"Jay…."
"Hmmm…"
"Hujan teh tiap poe ayeuna mah nya ? sok inggis mun rek 
 indit-inditan teh…"
"Nya tong indit-inditan atuh"
"Mun aya kaperluan kumaha ?"
"Ah, nya kumaha maneh we, naha bet uing kudu mimilu pusing ?" 
"Ih, apan uing mah keur cacarita !"
"Nya terus kumaha ? inggis kunaon kitu ? pira ge cai hujan mah"
"Enya kana kituna mah, ngan mun hujan bari aya angin teh sok palaur"
"Bisi ka anginkeun ?"
"Lain ! teu apal maneh ayeuna usum angin puting beliung ?"
"Owh kitu ? geuning aya usumna nu kitu ge nya ?"
"Ceuk beja mah, eta angin puting beliung  garis lintasanana ti 
 Jakarta nepi ka Depok. Matakna mun hujan, ati-ati ! tong ngiuhan 
 dina handapeun tatangkalan. Bisi meneran aya angin puting beliung 
 liwat tuluy tatangkalan kababad"
"Naha kitu ?
"Tatangkalan gede bae bisa nepi karabut jeung akar-akarna, 
 matakna kahade !"
"Eta angin teh nepi ka kitu rosa-na ?"
"Enya…." 
"Owh kitu ?"
"Enya !"
"Ah, maenya ?"
"Enya ih ! teu nempo dina tipi loba kajadian jiga kitu ?"
"Angin puting beliung nya ?"
"Enya…"
"Padahal kakarek putingna wungkul nya… komo mun angin beliungna atuh 
 nya ? meuereun leuwih rosa"
"Euweuh, Angin beliung mah !"
"Jadi putingna wungkul ?"
"Enya…puting beliung.."
"Enya, ceuk uing ge puting.."
"Ih ari maneh, naha bet nyaritakeun puting atuh ?"
"Saha ?"
"Puguh maneh !"
"Yeee apan mimitina maneh, da uing mah nanya. Nanya soteh meh jelas, 
 meh puguh"
"Trus, ayeuna geus jelas acan ?"
"Acan…"
"Heueuh da belegug maneh mah.."
"Saha ? maneh ?"
"Lain ! Sia !"
"Owh Sia..sugan teh saha.."
"Meugeus ah, angger wae gelo teh sok diantep. Ubaran kadituh !
"Hi hi…"


-Jay-

Kirim email ke