Waleran abdi:
1. c. sakumaha nu ilahar dina média cetak.
2. b. basa deungeun pami diperyogikeun baé.
3. c. pami nyerat basa deungeun, hurupna didéngdékkeun bari diserat
papasanganana dina basa Sunda dikurungan.
4. c. bari dipidangkeun oge tabel konvérsi kana SI, contona: 1 bata  = ....
m2, 1 tumbak = ... m jsb.

Salam,
Dian.

2008/11/27 ikmal <[EMAIL PROTECTED]>
Assalamu'alaikum Wr.Wb.

Kadang wargi sadaya, sim kuring seja tumaros :
1. Lamun urang seja nulis buku panduan/ /manual book /ngeunaan teknis
tatanen jeung miara ingon-ingon alusna make basa sunda (dibarung ku
alesan) :
a. lemes
b.kasar
c.loma

2.Kumargi sasaran buku panduan iyeu patani/ cacah kuricakan saena
(dibarung ku alesan) ;
a. basana ringkes tur basajan dibarung ku gambar prak-prakan anu eunteup
seureuh (basa ilmiah/ asing tong dipidangkeun)
b. basana ringkes tur basajan dibarung ku gambar prak-prakan anu eunteup
seureuh (tapi basa ilmiah/ asing dipidangkeun)
c. basana ringkes tur basajan teu kudu make gambar

3. numutkeun para wargi, lamu aya basa deungeun anu tos loma/ dipake ku
urang tapi aya basa sarua (padanan kata) dina basa sunda alusnana
(dibarung ku alesan) ;
a. make basa deungeun langsung
b. make basa sunda dibarengan dina kurung ku basa deungeun anu geus loma
c. make basa sunda wungkul

4. Dina buku engke aya ngeunaan ukuran ukuran alusna (dibarung ku alesan):
a. ditulis geus baku - saluyu aturan nasional/ internasional
b. ditulis ku satuan nu geus dipikawanoh ku (tumbak, bata, jeungkal, jrrd)
c. ditulis ku satuan nu geus dipikawanoh ku (tumbak, bata, jeungkal,
jrrd) dibarung ku satuan nu geus baku - saluyu aturan nasional/
internasional

Hatur nuhun kana perhatosan nana,
diantos pisan waleran nana ti wargi sadaya.
Hatur nuhun,

Ikmal

Kirim email ke