Detak dot com (01/12/2008)
 
KALANGKANG KABINET
(Maksudna mah Kabinet Bayangan)
 
Bocoran ti salah sahiji koran paling sohor di nagara Amir Washington Post, aya 
hiji ngaran anu rada dikandelan ti sakieu urang anu bakal dijadikeun jalma 
penting di sakuriling OBAMA the President. 
 
Who is he ?
Di tingali dinu ngaran mah teu aya nu salah dina eta ngaran, asli ngaran produk 
Amrik ‘ Joe ‘. Duka masih keneh aya hubungan getih jeung RONALD REAGEN atawa 
henteu namah taya nu apal, iyeu ge di tungtungna aya ngaran RAGAN. Tapi ngaran 
hareupna anu matak rada aneh cenah ceuk eta wartawan Washingto Post the, nyaeta 
ABAH. Mun dihijikeun mah eta ngaran teh jadi ABAH ‘JOE’ RAGAN. Enya weh gening 
da eta ngaran teh asli produk US (Urang Sunda) lain USA. Atuh jabatan nu rek 
diberekeun ka anjeuna teh asa pas pisan nyate jadi UTUSAN KHUSUS HUBUNGAN 
BILATERAL USA  jeng US (Urang Sunda).
 
Bagja pisan euy kumna wargi KUS-NET (mun enya teh tulisan iyeu bener) sabab 
salah sahiji wargana aya nu rek bakal diangkat jadi jalma penting di Amrik, 
jigana mah sabab musababna bapa terena MUBAROK OBAMA teh pernah kursus basa 
sunda ka Abah Joe basa cicing di Menteng. Nya pesen ka anakna memeh maot “ 
Jang, mun hidep jadi jalma nu boga jabatan penting, ulah poho amanat Daddy : 
Angkat Abah Joe sinah jadi urang penting nu aya hubungan jeng tanah kalahirana 
di sunda, ambeh ngetop suku SUNDA di tempat hidop cicing !!! ….. “.
 
Wassalam
Denk’s    


      Environmental concern?

Kirim email ke