padahal mah keun wae atuh mang, rek nulis sakecap dua kecap ge, nu penting berpartisipasi hehehehe da tina sakecap dua kecap eta geuning kuring mah reuseup jeung bertahan muka milis ieu, asa boga dulur, bari jeung teu nyaho saha-sahana mah.
lamun di japrikeun nu sakecap dua kecap eta asa teu paruguh mending digolontorkeun weh dimilis, jiga ceceletukan tea geuning. bener Mang ku ayana milis ieu kuring asa boga dulur, nuhun. salam, helmi matari suryanegara ________________________________ From: mj <[EMAIL PROTECTED]> To: [email protected] Sent: Thursday, November 20, 2008 5:26:36 PM Subject: [Urang Sunda] (kuncen #3) ulah chating Punten ka baraya kusnet, utamana kanu anyar gabung, milis mah sanes kanggo chating nu ngan sakecap dua kecap. Janten wayahna, mun teu purun nulis rada panjang, teu kudu ngawalonan. Wayahna oge mun surelek nu eusina sakecap dua kecap mah, nu ngan ukur ngawalonan alakadarna, dipupus ku kuncen. Oge kanu rajin ngirim attachment, ulah sering teuing. Karunya nu internetna dijatah, komo nu teu haratis siga di kantor sewang-sewangan Nuhun Mj Mangjamal.multiply. com

