda <[EMAIL PROTECTED]>
> *Terkirim:* Rabu, 19 November, 2008 08:26:22
> *Topik:* [Urang Sunda] duren atawa kadu
>
>  Buah anu kulitna cucukan tapi mibanda rasa amis tur pelem teh aslina mah
> ngaranna "duren". Tapi aya oge anu nyarebut "kadu". Ngeunaan hal ieu, cenah
> aya dongengna. Dina hiji waktu, aya Insinyur pertanian anu ditaros ngeunaan
> ngaran buah anu  kulitna cucukan tapi mibanda rasa anu amis tur pelem tea.
> Sang insinyur hilap deui ngaranna. Kumargi ari ngajawab hilap deui atanapi
> teu terang sama sakali (duka.....)   mah gengsi, nya kecap " duka" teh
> dibalikeun jadi "ka du". Ti harita pisan  duren teh gaduh nami alias
> yaeta "kadu" tea.
>
> Catetan : Insinyur pertanian na sanes pribados.
>
>  _,___
>



-- 
d-: dudi herlianto :-q
~nyoba ngilu ngabauan dunya~

Kirim email ke