hapunten sa teu acana ka balarea khususna mang jamal, kumaha sim kuring nya nu teu bisa nulis (nulis nu bener) make basa sunda? matak tara panjang2 ge nulisna da teu bisa -- sok sieun salah! nulis pondok wae ge pikarunyaeun keneh da loba salah kecap, nyaa sabenerna mah ngawani-wani maneh bakating ku hayang bisa jeung hayang manjangkeun baraya sasama US. Mun aya istilah sebutan 'Sunda Insyaf' mah nya kuring tea jelema na, kakarak insyaf da tadina boga bahasa tapi tara dipake kulantaran lingkungan pergaulan, malah pernah kuring nyarita kajadian di ieu pangiuhan yen kantos ngalaman teu wani nyarios nganggo basa sunda, jeung US na ge teu nyangka deuih yen kuring teh ti sunda (bandung asli euy..) atuh kapayuna mah panginten kuring bakal jadi panonton bati olohok macaan nu paranjang, pastina moal wani comment saatos dipasihan terang ku mang jamal mah. dina pandangan abdi saatosna diwartosan ku mang jamal, komunkasi di ieu millis langkung mengarah kana formal discussion, kitu mang? moal wani nulis ah.., komo wantun2 ngirim attachement, moal, moaaal...
Tadina mah sugan wee atuh tina pondok teh ke mah jadi panjang. nyaa atuh ngiringan wae sakumaha nu diatur ku mamang kuncen nu ngagegeuh ieu pangiuhan... hayu urang dukung nu tos diinstruksikeun. Wassalam, IT - sugan we bisa bertahan jadi panonton..nya mun teu kuat-kuat teuing mah rek neangan pangiuhan lain we, keun wae huhujanan ge... ________________________________ From: helmi matari <[EMAIL PROTECTED]> To: [email protected] Sent: Thursday, November 20, 2008 11:00:39 PM Subject: Re: [Urang Sunda] (kuncen #3) ulah chating padahal mah keun wae atuh mang, rek nulis sakecap dua kecap ge, nu penting berpartisipasi hehehehe da tina sakecap dua kecap eta geuning kuring mah reuseup jeung bertahan muka milis ieu, asa boga dulur, bari jeung teu nyaho saha-sahana mah. lamun di japrikeun nu sakecap dua kecap eta asa teu paruguh mending digolontorkeun weh dimilis, jiga ceceletukan tea geuning. bener Mang ku ayana milis ieu kuring asa boga dulur, nuhun. salam, helmi matari suryanegara ________________________________ From: mj <[EMAIL PROTECTED] ac.id> To: [EMAIL PROTECTED] ups.com Sent: Thursday, November 20, 2008 5:26:36 PM Subject: [Urang Sunda] (kuncen #3) ulah chating Punten ka baraya kusnet, utamana kanu anyar gabung, milis mah sanes kanggo chating nu ngan sakecap dua kecap. Janten wayahna, mun teu purun nulis rada panjang, teu kudu ngawalonan. Wayahna oge mun surelek nu eusina sakecap dua kecap mah, nu ngan ukur ngawalonan alakadarna, dipupus ku kuncen. Oge kanu rajin ngirim attachment, ulah sering teuing. Karunya nu internetna dijatah, komo nu teu haratis siga di kantor sewang-sewangan Nuhun Mj Mangjamal.multiply. com

