Kumargi ngaran sim kuring disabit-sabit ku kang Engkus, memang dina taun 2005
kantos naroskeun hal anu sami. Tapi dugi ka danget ieu asa teu acan kenging
waleran anu substansial. Upami teu lepat mah harita aya waleran, yen hal anu
substantif mah "tertutup" kedah langsung ka paguronna. Kukituna ngabandungan
deui padungdengan ayeuna, wacanana asa sami keneh. Ka sing saha wae anu
kagungan bahan ngeunaan ageman sunda pribados hoyong deskripsina. Contona, di
Jawa aya aliran Pangestu. Guru utamana Pak De Narto, anjeuna dipercanten
kenging wahyu, anu saterasna diserat janten kitab sasangka jati anu janten
acuan para anggota. Aya oge aturan-aturan Dasa Sila, hasta sila, trisila sjb.
Kangge ritual pribadi dilaksanakeun sadinten dua kali anu disebat panembahan,
anu kelompok disebat bawa raos saminggu sakali. Tapi upami maot mah upacarana
luyu sareng agama anu ilahar. Upami eces sapertos kieu pan raos. Mung hal-hal
anu kitu wungkul anu hoyong ditaroskeun teh. Soal ageman mah mangga teh teuing
masing-masing, sareng asa teu kedah dipadungdengkeun. Sakuring-sakuringna tea.
Paling henteu sapribadosan kenging pangaweruh - sapertos balatakna buku-buku
ngeunaan hal eta di tanah Jawi. Tabe pun.
Sent from my BlackBerry� smartphone from Sinyal Bagus XL, Nyambung Teruuusss...!
-----Original Message-----
From: Abbas Amin <[EMAIL PROTECTED]>
Date: Tue, 25 Nov 2008 14:49:41
To: kisunda<[EMAIL PROTECTED]>
Subject: [kisunda] Komentar kana seratan kang Ruswana ka kuring (Abbas Amin) Ka
I
Ngawitan ku Nyebat Jenengan Nu Murbawisesa sa Alam sadaya,
Mudah mudahan samudaya kasalametan kanggo urang sarerea,
Punten ka sadayana para saderek di ieu milis, sim kuring bade masihan komentar
ka na seratan kang Ruswana, mugi sadayana aya dina manah anu wening tur bersih,
kalebet sim kurng nu nuju nulis, mudah2an ditebihkeun ti na ujub ria, takabur
sareng
dir. Sim kuring oge ngarumaoskeun jalmi laip, nu seueur kaluluputan, sareng
kalepatan,
�tah ku margi sakitu, upami wae seratan sim kuring teh nyigeung atanapi
ngajaheutkeun manah para saderk sadayana, di dieu sim kuring neda agung cukup
lumur, hampurana
anu diseja. Mudah2 an wae waktos ieu sadayana nuju dipasihan ati nu bersih ti
Gusti
nu Ngawasa Sagalana. Mudah2an wae.
�
Tulisan sim kuring langsung ka na seratan Kang Ruswana, tapi moal sakali gus; da
panjang pisan, ku abdi bakal ditungtut we, hiji hiji; tah nu ieu komentar ti
sim kuring nu mimiti atawa kahijina.
�
Sampurasun kang Abbas Amin, simkuring teu tinggaleun ngabandungan padungdengan
ngeunaan Agama Sunda, tah kukituna hampura simkuring rek ulubiung milu mairan,
sok sanajan telat nya muga bae aya guna manfaatna paling henteu pikeun
lenyepaneun, sabab simkuring yakin pisan kang Abbas Amin oge kidulur nu lianna
masih keneh loba kapanasaran can aya nu langsung ngabejerbeaskeun naon nu jadi
inti pananyaan.
AA: Nuhun pisan ka na sugri kasaenana
Naon nu ditanyakeun ku kang Abbas Amin, memang sual biasa nu sering jadi
kapanasaran masarakat umum nu teu apal kana agama Sunda, malahan unggal
simkuring ngamimitian ngabuskeun barudak ka sakola, lantaran barudak teh make
identitas sebagai urang penghayat kepercayaan (agama Sunda jeung agama lokal
lianna tug nepi ka kiwari ku pamarentah dikatagorikeun sebagai penghayat
kepercayaan terhadap Tuhan YME), nya guru-guru di sakola sok naranyakeun hal nu
samodel kitu. Nya keur simkuring asa mobok manggih gorowong, asa oga kasempetan
pikeun ngabejerbeaskeun sabisa-bisa, itung-itung sosialisasi.
AA: Mangga lajengkeun
�
Naon nu ditanyakeun ku kang Abbas Amin sabenerna kungsi jadi padungdengan
simkuring jeung kang Ganjar dina kisunda bulan Pebruari-Maret 2005 dina
subject: �Nedunan panghiap Kang Ganjar perkara Agama Sunda�. Ari satadina mah
sugan bae kang Ganjar mere bongbolongan yen perkara ieu pernah
dipadungdengkeun, tapi nya mungkin geus poho. Tah ku kituna ieu pedaran teh teu
jauh jeung nu kungsi dipadungdengkeun sareng kang Ganjar, sabab nu
ditanyakeunana ku kang Abbas Amin sarua jeung pananya kang Ganjar taun 2005
tea.
AA: Alhamdulillah
�
Naon ari Agama Sunda?
Naha aya kitu Agama Sunda?? mun aya nu kumaha ?? kitu diantarana nu
dipadungdengkeun. Di dieu simkuring rek nandeskeun sok sanajan simkuring lain
ahli� sastra atawa sajarah, tapi hasil mukaan kamus yen ari kecap agama asalna
tina basa Sanskrit oge basa Kawi (mungkin bae sabenerna basa asli pituin
Sunda-Jawa), da simkuring kungsi nanyakeun ka agamawan urang India waktu
ngaluuhan ondangan Saresehan International terbatas ngeunaan �Religion minority
and belief� di Colombo Srilangka, nu oge hadir utusan ti India, Pakistan,
Srilangka, Nepal, Malaysia, Indonesia, Inggris. Ceuk eta utusan India cenah ari
religion dina basa Sanskrit mah disebutna�Dharma� , jadi Hindu Dharma teh
hartina Agama Hindu. Kitu oge waktu kungsi padungdengan jeung Sahid Agil Siraj
(ahli Fiqih ti� NU) jeung Mohamad Sobari, oge padungdeng jeung Nurcholis Madjid
dina raraga dialog terbatas di CSIS, oge netelakeun yen di Islam teu wanoh kana
kecap agama, nu aya mah kecap/istilah
�Nilah�, �Milah� �jeung �Dyin� nu hartina dina basa Indonesia mah
diterjemahkeun ngan sakecap bae jadi agama, sok sanajan antara nilah, milah
jeung din teh aya bedana. Oge maranehna percaya yen mungkin bae cenah di
Sunda/Jawa jeung suku nu lianna baheula kungsi turun nabi, da cenah Gusti teh
nurunkeun sakitu rebu nabi nu lamun diitung jumlah nu kacatet turun di timur
tengah masih keneh aya rebuan sesana nu mungkin bae sumebar di Nusantara.
AA: Muhun, leres kitu pisan, agama mah ngan saukur istilah tea kulan, mangga
lajengkeun
�
Tah ku katerangan eta beuki yakin simkuring yen eta kecap agama teh asli basa
nu urang, ku sabagian urang sunda mah sok oge disebut ageman. Tah lamun kitu
tangtu bae aya kecap/ngaran pasti aya nu dibere ngaran boh barang, boh laku
atawa sipat atawa naon bae pikeun nuduhkeun eta ngaran/kecap. Jadi teu payus
mun urang ngahartikeun eta kecap make basa deungeun, asa jauh teuing lamun
kecap agama dihartikeunana jadi tidak kacau (a=tidak; gama = kacau) duka tina
basa nanahaon dicokot eta harti, tapi nya keun bae da kabiasaan urang mah kitu
lamun aya nu tiheula ngucapkeun, nya sok loba nu tuturut munding ngiluan jeung
ngaenyakeun, bari jeung duka teuing enya henteuna mah nyahona teh. Ceuk
pamanggih simkuring kecap �agama� tina �Hagama� asal tina kecap h(a) = hana =
aya atawa nu Aya (Gusti), jeung gama = patokan/tata/ jalan menuju, (conto lain
dina jaman kaemasan Majapait disebut �Nagara Kartagama� nu hartina nagara nu
geus make patokan nu beres
pikeun karaharjaan rakyatna). Jadi hartina agama teh �Patokan ti nu Maha
Kawasa (Gusti) bisa oge �Jalan Menuju Tuhan�, apan hirup jeung kahuripan urang
estu patokan ti Gusti atuh sakuduna urang ulah ingkar tina patokanNa/kersaNa/
kudratNa ti nu Maha Kawasa. Lamun urang geus rumasa dikersakeun ku Nu Maha
Kawasa jadi manusa atuh ulah ingkar tina kamanusaan, lamun geus rumasa
dikersakeun jadi urang Sunda atuh ulah ingkar tina kasundaan, lamun rumasa
dikersakeun cukang lantaran dilahirkeun teh ku indung-bapa jeung luluhur Sunda
atuh ulah ingkar ti luluhur Sunda, ari ieu geuning teu saeutik nu
ngaugung-ugung luluhur batur nu teu hir walahir, ari luluhur sorangan
kaluli-luli dianggap euweuh ajenna, naha naon salah luluhur urang Sunda. Kitu
deui lamun rumasa dikersakeun ngabogaan lemah-cai Sunda anu sakitu nyatana
sari-patina geus ngawujud jadi wujud/salira ngalangkungan cai nu kaleueut,
kadaharan nu katuang, napas nu kaseuseup, hawa panas jeung panonpoe
nu kaserep, asa butek teu ngarti kuring mah lamun aya jalmi nu leuwih
ngamumule lemah-cai batur tinimbang lemahcaina sorangan, nganggap suci ka lemah
cai batur ari lemah cai sorangan teu dianggap suci, nepi ka teu lebar dijual
murah pikeun ngamumule lemah-cai batur (naha bisa kitu urang nyieun lemah cai,
apan sagala nu diciptakeun ku Nu Maha Suci tangtos Suci ayana), padahal
sakuduna mah diurus hade-hade, dipupusti saestuna jeung dipiara sanyatana, da
kawajiban manusa nurutkeun kersaNa pikeun ngurus dunya sabanda-sariksa-
sapariboga sangkan awak cageur, kalakuan bageur, kanyaho bener, pamilihna
pinter jeung boga budi-daya nu jujur nu tangtos mawa genah-merenah jeung
tumaninah nya salamet diri sakujur.
AA: komentar abdi di dieu sami sami , naon nu disbatken memang leres pisan
�