Assalamu'alaikum Wr.Wb.

Kadang wargi sadaya, sim kuring seja tumaros :
1. Lamun urang seja nulis buku panduan/ /manual book  /ngeunaan teknis 
tatanen jeung miara ingon-ingon alusna make basa sunda (dibarung ku 
alesan) :
a. lemes
b.kasar
c.loma

2.Kumargi sasaran buku panduan iyeu patani/ cacah kuricakan saena 
(dibarung ku alesan) ;
a. basana ringkes tur basajan dibarung ku gambar prak-prakan anu eunteup 
seureuh (basa ilmiah/ asing tong dipidangkeun)
b. basana ringkes tur basajan dibarung ku gambar prak-prakan anu eunteup 
seureuh (tapi basa ilmiah/ asing dipidangkeun)
c. basana ringkes tur basajan teu kudu make gambar

3. numutkeun para wargi, lamu aya basa deungeun anu tos loma/ dipake ku 
urang tapi  aya basa sarua (padanan kata) dina basa sunda alusnana 
(dibarung ku alesan) ;
a. make basa deungeun langsung
b. make basa sunda dibarengan dina kurung ku basa deungeun anu geus loma
c. make basa sunda wungkul

4. Dina buku engke aya ngeunaan ukuran ukuran alusna (dibarung ku alesan):
a. ditulis geus baku - saluyu aturan nasional/ internasional
b. ditulis ku satuan nu geus dipikawanoh ku (tumbak, bata, jeungkal, jrrd)
c. ditulis ku satuan nu geus dipikawanoh ku (tumbak, bata, jeungkal, 
jrrd) dibarung ku satuan nu geus baku - saluyu aturan nasional/ 
internasional

Hatur nuhun kana perhatosan nana,
diantos pisan waleran nana ti wargi sadaya.
Hatur nuhun,

Ikmal

Kirim email ke