Nu Nelpon      : Hallo…
Abah                : Hallo oge 
Nu Nelpon      : Bisa ngomong jeung Abah ? 
Abah                : Enya kuring, Abah
Nu Nelpon      : Kedap bah, aya nu rek ngomong …..
(teu lila aya sora lalaki ngaganti nu nelpon tihela)
Nu Nelpon      : Bah, sadia teu mun dipenta tulung?
Abah                : Abah mah sadia wae, ngan iyeu saha nya. Asa can apal euy?
Nu Nelpon      : Kuring MUBAROK, nu kamari jadi berita kamana-mana
                          Jigana di KUSNET ge rame …..
Abah                : Oh Mubarok …. Nu urang Bojong Kenyot tea ?
Nu Nelpon      : Lain bah, Mubarok … mun di sunda mah, kulantaran geus jadi 
jalma ngetop nya make ngaran asli atuh “ BARACK “ OBAMA
Abah                : Oh OBAMA tukang presiden USA tea. Aya perlu naon nya 
Mister ?
Nu Nelpon      : Abah pan geus lila cicing di Amrik, daek teu jadi utusan 
khusus. Beh antara USA jeung US teh salilana repeh ragem … teu ribut wae jiga 
jaman CECEP GORBACHEV baheula ….
Abah                : Ke … ke… Abah nu di maksud teh bener ka kuring
Nu Nelpon      : Piraku salah …. Abah teh Bah ‘Joe’ Ragan tea lain, anu ceuk MJ 
mah anggota pangsepuhna di KUSNET tur geus lila cicing di NY City .
Abah                : I’m sorry Mr Presiden, You’re  WRONG…. Kuring mah Abah na 
si Kabayan, lain Abah Joe , tur netepna ge di NG (Nanggewer) City . 
Nu Nelpon      : What  ??????
 
Salam sono ka Abah Joe (duka masih aya + aktif keneh teu) ma’lum simkuring lila 
teuing tapa na jadi teu apal ka salira Abah ayeuna…
 
 
Ti Kuring :
Denk’s


      
___________________________________________________________________________
Yahoo! sekarang memiliki alamat Email baru.
Dapatkan nama yang selalu Anda inginkan di domain baru @ymail dan @rocketmail. 
Cepat sebelum diambil orang lain!
http://mail.promotions.yahoo.com/newdomains/id/

Kirim email ke