Buah anu kulitna cucukan tapi mibanda rasa amis tur pelem teh aslina mah 
ngaranna "duren". Tapi aya oge anu nyarebut "kadu". Ngeunaan hal ieu, cenah aya 
dongengna. Dina hiji waktu, aya Insinyur pertanian anu ditaros ngeunaan ngaran 
buah anu  kulitna cucukan tapi mibanda rasa anu amis tur pelem tea. Sang 
insinyur hilap deui ngaranna. Kumargi ari ngajawab hilap deui atanapi teu 
terang sama sakali (duka.....)   mah gengsi, nya kecap " duka" teh dibalikeun 
jadi "ka du". Ti harita pisan  duren teh gaduh nami alias yaeta "kadu" tea. 

Catetan : Insinyur pertanian na sanes pribados. 


      

Kirim email ke