Baraya,..... Asa ras inget mangsa lawas..emut mangsa kuring pernah tolab elmu di wewengkon Wetan....pagiling gisik jeung uarang karaton...Kieu yeuh sugan jeung boa aya mangfaatna urang ngengklokan situasi nu rek jaga datang.
Urang Keraton (Menak/Priyayi) keur ukuran urang Wetan mgurupakaeun tugur sagala rupana....sanajan ceuk ukuran umum teu kabeh parigel, ngamenak jeung intelek..Tapi figur karaton mawa ajen nu luhur, matak teu munasabah lamun hiji menak boga kawasen, kakayaan jeung warisan tantungan jeung harta banda kaasup gelar sewang-sewangan nyandak galur turunanan. Keur ningkatkeun wewesen jeung pangaweruh, biasana maraneh na boga komunitas nu khusus, nyaeta guru nu khusus (kayaning guru agama, guru kanuragan, guru bidang kabatinan, guru bidang budaya, guru bidang sejena nu ilahar keur ningkatkeun pangaweruh). Matak kadangkala wewesen jeung pangaweruhna ampir rata. Alusna maranehna sok inget kana persatuan..matak mun hiji nanjeur, tinangtu ti sirah nepi ka suku Awake dewe sing duwe.... Komo deui pangkat Sultan, pasti boga pancen jeung darajat nu luhur (luhur pangaruh jeung pangaweruh), naon sabab : 1. Sultan figur Lalaki langit lalanang Jagat; 2. Wujud Pengakuan Jawa lewih ti Batur; 3. Reinkarnasi (?) ti Raja-raja heubeul nu ngarundaykeun Raja di Nusantara; 4. Sumanget nu jadi tujuan Hirup kumbuh; 5. Rasa aman boga raja weruhing jaman; 6. Raja = cipta, rasa jeung ragana nagara!!! Jadi ceuk pendapat jeung pamadegan sim kuring mah kieu baraya : 1. Urang teu kudu milu riweuh, ku situasi nu baris jaga dimana mayoritas wong wetan ditambahan Sultanna ku anjeun milu riweuh hayang kapilih; 2. Urang Sunda geura tatahar sabab ceuk kuring baris meunnag bagean minimalna jadi RI-2; 3. Urang Sunda kudu optimis ulah leutik hate, sabab Sunda mah bisa ditaima dimana wae, golongan mana wae, jeung bangsa naon wae...matak Urang Sunda sasaran empuk keur ngarojong propaganda golongan jrrd ......Waduhhhhhhhhhh...sueuer..keneh geuning hancaeun seratan teh....tapi bisi seunggah macana..peun wae..ke disambung deui..... Kuring reueus SUNDA midang.......... Baktosna, Pun Gunadi ________________________________ Dari: oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> Kepada: [email protected] Cc: [EMAIL PROTECTED]; [EMAIL PROTECTED] Terkirim: Jumat, 21 November, 2008 00:04:46 Topik: Re: [Urang Sunda] Raja Jawa Hayang jadi Presiden Na siga anu kaindit ku dangding bendo nya ieu warta "raja Jawa hayang jadi presiden" teh? heuheu. Duka teuing kang Maman, anu keur diteangan teh "prabu", ari anu mucunghul bet "raja". Nguping kecap "raja" anu sok ras kainget teh taya lian ti dongeng "Raja jeung Gedang". Eta geuning, dongeng sakalimah tea:"aya hiji raja, kabeukina gedang atah, komo nu asak mah". manar On Thu, Nov 20, 2008 at 10:41 PM, Maman Gantra <mamangantra2000@ yahoo.com> wrote: > Tadi peuting aya utusan Sultan Yogya ka imah. Lain nepungan kuring. Tapi, > nepungan batur lian, nu geus jangjian jeung manehna. Duanana ngadon "rapat" > di imah. Agendana: Prak-prakan naon bae nu kudu dilakonan sangkan Sultan > bisa ditarima ku urang Sunda. Utamana, tangtu bae, mangsa Pemilu taun > hareup. > > Sanajan teu ngarasa boga kapentingan, alatan diskusina di hareupeun kuring, > sautak-saeutik kuring oge jadi ngabandungan eta sawala. Malah, satengahing > molototan komputer teh, sakapeung kuring sok milu ngomentaran. Siga nu > heueuh. > > Kuring sorangan, sanajan kumerot, keur aya dina posisi teu percaya kana > calon-calon Presiden nu kiwari disebut-sebut. Kaasup Sultan ieu. Lain > perkara Jawana. Tapi, kuring teu ningali hal istimewa dina dirina. Paling > heunteu saheulaanan. (Ongkoh, kuring boga "pangalaman goreng" jeung manehna. > Mangsa kuring jadi reporter di hiji majalah, jeung manehna salah sahiji > komisaris di eta majalah). > > Anapon kitu, kuring hayang oge nyaho pamanggih nu lian ngeunaan ieu inohong. > Hususna dina konteks pencalonan Presiden ieu. Naha kira-kirana pantes > heunteu ieu Sultan jadi Presiden urang? Naha teu leuwih alus mun urang > nunjuk urang Sudan atawa urang Argentina salaku Presiden? (Kitu mun bisa, > jeung maranehna daraekeun).. > > Maman Gantra > Jalan Salemba Tengah 51, > Jakarta 10440. > 0812-940-5441 > ___________________________________________________________________________ Nama baru untuk Anda! Dapatkan nama yang selalu Anda inginkan di domain baru @ymail dan @rocketmail. Cepat sebelum diambil orang lain! http://mail.promotions.yahoo.com/newdomains/id/

