Agama teh biasana sapaket atawa jadi ciri ti ayana hiji kabudayaan. Cek
kuntjaraningrat tea mah, ciri kabudayaan nu aya tujuh tea, salah satujuhna,
sistim kepercayaan, nu cek basa umum, agama. Nu basa arabna, dien tea, ari
dien syamsudin mah ketua muhammadiyah, lain agama syamsudin, sanajan hartina
syamsudin, diantarana, agama panon-poe (syamsiah=panon poe, dien=agama) aya
duei qomarudin, nu ieu bulan agama, pan qomar=bulan dien=agama. ari
Saepudin? Agama pedang, sabab Saef= pedang, Abidin = abdina agama,
Jamaludin? Jamal=kaendahan, beda saalif jeung onta. haha.
Balik deui...
hartina, di unggal masyarakat, pasti baroga agama nu sipatna origin ageman
urang dinya. Nya meureun sanggeus kapangaruhan ti luar, kacampur-campur kunu
ti luar.
nu model animisme dinamisme, jeung sejena, nya eta oge bisa kasebut 'agama'
atawa sistem kapercayaan. kalolobana urang ayeuna ngukur hiji agama ku model
timur tengah, nya eta kudu aya pangeran, nabi jeung kitab. aya istilah
husus pikeun agama ti timur tengah, nyaeta agama samawi (langit) tea, da
diturunkeun ngaliwatan nabi, nu jelas pancakakina, ti nabi Adam SAW nepi ka
kanjeng nabi Muhammad SAW. agama timur tengah, yahudi, karesten jeung islam,
boga benang beureum.
ngeunaan agama sunda wiwitan, pikeun kenalana, aya buku beunang suwargina
Prof Edi S Ekadjati, Masyarakat Sunda, Sebuah Tinjauan Sejarah (1995).
didinya aya bab ngeunaan agama Sunda Wiwitan, nu make sumber ti Kanekes
(Baduy tea). bab eta ku sikuring ditiron pikeun ngawadul dina koran (Di muat
di rubrik Anjungan Kompas Jawa Barat, Sabtu 9 Juni 2007), harita jejerna
dina raraga ngabageakeun UUD 1945 nu diterjemahkeun ka basa Sunda. Aya nu
unik, nyaeta Ketuhanan Yang Maha Esa teu diterjamahkeun, ngan diganti
Ketuhanan jadi Katuhanan, sanajan terjemahan ieu can dianggap resmi, tapi da
geus jadi-dicitak jadi buku ku Mahkamah Konstitusi (MK).
------
Sejarah kata Tuhan sendiri konon berasal dari upaya menerjemahkan God dan
Lord dalam Injil ke dalam bahasa Indonesia di masa kolonial. Kata itu
aslinya Tuan, yang karena faktor dialek mendapat sisipan h. Sekarang kata
Tuan hanya dipakai pada bon toko dan kartu berobat.
Monoteis
Edi S Ekadjati dalam Kebudayaan Sunda: Suatu Pendekatan Sejarah (1995)
mengungkapkan tentang agama dan kepercayaan orang Kanekes yang disebut agama
Sunda Wiwitan atau Sunda Asli. Tuhan atau sistem kekuasaan tertinggi dalam
agama Sunda Wiwitan berada pada Tuhan yang disebut dengan sifatnya, Sang
Hyang Keresa (Tuhan Yang Maha Kuasa), Nu Ngersakeun (Tuhan Yang Maha
Berkehendak), Batara Jagat (Penguasa Alam), Batara Seda Niskala (Yang Gaib)
dan Batara Tunggal.
Sebutan untuk Tuhan yang senada dengan Tuhan Yang Maha Esa hanya
Batara Tunggal. Yang terakhir ini, meskipun bermakna esa, tentu sulit
diterima dan tidak cukup memadai sebagai versi Sunda sekarang untuk Tuhan
Yang Maha Esa karena sebagian besar orang Sunda menganut Islam.
Tuhan didekati orang Sunda tidak dengan bilangan, tetapi dengan
sifat-sifat seperti Nu Welas Asih (Yang Maha Pengasih dan Penyayang), sedang
sisi kekuasaan terungkap dalam Nu Maha Kawasa (Yang Maha Kuasa), Nu Murbeng
Alam (Yang Menguasai Alam). Bahwa Tuhan itu Maha Esa, satu atau tunggal,
dalam pandangan religiusitas orang Sunda tampaknya sudah merupakan sifat
built-in atau nature (fitrah) Tuhan hingga tidak lagi menjadi urusan
penyebutan.
Monoteisme sudah merupakan landaran beragama orang Sunda sejak
dahulu kala ketika karuhun orang Sunda menganut agama Sunda Wiwitan atau
agama Sunda Asli. Semua dewa dalam konsep agama Hindu (Brahma, Wisnu, Syiwa,
Indra, Yama dan lain-lain) tunduk kepada Batara Seda Niskala (Edi S
Ekadjati, 1999:73). Konsep dewa dari India disesuaikan dengan sistem
kepercayaan lokal yang monoteis. Akar monoteisme itu sering dijadikan
alasan logis bila orang mempertanyakan proses masuknya Islam ke Tatar Sunda
yang relatif mudah. Dari sembilan wali yang menyebarkan agama Islam di pulau
Jawa, wilayah Tatar Sunda dahulu hanya perlu satu, yaitu Sunan Gunung Jati.
Meskipun bernada gurauan, kenyataan ini menunjukkan bahwa bagi orang Sunda,
hal pokok konsep ketuhanan adalah monoteis.
-----
unikna eta ASW, sanajan geus kapangurahan agama van India, dewa-dewa nu
dianggap pangluhurna di Hindu, wayahna kudu turun sahambalan, sabab keukeuh
we nu pangluhurna mah Batara Seda Niskala, jeung landihan sejena, nu ngan
hiji, da monoteistik tea.
nu rada leuwih eces, rinci ngeunaan Baduy, utamana nu disebut agama Sunda
Wiwitan, aya dina buku Sursa, Baduy tahun 1950, sebuah catatan perjalanan,
nu draftna diketik ulang ku balad kang Roza R Mintaredja, geus dibukukeun ku
Kelompok Bungawari-lembaga mitra. nya meureun bisa oge ditoong tina
desertasi karya Prof. Yudistria K Garna ti Unpad, Tilu Tangtu Tujuh Jaro
asana, pastina aya urusan agama sunda wiwitan khususnya versi urang kanekes.
lebaran urang Kanekes, Kawalu ngarana. "mekkah'na urang kenekes, Sasaka
atawa Arca Domas tea di salah salima gunung kiduleun desa Kanekes, jsb.
terus di Pusat Studi Sunda, manggih buku, desertasi ti UIN (atawa IAIN)
sunan gunungdjati, ngeunaan kebatinan Aliran Kebatinan Perjalanan (AKP) Mei
Kartawinata. he love saha nu nulisna. eta oge sigana asup kana sarupaning
agama. can kabaca gemet, da kamari teh bari ngobrol jeung kang hawe.
filsafat Sunda pangluhurna, cek Jakob Sumardjo, aya dina bait carita pantun
Panggung Karaton-beunang ngarekam Ajip Rosidi, kira-kira...
Teras kangkung galeuh bitung
tapak meri dina leuwi
tapak angsa dina bantaran
tapak sireum dina batu
sisir serit tanduk ucing
sisir badag tanduk kuda
inten sagede baliho
asana konsep 'emptiness' & 'nothingness' ieu sarimbang jeung nu aya di
ajaran Tao atawa Zen. tao jeung Zen bisa oge kasebut sistem kapercayaan, mun
teu kaci asup agama. cek implengan si kuring, eta oge asup kana sistem agama
sunda wiwitan.
Kosmologi
salah salima cara noong agama hiji masyarakat tangtu Kosmologina. cenah di
Sunda tradisional mah, apan dunya teh di bagi tilu alam tea:
buana nyungcung, tempat sabangsaning dewa (atawa konsep sunda mah, hyang,
pohaci, guriang, jst)
buana panca tengah, tempat manusa
buana larang, tempat nu geus maot
cenah konsep ieu diaplikasikeun kana model imah panggung cara di kampung2
desa kanekes baduy, kampung naga tasik, jsb.
tangtu konsep ieu teu aya di islam atawa di Arab. bisa oge ku cara noong
sasakala alam dijieun. unggal masyarakat boga caritana masing-masing, nu
patali atawa biasana bagean ti sistim kapercayaanana. cara di agama yunani
baheula, nu raja dewana zeus tea, jeung sajabana.
--
wadul ieu teu ngajawab soal agama Sunda wiwitan, tapi sahenteuna geus mere
judul buku bacaeun. heuheu