Alah panuju pisan kang,

Meureun, nepika 20 taun kahareup mah urang teh tong loba teuing harepan ka 
pamarentah nu ayeuna. Da ceuk panalungtik widang pulitik mah ceunah pamarentah 
ayeuna teh masih keneh kaasup warisan jaman "orde baru" jadi sipat jeung 
kahayangana masih keneh sarua yaeta pamarentah pamarentah anu pinuh ku KKN. 

Pon ceunah lamun 20 taun kahareup "generasi orde baru" sigana geus beak, tah 
generasi nu anyar iyeu anu ceunah bakal mere harepan anu leuwih alus.  Da 
dipikir-pikir mah aya benerna eta ceuk panalungtik teh.

Kulantaran kitu, pamadekan kuring ayeuna, kuring mah sabisa-bisa ameh kuring 
teu loba teuing deukuet jeung pamarentah ayeuna. Nya ari saukur nyieun KTP SIM 
hungkul. Mayar pajak ku kuring dianggap "mayar preman" wae meh kuring teu 
diganggu. Pan ceunah ceuk beja, lamun geus mayar preman mah, si preman mowal 
ngaganggu.

cag ach,


Kabayan




--- On Thu, 11/20/08, Maman Gantra <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
From: Maman Gantra <[EMAIL PROTECTED]>
Subject: [Urang Sunda] Raja Jawa Hayang jadi Presiden
To: [email protected], [EMAIL PROTECTED], [EMAIL PROTECTED]
Date: Thursday, November 20, 2008, 10:41 PM










    
            Tadi peuting aya utusan Sultan Yogya ka imah. Lain nepungan kuring. 
Tapi, nepungan batur lian, nu geus jangjian jeung manehna. Duanana ngadon 
"rapat" di imah. Agendana: Prak-prakan naon bae nu kudu dilakonan sangkan 
Sultan bisa ditarima ku urang Sunda. Utamana, tangtu bae, mangsa Pemilu taun 
hareup.
 
Sanajan teu ngarasa boga kapentingan, alatan diskusina di hareupeun kuring, 
sautak-saeutik kuring oge jadi ngabandungan eta sawala. Malah, satengahing 
molototan komputer teh, sakapeung kuring sok milu ngomentaran. Siga nu heueuh.
 
Kuring sorangan, sanajan kumerot, keur aya dina posisi teu percaya kana 
calon-calon Presiden nu kiwari disebut-sebut. Kaasup Sultan ieu. Lain perkara 
Jawana. Tapi, kuring teu ningali hal istimewa dina dirina. Paling heunteu 
saheulaanan. (Ongkoh, kuring boga "pangalaman goreng" jeung manehna. Mangsa 
kuring jadi reporter di hiji majalah, jeung manehna salah sahiji komisaris di 
eta majalah). 
 
Anapon kitu, kuring hayang oge nyaho pamanggih nu lian ngeunaan ieu inohong. 
Hususna dina konteks pencalonan Presiden ieu. Naha kira-kirana pantes heunteu 
ieu Sultan jadi Presiden urang? Naha teu leuwih alus mun urang nunjuk urang 
Sudan atawa urang Argentina salaku Presiden? (Kitu mun bisa, jeung maranehna 
daraekeun). 
 

Maman Gantra
Jalan Salemba Tengah 51,
Jakarta 10440.
0812-940-5441


      
      

    
    
        
         
        
        








        


        
        


      

Kirim email ke